Ari Alloh eta nu ngurus urang sadayana, Anjeunna anu maparin sagala perkara pikeun mahluk-Na, teras Anjeunna maparin pituduh anu jelas pikeun mahluk-Na nepi ka tempat anu mulya.
Perkara nu dipaparinkeun teh aya anu dipikaresep ku mahluk tapi dipikangewa ku Alloh, aya anu sabalikna. Aya anu dipikaresep ku mahluk oge dipikaresep ku Alloh, atawa aya oge nu sabalikna.
Pituduh moal dibikeun ku Alloh lamun urang (mahluk) can sampurna nyanghareupan pamasihan-Na.
Penjelasan
Dina surat Thoha ayat 50, Alloh SWT. ngadawuhkeun kisah Nabi Musa AS. :
قَالَ رَبُّنَا ٱلَّذِيٓ أَعۡطَىٰ كُلَّ شَيۡءٍ خَلۡقَهُۥ ثُمَّ هَدَىٰ ٥٠
Jawab Musa : “Pangeran kaula sarerea teh nyaeta (Pangeran) anu parantos maparin dedeg-pangadeg ka sakur anu kumelip, tuluy maparin pituduh.”Pangeran urang, nyatana Alloh SWT. eta nu sok masihan paparin ka mahluk-Na (urang). Moal aya anu katarima ku mahluk kajaba kabeh ge ti Anjeunna, moal leupas tina qudrot jeung irodat Anjeunna, lain pedah anu sejen (lian Anjeunna).
Alloh SWT nu tos maparin pikeun sadaya mahluk, maparin pikeun nu aya di diri urang, nu datang ka diri urang, nu bakal datang jeung karandapan ku urang, nyakitu deui anu ayeuna keur karandapan eta teh sadaya pamasihan Alloh.
Dawuh Alloh SWT. dina surat Al-Baqoroh ayat 216 :
.....ۖ وَعَسَىٰٓ أَن تَكۡرَهُواْ شَيۡٔٗا وَهُوَ
خَيۡرٞ لَّكُمۡۖ وَعَسَىٰٓ أَن تُحِبُّواْ شَيۡٔٗا وَهُوَ شَرّٞ لَّكُمۡۚ
وَٱللَّهُ يَعۡلَمُ وَأَنتُمۡ لَا تَعۡلَمُونَ ٢١٦
Tapi bisa jadi perkara anu henteu dipikaresep ku maraneh teh perkara anu kacida hadena pikeun maraneh; jeung bisa jadi perkara anu dipikaresep ku maraneh teh perkara nu kacida gorengna pikeun maraneh. Alloh uninga, sedeng maraneh mah henteu nyaraho.Kadang perkara nu datang jeung karandapan teh mangrupa nu dipikangewa ku diri, nu secara manusiawi bakal aya rasa sieun, tugenah, nalangsa, sedih, nyeri jeung sajabana. Nalika batur boga urang pas teu boga, nalika batur bisa naha urang teu bisa, nalika keur reresepna kalah leungit. Tapi... can tangtu masalah nu datang, nu dipikangewa eta teh perkara nu teu aya manfaatna, justru dibalik eta aya kaunggulan anu bakal katarima.
Aya deui nu dipaparinkeun ku Alloh teh perkara nu pas jeung kahayang diri. Batur mah hese neangan, urang mah babari; nalika batur cape, urang mah salse; nalika batur nalangsa, diri mah bungah. Nu dipaparinkeun ku Alloh terkadang saperti kitu wujud dhohirna. Tapi.. teu mutlak datangna kabungah eta teh anugrah, justru dibalik eta teu mustahil madharat pikeun diri.
Aya bentukna perkara teh anu ceuk Alloh alus, ka diri ge manfaat; aya deui nu ceuk diri goreng, ka diri ge madharat.
.... وَٱللَّهُ يَعۡلَمُ وَأَنتُمۡ لَا تَعۡلَمُونَ ٢١٦
Alloh uninga, sedeng maraneh mah henteu nyaraho.Teu sadaya mahluk Alloh terangeun bahwa dibalik kasangsaraan aya anugrah atawa dibalik anugrah aya kasangsaraan, mung Alloh wungkul nu Maha Uninga. Tegesna bahwa setiap perkara nu katarima ku diri (rek bentukna anugrah atawa musibah) didinya aya janji Alloh nu kacida mahal nilaina, naon? nyaeta هُدًى petunjuk ti Alloh.
Lamun urang nyanghareupan naon wae nu dipaparinkeun ku Alloh, tuluy dikelola jeung disikapi ku diri kalawan tepat make prosedur agama (ketentuan Alloh), maka buruhan nu bakal dibikeun ku Alloh nyaeta pituduh pikeun urang. Alloh bakal ngutus malaikat pikeun ngawal diri urang nu geus lulus dina ngajawab jeung mensikapi dibalik taqdir (fakta hirup) anu tumiba ka diri.
Sabalikna, lamun urang teu bisa mencermati kana fakta hirup ti Alloh, maka urang moal meunang petunjuk ti Alloh SWT.
Bahwa setiap pribadi urang pasti hayang meunang sukses nu gede dina kahirupan di alam dunia, sukses nu gede salamet dina akhir hirup kalawan husnul khotimah, sukses nu gede di alam barzah aya dina rohmat Alloh, sukses nu gede bisa salamet dina shirotol mustaqim. Sadayana di arahkeun ku Alloh, sabab janji Alloh pikeun jalma nu meunang petunjuk bakal meunang kasuksesan.
Proses menuju kasuksesan hirup teu cukup ku modal kapinteran sirah atawa ku faktor turunan. Lamun hirup ditangtukeun ku kacerdasan mikir, kunaon loba nu palinter garagal hirup. Teu saeutik nu frustasi, bunuh diri ti golongan berpendidikan? Kunaon loba nu palalinter tapi hirupna teu bener?
Tah ieu mangrupakeun pembuktian, bahwa proses pikeun sukses hirup lain ku kapinteran atawa ku faktor turunan wungkul. Tapi pikeun suksesna hirup mah teu aya deui iwal ku petunjuk jeung arahan ti Alloh.
Saha nu bakal dibere petunjuk jeung arahan ti Alloh?
Dawuh Alloh SWT. :
قَالَ رَبُّنَا ٱلَّذِيٓ أَعۡطَىٰ كُلَّ شَيۡءٍ خَلۡقَهُۥ ثُمَّ هَدَىٰ ٥٠
Nyaeta ngan manusa nu meunang hidayah/petunjuk ti Alloh SWT. nu
manggrupakeun balesan tina bisa maca jeung mensikapi taqdir (fakta
hirup). Urang sarerea ge apal eusina taqdir teh kadang bentukna hade,
pikabungaheun, pikaresepeun, kadang oge goreng, pikasediheun,
pikangewaeun.Nalika urang geus bisa jeung biasa ngagumatikeun (mensikapi) taqdir kalawan sakuduna, maka urang bakal meunang pituduh ti Alloh sahingga jadi jalma nu sukses, di dunia oge di akherat.
Mudah-mudahan urang sadaya dipaparin kamampuan pikeun ngarti jeung milampah kalawan kakuduanna, dina mangrupa-rupa bentuk taqdir nu tumiba ka diri, sahingga jadi jalan pikeun datangna hidayah ti Alloh SWT. Amin Ya Robbal Alamin
Tidak ada komentar:
Posting Komentar