PAKEWUH POE KIYAMAT
اَلْحَمْدُ لله الْقَائِلِ: وَيَوْمَ
يُنْفَخُ فِي الصُّورِ فَفَزِعَ مَنْ فِي السَّمٰوَاتِ وَمَنْ فِي الْأَرْضِ
إِلَّا مَنْ شَآءَ اللَّهُ وَكُلٌّ أَتَوْهُ دَاخِرِينَ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا
اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ شَهَادَةَ الْمُجَاهِدِيْنَ وَ
اَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا وَنَبِيَّنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ و َرَسُوْلُه
شَهَادَةَ الْمُحِبِّيْنَ .اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا
مُحَمَّدٍ وَّعَلَى ءَالِهِ وَاَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ مِنَ الْمُهْتَدِيْنَ
. اَمَّا بَعْدُ : فَيَا عِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَ لَا
تَمُوْتُنَّ اِلَّا وَ اَنْتُمْ مُّسْلِمُوْنَ . اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ
الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : وَنُفِخَ فِى
الصُّوْرِ فَصَعِقَ مَنْ فِى السَّمٰوٰتِ وَمَنْ فِى الْاَرْضِ اِلَّا مَنْ شَاۤءَ
اللّٰهُ ۗ ثُمَّ نُفِخَ فِيْهِ اُخْرٰى فَاِذَا هُمْ قِيَامٌ يَّنْظُرُوْنَ
"
Jeung sangkakala ditiup, tuluy saniskara anu kumelendang di langit jeung di
bumi teh paraeh, kajaba saniskara anu dipikersa ku Alloh. Tuluy eta sangkakala teh
ditiup deui, nya ujug-ujug maranehna harudang weh, ngadarago". {QS.
Az-Zumar, ayat 68}.
Hadirin
Ahli Jum`at Rahimakumullah !
Kanjeng Nabi Muhammad SAW. ngadawuh anu pihartoseunana, kirang langkung
kieu: " Dina poe kiyamat isukan, jalma-jalma bakal dikumpulkeun saperti
hal na poean dilahirkeun ku idung-indungna bari kaayaan buligir. Siti `Aisyah
r.a. naros: ' Ya Rasulullah ! pameget-pameget sareng istri-istri{pakumpul} ?' .
Nabi SAW ngawaler: ' Leres' !. Siti `Aisyah nyarios: ' Atuh kacida isinna tiasa
silih tingali kana gagaduhanana {qubul dubur}'. Rasul SAW nyarios deui bari
nepak taktak siti `aisyah: ' He putri Abu Quhafah ! kasibukan jalma-jalma dina
saat eta{poe qiyamat} teu aya kasempetan jang ningali anu kitu, maranehna
taranggah kalangit narangtung salila opat puluh taun teu dahar teu nginum, aya
anu kesangna ngocor nepi kana sukuna, bitisna, lambutna, jeung aya anu nepi
kana biwirna, kaayaan kitu teh tina sabab lilana nangtung, tuluy para malaikat
ngurilingan `arasy, teras Gusti Allah miwarang nyalukan: ' Dimana ngaran fulan
bin fulan !', sarerea anu hadir luak lieuk ningalian jalmina, maka jalma anu
digero ngurunyung kaluar menghadep ka Allah, dimana-mana tos menghadep, maka
digero jalma-jalma anu pernah dianiaya ku eta jalma supaya kahadean jalma anu
ngadolim dibikeun ka jalma anu didolimna, sabab saat eta teu aya pang mayar ku
emas perak{artos}, maka jalma-jalma anu didolim terus naragih ka jalma-jalma
anu ngadolim nepika seep amal kahadeaanana, lamun tos kitu maka
kagorengan{dosa} jalma anu didolim ditimpakeun ka jalma anu ngadolim; lamun tos
beres balitunganana satuluyna jalma anu ngadolim dititah balik ka tempatna
nyaeta naraka Hawiyah, margi dina poe eta teu aya padoliman, saenyana Allah anu
gancang pisan hisaban jeung balesanana. Maka dina saat eta teu aya hiji
Malaikat Muqorrobun, Nabi, Rasul, Syahid, kajaba nyangka yen moal salamet
kajaba lamun meunang perlindungan ti Allah".
Dina poe kiyamat Gusti Allah mutuskeun hukuman ka sadaya makhlukna,
diantara domba jeung sato-sato galak, sahingga domba anu teu tandukan dipasihan
hak ngabales domba anu tandukan, satuluyna saatos beres tungtutanana sadaya
sato ku Gusti Allah dipiwarang jaradi taneuh, maka dina waktu harita jallma
kafir nyarita bari sasambat ngalengis
وَيَقُولُ الْكَافِرُ يَا لَيْتَنِي
كُنْتُ تُرَابًا
" Jeung jalama kafir ngalengis: ' Hayang teuing kaula jadi
taneuh". { QS. An-Naba, ayat 40}. – { Tanbihul Ghafiliin, kaca 18 }
Hadirin, Anu Mulya !
Salajengna Sahabat Ikrimah nyarioskeun: " Dina poe kiyamat hiji
bapa nyekel anakna bari nyarita: ' Kuring teh bapa anjeun waktu di dunya', maka
eta anakna ngalem kahadean bapana, eta si bapa nyarita deui: ' He anaking,
ayeuna bapa peryogi tina ladang amal hade anjeun najan saeutik, sugan ku eta
kahadean ti anjeun bapa bisa salamet tina poe ieu sakumaha anu katingal ku
anjeun. Eta
si anak ngajawab: ' Bapa ! abdi oge sami nuju ngaraos sieun sakumaha anu
ku bapa dipikasieun. Tuluy eta si bapa nyarios kanu jadi bojona waktu di dunya,
tapi jawabanana sami saperti jawaban anakna. Hal ieu sakumaha dawuhan Gusti
Allah dina QS Fatir, ayat 18
وَإِنْ تَدْعُ مُثْقَلَةٌ إِلَى حِمْلِهَا
لَا يُحْمَلْ مِنْهُ شَيْءٌ وَلَوْ كَانَ ذَا قُرْبَى ... الاية
" Jeung
upama anu beurat dosana nyambat menta dipangnanggungkeun beungbeuratna, moal
bisa dipangnanggungkeun saeutik oge, sanajan anu disambatna teh barayana anu
deuket".
Dina pada
banget ripuhna mayunan balitungan poe kiyamat jalma kafir hayang buru-buru
dibereskeun najan kana narakaeun, Rasulullah SAW ngadawuh:
اِنَّ الْكَافِرَ لَيُلْجَمُ بِعَرَقِهِ
مِنْ طُوْلِ ذَالِكَ الْيَوْمِ حَتَّى يَقُوْلَ يَا رَبِّ اِرْحَمْنَا وَلَوْ
اِلَى النَّارِ
"
Saenya-enyana jalma kafir bakal diliputan tina kesangna tina sabab lilana eta
poe, nepika manehna nyarita: ' Gusti, pikanyaah abdi sanajan kedah kana naraka'
".
Kitu diantara sapalih kajadian pakewuhna poe kiyamat anu dijelaskeun
dina Al-Qur`an sareng dawuhan kanjeng Nabi Muhammad SAW.. { Tanbihul Ghafiliin,
kaca 18-19 }
Muga-muga jadi
paringetan kanggo urang sadaya sangkan dina hirup kumbuh ayeuna leres-leres
dibarengan ku kaimanan sareng kataqwaan ka Allah SWT., aya dina kaberes-roesan
jeung sasama, sangkan jaga dina balitungan isukan lungsur-langsar, ditulungan
ku Allah SWT. sanaos sapalih pitulungna teh tina wasilah {cukang lantaran}
ayana syafa`at Kanjeng Nabi Muhammad SAW. kalayan idzin Allah SWT. Aamiin !.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ
الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ