Tempat Alloh ngabuktikeun parentah jeung larangan eta dina waktu anu bukti. Anapon waktu anu teu bukti (anu geus kaliwat) parentah jeung larangana oge geus kaliwat. Anu can karandapan, parentah jeung laranganana oge can datang.
Syetan ngagendang ka
urang supaya teu ngalaksanakeun parentah anu aya dina waktu keur
karandapan. Ku cara sok nembongkeun waktu anu can karandapan atawa anu
geus kaliwat. Kusabab kitu, ulah kagendang ku syetan, perhatikeun waktu
anu keur karandapan.
Penjelasan
Ta’aluq sifat qudrot bukti Alloh anu kawasa. Memeh Manusa jeung alam diciptakeun, Alloh parantos ngadamel catatan dina loh mahfudz naon nu rek diayakeun, naon nu rek diewehkeun, nu kumaha bentukna, sabaraha lilana eta teh geus ditulis di loh mahfudz.
كُلٌّ فِىْ كِتَابٍ مُبِيْنٌ
“Sadayana tos jelas dina catatan lauhil mahfudz”.(Q.S. Hud:6)Ta’aluq tanjizi hadist teh salah sahiji bukti tina eta catatan. Deretan saha anu dilahirkeun jeung saha anu maot, saha anu nasibna hade jeung goreng eta teh geus dituliskeun. Dihim pinasti anyar pinanggih eta teh praktekna ditilik tina rangkean waktu. Jadi waktu teh hakekatna mah tempat ebrehna parentah jeung larangan. Dimana ayana parentah jeung larangan pasti dibarengan nempel dina fakta anu dibikeun ka satiap pribadina manusa.
أَفَحَسِبْتُمْ أَنَّمَا خَلَقْنَاكُمْ عَبَثًا وَأَنَّكُمْ إِلَيْنَا لَا تُرْجَعُون سورة المؤمنون 155
رَبَّنَا مَا خَلَقْتَ هَذا بَاطِلاً سُبْحَانَكَ فَقِنَا عَذَابَ النَّارِ 191 سورة آلعمران
Maka
satiap waktu anu aya, pasti turun fakta kanyataan hirup ka diri. Dina
fakta kanyataan hirupna diri, didinya aya parentah jeung larangan nu
kudu langsung direspon. Responsif (teu acuh) kana eta kajadian bakal
ngajadi amal.
الَّذِي خَلَقَ الْمَوْتَ وَالْحَيَاةَ لِيَبْلُوَكُمْ أَيُّكُمْ أَحْسَنُ عَمَلًا ۚ وَهُوَ الْعَزِيزُ الْغَفُور 185 سورة آلعمران
Potongan
surat al-Imran ayat 185 kaasup kana responsif pribadi urang terkait
parentah jeung larangan ditilikk fakta hirup. Tangtu:
فَمَنْ يَعْمَلْ مِثْقَالَ ذَرَّةٍ خَيْرًا يَرَهُ . وَمَنْ يَعْمَلْ مِثْقَالَ ذَرَّةٍ شَرًّا يَرَهُ
“Hade ngarespona bakal ebreh ,goreng respon urang oge bakal ebreh.“ (Q.S. al-Zalzalah:7 & 8)Anu jadi masalah teh dina waktu. Waktu anu bisa diproduksi ku urang sahingga ngajadi bahan produk unggul teh dina nalika waktu anu keur karandapan atawa waktu anu ker jalan diharepen urang.
Lain waktu anu henteu keur bareng jeung urang. Mana waktu anu henteu keur bareng jeung urang ? Kamari, eta waktu teu bareng jeung urang. Atanapi isukan anu can datang oge can nempel jeung urang. Waktu anu nyata waktu anu karandapan mah waktu ayeuna, waktu anu keur babarengan jeung urang.
الَّذِي يُوَسْوِسُ فِي صُدُورِ النَّاسِ
Eta
teh teori syetan supaya manusa hirupna teu produktif versi allah,
kahirupanana teu unggul mungguh allah, tung-tungna rugi jang dirina.
وَالْعَصْرِ (١) إِنَّ الإنْسَانَ لَفِي خُسْرٍ (٢)
“Manusa bakal cilaka kusabab waktu. Balukarna bakal jadi manusa anu rugi”. (Q.S. al-Ashr:1 & 2)
إِلا الَّذِينَ آمَنُوا وَعَمِلُوا الصَّالِحَاتِ وَتَوَاصَوْا بِالْحَقِّ وَتَوَاصَوْا بِالصَّبْرِ ٣
“tapi waktu bisa mere kauntungan piken manusa anu iman lamun ngarespon kana parentah jeung larangan anu aya dina fakta hirup”. (Q.S. al-Ashr:3)Ari fakta hirup mah teu loba, ngan aya 2:
1. Akur jeung kahayang, akur jeung harepan.
2. Teu akur jeung kahayang.
Lamun lain pekara anu akur, lain anu dicita-cita pasti eta perkara teh anu teu dipikaharep ku urang. Lamun lain nasib anu dipikaresep pasti nasib anu teu dipikaharep. Jadi resep jeung teu resep, bungah jeung teu bungah, gundah jeung gelisah eta mah perkara anu mangrupakeun kode. Ngodean naon? ngodean cara ngarespon. Lamun bungah, respona syukur. Lamun susah respona sobar. Lamun untung, respon anu jadi amal bawaeun balik teh ku syukurna. Lamun rugi, anu jang bawaeun amal teh ku sabarna. Lamun gering, nu jadi bawaaeun balik teh sobarna. Lamun cager, syukuranana anu bakal jadi bawaeun balik ka akheratna.
Lamun dibere sedih nuturkeun kasedih berarti teu jadi amalan jeung teu ngajadi dangdanan ka akherat. Atawa dibere kabungah ngan ukur bisa euforia eta ge sami moal jadi amal.
Nah, syetan nyekel ka satiap pribadi urang teh ku nyodorkeun waktu anu geus teu bisa diproduksi deui. Kan aya kawajiaban anu dibere waktu, tapi bisa diqodoan (diproduksi deui). Saperti tingalen subuh bisa diqodaan berangna?? Tah, parentah jeung larangan anu dibawa ku waktu, tegesna sobaraneun jeung sukuraneun eta mah moal bisa diqodoan.
lamun wae teu direspon dina nalika waktu anu ker berjalan, maka lepot teu ngajadi amal. Syetan bakal mere ka urang waktu-waktu anu geus basi (waktu anu geus kaliwat) atawa waktu can karandapan kadiri (waktu anu can kasorang). Supaya naon? dimana dibere waktu anu geus kaliwat, urang bakal terus ngarenung jeung ngarasa nyesel tina kajadian anu pernah tumiba. Antukna, tina rasa nyesel bakal timbul poho kana waktu anu ker karandapan teu digunakeun bahan amal, tapi cukup ngarasa bener kupedah ngalamunan anu ges kasorang.
Diebrehkeun ku syetan teh waktu anu can karandapan, anu can kasorang kadiri. Hate bingung kunu can terjadi, rek kumaha isukan, rek jadi naon, bisa dahar atawa moal, padahal waktu nu dibingungkeun teh can aya nempel ngajadi kawajiban piken diri. Akhirna syetan bakal ngarasa sukses ku lampah urang nu teu bisa ngamanfaatkeun waktu anu ker karandapan, sabab manehanana terus-terusan mere gambaran-gambaran nu geus atawa nu can kasorang.
Saur Ibnu ‘Athoilah:
مَا تَرَكَ مِنَ الْجَهْلِ شَيْئًا مَنْ أَرَادَ أَنْ يُحْدِثَ فِى الْوَقْتِ غَيْرُ مَا أَظْهَرَهُ الله فِيْه
“Teu katinggaleun saeutik oge jadi jalma anu meles belet kupedah nyimpulkeun kana waktu anu teu ditembrakeun ku allah dina waktu nu kasorang jang dirina. Ruksak jang jalma anu tukang ngaengke-engke.” .Matak ku hal sakitu, hayu urang tinggalkeun tina jalma anu disebut ku Ibnu ‘Athoilah (jalma nu pang beletna) nyaeta jalma anu mikir-mikir kana waktu nu can karandapan atawa mikir kana waktu anu ges kalewat, cul waktu anu ker karandapan teu direspon piken amal jang dirina.
Ken nu geus terjadi mah, mun goreng gura giru tobatan, mun alus mudah-mudahan ditampi ku Allah. Pikaharepeun menta ka Allah dijaga jeung diraksa kusatarna Allah supaya diri ulah tisoledat kana salah bari menang jaminan ti Allah dosa bakal dihampura. Jalma anu karaksa mah bakal menang pangjagana. Saha jalmana?? Nyaeta jalma nu mokuskeun kana ngalaksanakeun parentah jeung larangan anu keur karandapan bari sampurna teu kabengbat ku naon-naon. Satiap parentah anu aya dilaksanakeun, amprok jeung anu dicarek pasti dijauhan. Jalma nu kitu teh jalma nu taqwa ka Allah, Muttaqin ngarana.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar