Minggu, 11 Oktober 2015
Istiqomah Dina Pagawean Anu Dipikacinta Ku Alloh
Tina sapalih tanda diri, aya dina tempat anu ditetepkeun ku Alloh, tegesna lain tina tempat anu salah ceuk Alloh nyaeta dimana-mana urusan dina ibadah (agama), kasalametkeun oge dina urusan kahirupan (dunya) kabiayaan.
Anu kabeneran hirup seperti tadi, tong salah sangka yen anu keur dipigawe teh salah, balikta lakukeun eta pagawean kalawan saestuna tur jadikeun pikeun ladang amal ka Alloh SWT.
Teu kanyahoan anu dilakukeun ku urang kiwari, jauh tina cita-cita anu baheula, kunaon aya di kaler padahal leumpang teh nyukcruk ka kidul? Cita-cita anu kapungkur teu kalaksanakeun, kapungkur anu dicita-citakeun jadi ajengan, naha jadi tukang gorengan? Situasi keur kieu dimodifikasi (dipake kesempatan) ku syetan ku ngarahkeunna syetan ku ilustrasi bahwa yen ieu teh anu keur karandapan lain anu sanyatanya (sementara). Sahingga teu aya kasungguhan dina ngalakukeun anu keur karandapan, nu jadi tukang dagang teu sungguh-sungguh dina dagangna. Padahal dina buktina rangkaian anu keur karandapan lain anu sementara, tapi ieu anu karandapan anu ngudukeun ka urang supaya sungguh-sungguh.
Lamun rek dipariksa darah maka kudu aya alat paragi tensina, jang naon? Supaya boga kapastian yen ieu puyeng teh tina panyakit maag atawa darah tinggi, atawa budak panas, kudu aya termometer (alat paranti ngukurna), sabaraha derajat panasna?
Supaya kaluar tina kawaswasan anu eta kawaswasan dibangun ku syetan didedetkeun kana pikir jeung rasa urang supaya urang hirup teu puguh juntrung jauh tina kakuduan ceuk Alloh. Maka mushonnif kitab masihan barometer ka urang, keur naon? Supaya apal anu keur dipigawe ku diri eta bener tawa teu ceuk Alloh? Da aya bener aya siga bener, lamun siga pisan eta artina lain pisan, jiga monyet, artina eta anu disarupakeun lain monyet.
Dina masalah ieu ulama ahli sufi masihan barometer keur nganyahokeun urang ayeuna, naha aya dina kahirupan anu bener, atawa aya dina anu salah? Cirina urang geus bener menepati aturan ti Alloh nyaeta ; Dimana-mana Alloh nempatkeun dina hiji pagawean tapi eta pagawean teh salamet agamana jeung salamet darigamana, lamun salamet eta anu dua (agama & darigama), maka eta anu alus mungguh Alloh. Min iqoomatillahi hirup anjeun kituna teh ditempatkeun ku Alloh. Anu jadi Kiai ulah hayang jadi tukang dagang, anu jadi tukang dagang ulah hayang jadi PNS, anu jadi PNS ulah hayang jadi wiraswasta, anu jadi tukang bajigur ulah aya bahasa "sementara we jadi tukang bajigur sambil nungguan panggilan gawe.
Mudah-mudahan urang bisa syukuran kana naon perkara anu dibikeun ku Alloh, Amiin ya Robbal Alamin.
Nyukuran Ni'mat Ti Alloh
Nara Sumber : KH. Abdul Aziz Affandy
Sikap manusa kana ni'mat anu ditarima ku dirina :
1. Anu bisa ngalap manfa’at tina eta ni’mat
2. Teu bisa ngalap manfa’at bahkan dirina kabawa ku fitnah ni’mat
Bisa atawa teu bisa ngalap kamanfa’atan, syareatna kumaha pembuktian dirina dina ngupayakeunnana, saperti moal bisa ngalap manfa’at mun teu apal timana eta ni’mat, moal apal timana hakekat eta ni’mat lamun can bisa pisah jeung salian nu mere ni’mat.
Langkah awal pikeun bisa ngalap manfaat tina ni’mat, sing bisa ngabuktikeun hiji waktu pikeun sagala anu aya di diri wungkul pikeun mayun ka Alloh.
PENJELASAN :
Dimana Alloh nepikeun ni’mat ka manusa boh dunya atawa diniyyah. Conto ni’mat dunya saperti awak sehat, kasab lancar, kulawarga sejahtera, hutang lunas. Conto ni’mat diniyyah saperti ibadah ngarasa betah, karasa ni’matna tho’at.
Jalma anu bisa nampa eta ni’mat kabagi dua bagian :
1. Cerdas pikiran
2. Cerdas kajiwaan
Sabab aya anu cerdas pikirannana tapi bodo kajiwaannana, jalma anu cerdas pikiran mah dimana-mana aya nu mere ni’mat pasti bakal berfikir kudu mulang tarima ka nu mere eta ni’mat. Jalma anu cerdas kajiwaan mah lamun aya nu mere ni’mat bakal prak migawe mulang tarima (syukuran) ka nu mere eta ni’mat, Ilustrasina caangna ruangan ku pedah dibuka jandelana tapi hakekatna lain ku pedah dibuka jandelana balikta ku sabab ayana cahaya panon poe. Pang bodo-bodona jalma anu pola pikirna netepkeun caang dina ruangan ku pedah jandelana muka, ngeuweuhkeun cacaang cahaya panon poe, nyakitu deui pang bodo-bodona jalma anu diwowoy ku Alloh ku rupa-rupa ni’mat tuluy manehna teu ngarasaeun sabab Alloh can pernah nyabut kana eta kani’matan, conto dibere sehat huntu tapi teu ngarasa boga huntu sehat sabab Alloh can pernah mere ngasaan nyeri huntu nepika manehna poho ka Alloh anu mere huntu sehat.
Supaya urang bisa ngarasa ngeunahna eta ni’mat, urang kudu bisa Ihtisabunnafsi anu buahna urang bakal tiasa manggihkeun hakekat saha anu mere ni’mat.
Mudah-mudahan urang dijadikeun ku Alloh jadi jalma anu cerdas pikiran tur cerdas kajiwaan. Aamiin.
RINGKESAN :

Langganan:
Postingan (Atom)
KHUTBAH JUM'AH
Ijazah Doa Hadratussyaikh KH. Hasyim Asy’ari untuk Kemajuan NU
Sebagai organisasi yang didirikan oleh para ulama, keberadaan Nahdlatul Ulama (NU) memiliki peran penting dalam menjaga tradisi Islam Ahluss...
-
Syair-syair dalam Kitab Ta'lim Muta'allim & Terjemah Kitab Ta'lim Muta'allim yang banyak dipelajari di pesantren mengu...
-
Maqolah 23 "Perbuatan seseorang dalam melakukan ketaatan itu menunjukkan adanya makrifat (dalam dirinya), sebagaimana gerakan badan ...
-
Kitab Nashoihul 'Ibad Maqalah 42-43 Maqolah 42 Bagian Kedua: Perkara Perkara yang Menggembirakan Atsar Abu Bakar ra. Dan ketika Rasul...