Ayana kabutuhan butuh kana hiji perkara, eta tanda Allah miwarang ibadah ka urang kujalan ngadu’a. Sabab lamun kabutuh pedah nu dipikabutuh teu aya, maka setiap anu teu aya di urang teu jadi pangabutuh. Disebut jalma anu bodo lamun teu nyieun ibadah tina kabutuhna. Alloh ngadawuh dina surah ghofir ayat 60:
ادْعُونِي أَسْتَجِبْ لَكُمْ
“Kudu menta maraneh ka kami, maka ku kami bakal dicumponan”.(Q.S. ghofir:60)
Penjelasan
24 jam tina sapoe sapeuting ulah kosong tina migawe amal. Rangkaian amal beda-beda, aya nu di batasi ku waktu saperti solat 5 waktu, sholat tahajud, sholat dluha. Aya deui amal anu di bawa ku waktu. Kawajiban anu dibawa ku waktu leuwih pareasi tergantung materi naon anu datang dina waktu nu keur berjalan.Salah sahiji diantara bentuk parentah amal nyaeta datangna rasa butuh. Sabenerna datangna kabutuh lain asal datang, sanajan kabutuh datang, sabab anu dibutuhkeuna teu aya. Kalkulasi pikiran jeung prasaan setiap pribadi selalu ngahasilkeun yen ayana rasa butuh teh kusabab anu dipikabutuh teu aya di urang. Lamun logikana kitu, maka satiap anu teu aya eta jadi pangabutuh. Padahal fakta ngabuktikeun awewe teu boga kopeah tapi awewe teu butuh ku kopeah, lalaki teu boga tiung tapi teu butuh kutiung. Ieu nunjukeun yen hakekat butuh teh hente salamina akur jeung pikiran.
Timana atuh datangna eta kabutuh?? Alloh nu mere kabutuh mah. Dimana Alloh mere rasa butuh, maka taktik jeung teknis Alloh wungkul anu bisa ngayakeun eta kabutuh, lain kamampuan skil urang, kacerdasan urang, oge lain bentuk do’a mustajabna urang.
Kulantaran Alloh anu mere kabutuh, maka teu aya anu layak jeung ngayakeun eta kabutuh salianti dzat anu mere butuh, nyaeta Alloh. Terlalu sombong lamun diri ngarasa mampu pikeun nutupan kabutuh ku ngaluarkeun tanaga jeung energi. Eta salah kaprah. Alloh ngadawuh dina surah al-Baqoroh ayat 216:
وَعَسَى أَن تَكْرَهُواْ شَيْئاً وَهُوَ خَيْرٌ لَّكُمْ
وَعَسَى أَن تُحِبُّواْ شَيْئاً وَهُوَ شَرٌّ لَّكُمْ وَاللّهُ يَعْلَمُ
وَأَنتُمْ لاَ تَعْلَمُونَ
“Menurut urang eta amis padahal ceuk alloh hakekatna pait, sabalikan menurut urang pait padahal hakekatna mah amis. Alloh langkung uninga tibatan urang”.(Q.S. al-Baqoroh:216)Aya perkara anu endah padahal sabenarna pait. Jawaban tentang hal ieu, Ibnu ‘Athoillah ngadugikeun dina kitab al-Hikamna:
.لَا يَكُنْ طَلَبُكَ تَسَبُّبًا لِلْعَطَاءِ مِنْهُ,
فَيَقِلَّ فَهْمُكَ عَنْهُ, وَلْيَكُنْ طَلَبُكَ لِلإِظْهَارِ
الْعُبُوْدِيَّلةِ وَقِيَامًا بِحُقُوْقِ اللرُّبَوْبِيَّةِ
“Ulah bukti sagala pamente urang eta jadi sabab pikeun nutupan kabutuhna, kupedah saeutikna pemahaman urang. Tapi, jadikeun kabutuh ieu pikeun ngadzhohirkeun teu aya kakuatan pikeun urang salaku hamba pikeun ngayakeun kabutuh".Hakekatna Alloh mere butuh teh jang pepeling bahwa ibadah anjeun ayeuna nyaeta bagean ngado’a. Naon tanda urang ibadah ayena kudu ngado’a? Nyaeta kuayana tanda Alloh mere pangabutuh ka urang.
Maka lamun datang kabutuh, eta saatna pikeun urang ngadeuketkeun diri ka Alloh ku jalan ngado’a. Sahingga ayana kabutuh bisa jadi rangkaian amal ibadah urang
Tidak ada komentar:
Posting Komentar