Ku : K. Ang Hidayatus Shibyan Asy-Syafi’ie |
سُبْحَانَ الَّذِي أَسْرَى بِعَبْدِهِ لَيْلا مِنَ الْمَسْجِدِ
الْحَرَامِ إِلَى الْمَسْجِدِ الأقْصَى الَّذِي بَارَكْنَا حَوْلَهُ لِنُرِيَهُ
مِنْ آيَاتِنَا إِنَّه هُوَ السَّمِيعُ الْبَصِيرُ
Hartosna
: “Maha Suci Dzat anu ngaleumpangkeun abdina dina waktu peuting ti masjidil
Harom ka Masjidil Aqsho anu disakurilingna pinuh ku barokah, sabab Kami rek
ningalikeun kana tanda-tanda (Kakawasaan) Kami. Saestuna Allah eta Dzat anu
ngadangu tur anu ningali”. (QS. Al-Isro’ ayat 1)
Ari
percaya kana kajadia Isro Mi’roj ka asup kana ‘Aqidah Sam’iyyat. Ari ‘Aqidah
Sam’iyyat nyaeta perkara anu wajib di tekadkeunnana ku sabab pasti buktina da
geus didawuhkeun ku Al-Qur’an jeung Hadits. Lamun jalma ragu-ragu atawa
mangmang komo lamun teu percaya kana Isro Mi’roj maka batal ‘Aqidah
Sam’iyyatna. Lamun batal ‘Aqidah Sam’iyyatna maka batal imanna.
Ari Isro Mi’roj teh leumpang ti Masjidil Harom di Makkah
ka Masjidil Aqsho di Palestina. Ari Mi’roj mah nyaeta ngapung ngawang-ngawang, ngapak
mega, ngambah jomantara naek ka langit nincak ‘Alam Nasut, ‘Alam Malakut, ‘Alam
Jabarut jeng ‘Alam Lahut.
Diluar
Isro Mi’roj Allah ngameunangkeun manusa jeung Jin pikeun nembus langit,
sakumaha dawuhanna-Na dina surat Ar-Rahman 33 :
يَا مَعْشَرَ الْجِنِّ
وَالإنْسِ إِنِ اسْتَطَعْتُمْ أَنْ تَنْفُذُوا مِنْ أَقْطَارِ السَّمَاوَاتِ
وَالأرْضِ فَانْفُذُوا لا تَنْفُذُونَ إِلا بِسُلْطَانٍ
Hartosna :”He, golongan jin jeung manusa ! lamun aranjeun
kaduga kana nembus atmosfir langit jeung bumi, pek geura tembus ku aranjeun,
tapi moal bisa nembus kana eta atmosfir kajaba kudu make kakawasaan”. (QS.
Ar-Rahman ayat 33)
Ari Sulthon/kakawasaan
hisi anu bisa dipake nembus langit nyaeta :
1
|
Kakawasaan anu gede :
|
kawasa
|
K 4
|
2
|
Pangarti anu loba :
|
kanyaho
|
|
3
|
Modal anu gede :
|
kaboga
|
|
4
|
Wawanen anu leber :
|
kawani
|
Ari Shulthon ma’ani nyaeta
:
1.
Mu’jizat 2. Karomat 3. Ma’unat 4.
Istidraj
Intipati anu dicandak ku
Rosulullah SAW. Anu jadi bekel pikeun naek ka langit saba’da di operasi, di
piceun tempat syetan tina manahna teras dikumbah ku cai zamzami, lajeung
dieusian ku :
1.
Iman, anu
sabener-benerna Iman (haqiqotul Haqiqoh
2.
Islam anu
kuat
3.
Mental sobar
jeung hilim
4.
Ilmu anu nyagara
5.
Kayakinan anu
kuat dina nyekel Agama
Urang salaku umatna moal
bisa Mi’roj haqeqi nepika ka alam Lahut saperti Nabi, ngan lamun Mi’roj ma’ani
(naekkeun tingkat jeung darajat dipayuneun Allah) bisa, nyaeta ku jalan anu
lima. Ngan ari Nabi mah langsung pamasihan langsung ti Allah, ari urang mah
kudu ngusahakeun diri sorangan, nyatana :
1.
Kudu bisa
ningkatkeun kana Iman, minimal Iman ‘Ilmul Yaqin, ari jalan
ngami’rojkeun/naekkeun iman nyaeta aya tilu :
a.
Muqorrobah, nyaeta ngahias diri ku amal hade. Ari carana Muqorrobah aya lima :
1)
Maca Qur’an
bari mikir-mikir kana eusina lamun ngarti, lamun teu ngarti yakinkeun nu dibaca
eta kalam ilahi.
2)
Shalat
tahajjud tengah peuting
3)
Mindeng
masamoan jeung jalma-jalma anu sholeh
4)
Beuteung ulah
wareg teuing, ulah kosong teuing. Sarta ulah dieusian ku barang anu haram
5)
Dzikir wengi
menjelang waktos shubuh
b.
Uzlah, nyaeta ngasingkeun diri ti makhluq, rek ‘Uzlah Bidayah,
nyaeta ngajauhkeun diri ti makhliq nu sejen seja ngawungkulkeun diri ibadah ka
Allah, atanapi ‘Uzlah Nihayah, nyaeta awak mah tetep campur gaul
jeung batur, tapi hate teu tagiwur, tetep reureujeungan jeung Allah nu Maha
Ghofur.
c.
Tafakkur, kana lima perkara :
1)
Tafakkur kana
maot.
2)
Tafakkur kana
ni’mat jeung siksa kubur
3)
Tafakkur kana
Surga jeung Naraka
4)
Tafakkur kana
Sama’ jeung Bashorna Allah
5)
Tafakkur kana
Tapak Qudrotna Allah
2.
Kudu ngagem
Islam anu kuat
Ari Islam teh nyaeta :
وَضْعٌ
اِلٰـهِـىٌّ سَائِقٌ لِذَوِى الْعُقُوْلِ السَّلِيْمَةِ باِخْتِيَارِهِمِ الْمَحْمُوْدِ
اِلٰى مَايَصْلُهُ مَعَادَهُمْ وَمَعَاشَهُمْ
Hartosna : “Aturan Allah
anu ngagiring ka Makhluq anu boga akal sampurna (manusa) kalayan ku pamilihna
sorangan kana jalan pimaslahateun dina kahirupan dunya jeung pangbalikan
akheratna”.
3.
Ngabogaan
mental Shobar jeung Hilim/bijaksana, tegesna “Leuleus jeujeur liat tali,
landung kandungan laer aisan, tara nitah kana getas harupateun”.
4.
Ilmu anu
loba, Henteu aya poe anu kaliwat kajaba ku nambahan ilmu tur teu boga rasa diri
geus pinter. Sabab nu boga rasa geus pinter eta ciri jalma bodo. Malah beuki
tambah ilmuna kudu beuki tambah rasa bodona (saperti pare beuki ngeusi beuki
tungkul). Geuning Rosululloh anu sakitu luhur elmu panemuna jembar panalarna
tur digayuh ku Allah, masih keneh diparentah ngadu’a :
وَقُلْ
رَبِّ زِدْنِى عِلْمًا ) سورة
طٰـهَ ۱۱۴
“Ucapkeun
ku anjeun mugi Gusti nabihan elmu ka abdi”
5.
Kayakinan
nyekel agama anu kuat. Henteu unggut kalinduan, henteu gedag kaanginan, henteu
runtuh ku diasongan tahta, henteu leeh ku dibibita ku harta jeung wanita.
Ieu mental anu 5 kudu di mantelan/dibungkus ku polah anu 4, nyaeta :
1)
Shiddiq, sanggup bener keur diri sorangan, bener dina tekad, bener dina niat
jeung bener dina polah, henteu neangan kana “Meunang” ngelehkeun
batur.
2)
Amanah,
kapercaya dina nyekel agama anu dititipkeun ku
Allah kamanehna.
3)
Tabligh,
sanggup nepikeun jeung ngada’wahkeun agama anu
nyampak dina dirina.
4)
Fathonah,
pinter dina sagala widang, pinter nempatkeun diri
dina shirot anu kudu dileumpangan, pinter dina nangtungkeun hujjah agama.
Lamun jalma geus bisa
ngusahakeun jeung nerapkeun mental anu lima sarta dimantelan kunu opat bieu,
tangtu imanna bakal naek nepika ‘alam Lahut. Bisa Muhadloroh jeung Allah
saperti kangjeng Nabi, sarta bakal meunang pangkat Wali Allah. Insyaallah.
Wallahu A’lamu.
Al-Faqir Ang Hidayatus
Shibyan Asy-Syafi’ie
Tidak ada komentar:
Posting Komentar