Rabu, 20 Januari 2016

Naon Ari Nu Dimaksad Riyadloh?



Ku. K.H. Abdul Fatah Affandie

Nu dinamian Riyadloh numutkeun bahasa Arab nyaeta latihan, olah raga. Numutkeun istilah para Sholihin nyaeta latihan mernahkeun perasaan hate sangkan aya dina kondisi jiwa anu tentrem dina kaimanana jeung kaislaman (muthmainnah).
Tos janten kabiasaan para Ulama salaf ngalaksanakeun latihan ngolah perasaan. Eusi tina Riyadloh nyaeta nafakuran kana nasihat para Ulama ahli tasawuf, anu mana aranjeunna parantos maparin cara (metode) tina pengalaman aranjeunna dina ngagumatikeun laku lampah hate.
Naon margina urang ayeuna dianjurkeun Riyadlotunnafsi (ngalatih hate)?
Kangjeng Rosululloh Saw. ngadawuh :
.... أَلاَ وَإِنَّ فِي الْجَسدِ مُضْغَةً إِذَا صَلَحَتْ صَلَحَ الْجَسَدُ كُلُّهُ, وَإِذَا فَسَدَتْ فَسَدَ الْجَسَدُ كُلُّهُ, أَلاَ وَهِيَ الْقَلْبُ. (رواه البخاري ومسلم)
“Inget, dina jasad aya getih anu disebut hate, mun hate eta alus (soleh) maka sakabeh jasad bakal soleh, mun Hate ruksak, maka ruksak sakabeh jasad”
Dina ieu hadits dijelaskeun yen ageung pisan pangaruh batin/hate dina nangtukeun prilaku dohir (anggota badan). Dimana-mana batina soleh, maka laku dohir ge bakal soleh, dimana batin ruksak teu boga akhlaqul karimah, maka laku anggota badan ge ruksak.
Ulama ahli tasowuf kacida ngagumatikeun kana sikap hate, gurak-gerik jeung gerentesna. Sabab naon nu aya dina hate bakal ebreh dina prilaku dohir, tapi sikap hate oge kudu didorong ku laku dohir nu alus. Sahingga masing-masing silih pangaruhan, dohir kana batin, batin kana dohir.
Diantawisna nyaeta kudu sobar, syukur, tumarima kana takdir, husnu dzon ka Alloh. Ulah takabur, riya, sum’ah jeung sajabana.
Numawi para ulama masihan du’a kangge urang sadaya dina nalika istighfar sareng dzikir :
رَبِّ إِنِّي غَرِيْقٌ فِي بَحْرِ الْمَعَاصِ وَالطُّغْيَانْ, فَانْقِدْنِي....
“Nun Gusti saestuna abdi titeuleum dina lautan ma’shiyat sareng kadzoliman, mugi Gusti nungtun (nyalametkeun) abdi...
رَبِّ إِنِّي غَرِيْقٌ فِي بَحْرِ الْغَفْلَةِ وَالنِّسْيَانْ, فَانْقِدْنِي....
“Nun Gusti saestuna abdi titeuleum dina lautan ghoflah (kapohoan) sareng kasalahan, mugi Gusti nungtun (nyalametkeun) abdi...
Ku kituna, pikeun urang nu keur diajar suluk (nuturkeun jalur para ulama tasawuf), ngalelempeng laku dohir supaya akur jeung aturan syari’at, Riyadlotunnafsi mangrupikeun salasahiji cara pikeun ngolah hate. Sabab tina setiap prilaku dohir anu menepati syariat boga tapak jeung pangaruh pikeun ngahurungkeun cahaya iman dina hate. Diantara jalanna nyaeta sing getol berjama’ah, sholat sunat, puasa, maca Quran, dzikir jeung sajabana.
Mudah-mudahan urang salamina aya dina hidayah sareng taufiq Alloh Subhanahu wa Ta'ala. Amin Yaa Robbal Alamiin.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

KHUTBAH JUM'AH

NASAB HABIB BA ALAWI SEPERTI MALAM LIKURAN

Para habaib sering mengungkapkan narasi bahwa, nasab para habib Ba Alawi sudah terang benderang bagaikan matahari di sianghari. Jika di sian...