Alloh SWT. parantos ngadawuh dina al-Qur’an suroh al-Anbiya ayat 107 :
Pikeun ngarasakeun diutusna Kanjeung Rosululloh SAW ka alam dunya jeung nganyatakeun kanyaah Allah ka Jin jeung Manusa khususna, peryogi mengkaji kaayaan-kaayaan diri pribadi sebagai Manusa. Upami di telaah diri sebagai manusa, maka Allah nyiptakeun manusa teh ngagaduhan makna:
1. Manusa teh sebagai makhluk hirup anu boga kahayang kalawan karep sorangan, disebut makhluk biologi.
2. Sebagai makhluk anu boga kapercayaan jeung kayakinan bahwa dibalik alam semesta ieu aya sang pencipta tur maha kawasa anu kudu di baktian, disebut makhluk teonimitis.
3. Sebagai makhluk gotong royong, makhluk anu teu bisa hirup nyorangan tapi selalu ngabutuhkeun kana bantuan anu sejen, disebut makhluk sosial.
.وَمَا أَرْسَلْنَاكَ إِلَّا رَحْمَةً لِلْعَالَمِينَ
“Teu pati-pati ngutus kami ka anjeun (Muhammad) kajaba jadi kanyaah pikeun sakabeh alam”َ Q.S.Al-Anbiya:107.Para Ulama ngajelaskeun nu dimaksad ku ’aalamin nyaeta isim anu tuduh kana jama’ nu eusina khusus pikeun makhluk anu berakal. Atuh eusina Jin jeung Manusa.
Pikeun ngarasakeun diutusna Kanjeung Rosululloh SAW ka alam dunya jeung nganyatakeun kanyaah Allah ka Jin jeung Manusa khususna, peryogi mengkaji kaayaan-kaayaan diri pribadi sebagai Manusa. Upami di telaah diri sebagai manusa, maka Allah nyiptakeun manusa teh ngagaduhan makna:
1. Manusa teh sebagai makhluk hirup anu boga kahayang kalawan karep sorangan, disebut makhluk biologi.
2. Sebagai makhluk anu boga kapercayaan jeung kayakinan bahwa dibalik alam semesta ieu aya sang pencipta tur maha kawasa anu kudu di baktian, disebut makhluk teonimitis.
3. Sebagai makhluk gotong royong, makhluk anu teu bisa hirup nyorangan tapi selalu ngabutuhkeun kana bantuan anu sejen, disebut makhluk sosial.
Penjelasan
Ku ayana manusa diciptakeun sebagai makhluk biologi anu boga kahayang, boga syahwat jeung nafsu birahi, lamun bae dianteup teu aya etika jeung norma anu ngatur, maka manusa bakal hirup sakadaek, bakal hirup seperti sato, akhirna moal puguh susunan turunan.Alloh ngutus Rosul anu ngawartoskeun jeung ngadugikeun hukum ti Alloh kana aturan-aturan anu ngatur kahirupan umat manusa di alam dunya. Pikeun ngalampiaskeun nafsu birahina maka aya aturan-aturan anu diajarkeun ku Kanjeung Rosululloh saw, melalui hukum fiqh. Saparapat hukum fiqh anu ngatur urusan pertikahan.
Didie karaos pisan kanyaah Alloh SWT ka umat manusa ku marentahkeun Rosululloh SAW sebagai pelantara ayana aturan-aturan jeung larangan-larangan anu ngabatasi kahirupan umat manusa. Sehingga turunan manusa bisa puguh panca kakina, aya dulurna, lancekna, adina sahingga timbul ayana rasa kekeluargaan.
Satuluyna, manusa sebagai makhluk anu ngabogaan kapercayaan jeung kayakinan. Kayakinan manusa timbul timimiti dilahirkeun. Asal muasal diciptakeuna manusa kabeh ge narima kana ayana Islam jeung sang pencipta dibalik alam semesta ieu. Tapi eta kayakinan bakal beraneka corak ragam upami teu aya bimbingan jeung tuntunan. Lamun umat manusa dianteup sina berfikir masing-masing, eta bakal timbul ribuan bahkan jutaan kayakinan. Sebagian manusa aya anu berfikir sang pencipta nu masihan kahirupan dialam dunya ieu nyaeta matahari, sahingga boga kayakinan yen pangeran teh eta sang surya saperti kayakinana orang Jepang. Aya deui anu boga kayakinan pangeran teh bentang-bentang. Loba nu nyangka pangeran teh anu calik dina batu gede atawa anu cicing dina tatangkalan seperti kayakinana animisme. Nu pasti, upami teu aya wahyu anu di dugikeun ku Kanjeung Nabi, saha pencipta alam dunya, bakal nimbulkeun beraneka ragam kayakinan. Kayakinan seperti kitu moal bisa nganterkeun manusa kana kabagjaan di dunya jeung di akherat.
Ku margi kitu, diantawisna deui kanyaah Alloh tina ngutus Rosul sebagai rahmatan lil’alamin nyaeta supaya manusa boga hiji kayakinan jeung ngajait umat manusa supaya tina ladang kayakinanana tepi kana kabagjaan haqiqi di akherat. Kumargi kitu urang sadaya wajib ngabogaan rasa cinta ka Kanjeung Rosululloh SAW.
Anu terakhir manusa diciptakeun ku Alloh sebagai makhluk sosial anu butuh bantuan sejeun teu bisa hirup sorangan. Kusabab kitu manusa mah hirup berkelompok. Timimiti kelompok kecil suami istri terus di lengkapan ku anak incu. Tina kumpulan kelompok keluarga jadi aya Rukun Tetangga, ngahiji jadi Rukun Warga, Desa, Kecamatan, Kabupaten katut Provinsi sampe jadi hiji Nagara. Ieu teh nyirikeun manusa makhluk sosial.
Ieu ge peryogi aya etika jeung norma anu ngatur, lantaran lamun bersosial diantep bakal timbul perpecahan. Nu gede bakal nindas anu leutik. Tapi kusabab ayana kanyaah Alloh SWT tina nyiptakeun hiji utusan ti manusa,pikeun jadi pelantara antara Alloh jeung hambana ngabejakeun kana ajaran-ajaran anu patali jeung kaperluan manusa supaya tartib, maka aya bab muamalat.
Ieu kabeh pembuktosan sakalumit tina di ciptakuena Kanjeung Nabi SAW sebagai tanda bukti kanyaah Alloh ka umat manusa. Alloh anu mikanyaah, Kanjeung Nabi anu mantun kanyaah ti Alloh ka urang. Jadi lamun urang wajib bersyukur ka alloh anu mikanyaah, maka uarng ge wajib bersyukur ka saha anu mantun kanyaah ka urang nyatana Kanjeung Nabi Muhammad SAW.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar