UMUR NU BAROKAH
مَنْ كَانَ يَوْمُهُ خَيْرًامِنْ اَمْسِهِ فَهُوَ رَابِحٌ
"Saha jalma anu ka-ayaan dina poe ieu leuwih alus tibatan poe kamari eta jalma untung"
Ieu kata mutiara anu tos masyhur, perlu dilenyepan, sabab saluyu sareng kasauran Kangjeng Rosul, yen moal datang hiji poe kajaba saba'dana leuwih goreng
لاَيأْتِى يَوْمٌ اَوْ زَمَانٌ الاَّالّذِى بَعْدَهُ شَرٌّ مِنْهُ
"Moal datang ka maraneh kabeh hiji hiji zaman kajaba saba'dana leuwih goreng"
mungkin pedah zaman geus tomper tereh qiyamah, maka beuki dieu beuki goreng, beuki amburadul. kamaksiatan dimana-mana, teu dikampung teu dikota, malah geus wani kapipir imah ajengan.
mabok, judi, maling, zina jeung sabangsana. maka zaman nu ayeuna keur karandapan kudu ati-ati ngagunakeunana, kudu leuwih alus ti batan kamari, ulah leuwih goreng.
lamun kalakuan nu kamari dianggap goreng, poe ayeuna ulah dilakonan deui. lamun amal ibadah nu kamari loba gagabah, poe ieu kudu leuwih alus, leuwih, gagah dina istiqomah.ulah kalahka beuki dieu beuki kedul, maksiyat beuki maceuh, doraka dikeureuyeuh.Naudzubillah.
komo lamun rek amal ngadagoan poe isuk, rek amal ngadagoan kolot, rek amal ngadagoan salse. da boga rasa rek panjang umur, asa lila keneh kana maot. boro-boro nambahan, nganggerkeun hayang berjama'ah unggal waktu bae ge hese, nganggeurkeun ngaji mingguan jeung bulanan ge beurat.
kuduna mah umur nu sakeudeung teh bisa manfaat jang sararea, lain keur pribadi wungkul, tapi sakabeh umat ngamanfaatkeun umur urang. boga jasa jeung karya nu awet dikenang salawasna, boh boga tulisan ilmu nu bisa dijadikeun tungtunan saperti ulama kapungkur, boh lembaga atawa karir nu manfaat, atawa akhlaq jeung budi pekerti anu hade.
Jalma anu amalna ngadagoan kana boga kesempetan jeung ngadago kolot, moal beubeunangan saeutik-eutik acan, turta nandakeun lemahna kaimanan. maka bakal ngakibatkeun :
1. Wani ngalakukeun dosa, sabab ancaman Allah ghoib, teu katingali, sedeng hatena nempo kaayaan ayeuna.
2. Wani ngengke-ngengke amal, sabab asa rek hirup panjang umur.
3. Teu bisa ngontrol akhlaq jeung kalakuan, hingga jongjon dina kagorengan.
4. Pasti pilihanana kahirupan dunya jeung mopohokeun kahirupan akherat.
Padahal anu disebut waktu terus maju teu meunang eureun masing sadetik, jeung tiap menit teu bisa balik deui. sakumaha dangding Syeikhuna :
"Anu tadi rikat indit, nu tiheula cepat mangkat, nu can datang masih suwung, nu puguh mah nu ayeuna.
"Nu ayeuna teu ngajeten, teu ari ku balas punten, permios teras amitan, teu kenging engke antosan.
"Pamit pikeun salawasna, tepang deui mah muhalna,ringkid cacandakanana, nyandak catetan amalna.
"isukan dilembur kuring, catetan bakal katembong, anu hade jeung nu goreng, catetan taya nu lowong.
"margi kitu ati-ati, awas anjeun sing taliti, kade poho dina ati, pake madep ka yang widi.
Malaikat tukang nyatet amal, moal galideur moal poho, moal malaweung, tara nundutan, tara capeeun, sakabeh kalakuan hamba moal leupas tina guratan pena kiromal katibin.
Kangjeng Rosul masihan pepeling, yen manusa moal ngora salawasna, moal pamuda salawasna, tapi bakal kolot, bakal pikun, maka kudu mangpang meungpeung kudu ngalap kauntungan ku kaayaan nu ayeuna. mengpeung sehat, da geus kasorang kasakit mah boro-boro hayang amal, ngarasakeun kasakit ge beak pikir. meungpeung sugih, bisa dahar bisa make, bisi kaburu teu bisa dahar-dahar acan, teu boga pakean-pakean acan. meungpeung salse memeh boga kasibukan nu teu bisa ditinggalkeun. komo deui meungpeung hirup memeh maot, da ari geus maot mah moal bisa ngalakukeun amal nanaon, kahanjakalan jeung kasedih nu bakal kasorang, hanjakal teu loba amal, hanjakal teu ngagunakeun waktu nu sampurna, hanjakal teu kungsi getol puasa, hanjakal sholat sunnat loba nu kaliwat, hanjakal loba dosa jeung mindeng mashiyat, teu ngagugu kana papatah jeung mauidzoh.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar