Sabtu, 28 Mei 2022

KHUTBAH JUMAT BAHASA SUNDA PAKEWUH POE KIYAMAT

PAKEWUH POE KIYAMAT

 

اَلْحَمْدُ لله الْقَائِلِ: وَيَوْمَ يُنْفَخُ فِي الصُّورِ فَفَزِعَ مَنْ فِي السَّمٰوَاتِ وَمَنْ فِي الْأَرْضِ إِلَّا مَنْ شَآءَ اللَّهُ وَكُلٌّ أَتَوْهُ دَاخِرِينَ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ شَهَادَةَ الْمُجَاهِدِيْنَ وَ اَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا وَنَبِيَّنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ و َرَسُوْلُه شَهَادَةَ الْمُحِبِّيْنَ .اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَّعَلَى ءَالِهِ وَاَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ مِنَ الْمُهْتَدِيْنَ . اَمَّا بَعْدُ : فَيَا عِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَ لَا تَمُوْتُنَّ اِلَّا وَ اَنْتُمْ مُّسْلِمُوْنَ . اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : وَنُفِخَ فِى الصُّوْرِ فَصَعِقَ مَنْ فِى السَّمٰوٰتِ وَمَنْ فِى الْاَرْضِ اِلَّا مَنْ شَاۤءَ اللّٰهُ ۗ ثُمَّ نُفِخَ فِيْهِ اُخْرٰى فَاِذَا هُمْ قِيَامٌ يَّنْظُرُوْنَ

 

" Jeung sangkakala ditiup, tuluy saniskara anu kumelendang di langit jeung di bumi teh paraeh, kajaba saniskara anu dipikersa ku Alloh. Tuluy eta sangkakala teh ditiup deui, nya ujug-ujug maranehna harudang weh, ngadarago". {QS. Az-Zumar, ayat 68}.

 

Hadirin Ahli Jum`at Rahimakumullah !

Kanjeng Nabi Muhammad SAW. ngadawuh anu pihartoseunana, kirang langkung kieu: " Dina poe kiyamat isukan, jalma-jalma bakal dikumpulkeun saperti hal na poean dilahirkeun ku idung-indungna bari kaayaan buligir. Siti `Aisyah r.a. naros: ' Ya Rasulullah ! pameget-pameget sareng istri-istri{pakumpul} ?' . Nabi SAW ngawaler: ' Leres' !. Siti `Aisyah nyarios: ' Atuh kacida isinna tiasa silih tingali kana gagaduhanana {qubul dubur}'. Rasul SAW nyarios deui bari nepak taktak siti `aisyah: ' He putri Abu Quhafah ! kasibukan jalma-jalma dina saat eta{poe qiyamat} teu aya kasempetan jang ningali anu kitu, maranehna taranggah kalangit narangtung salila opat puluh taun teu dahar teu nginum, aya anu kesangna ngocor nepi kana sukuna, bitisna, lambutna, jeung aya anu nepi kana biwirna, kaayaan kitu teh tina sabab lilana nangtung, tuluy para malaikat ngurilingan `arasy, teras Gusti Allah miwarang nyalukan: ' Dimana ngaran fulan bin fulan !', sarerea anu hadir luak lieuk ningalian jalmina, maka jalma anu digero ngurunyung kaluar menghadep ka Allah, dimana-mana tos menghadep, maka digero jalma-jalma anu pernah dianiaya ku eta jalma supaya kahadean jalma anu ngadolim dibikeun ka jalma anu didolimna, sabab saat eta teu aya pang mayar ku emas perak{artos}, maka jalma-jalma anu didolim terus naragih ka jalma-jalma anu ngadolim nepika seep amal kahadeaanana, lamun tos kitu maka kagorengan{dosa} jalma anu didolim ditimpakeun ka jalma anu ngadolim; lamun tos beres balitunganana satuluyna jalma anu ngadolim dititah balik ka tempatna nyaeta naraka Hawiyah, margi dina poe eta teu aya padoliman, saenyana Allah anu gancang pisan hisaban jeung balesanana. Maka dina saat eta teu aya hiji Malaikat Muqorrobun, Nabi, Rasul, Syahid, kajaba nyangka yen moal salamet kajaba lamun meunang perlindungan ti Allah".

Dina poe kiyamat Gusti Allah mutuskeun hukuman ka sadaya makhlukna, diantara domba jeung sato-sato galak, sahingga domba anu teu tandukan dipasihan hak ngabales domba anu tandukan, satuluyna saatos beres tungtutanana sadaya sato ku Gusti Allah dipiwarang jaradi taneuh, maka dina waktu harita jallma kafir nyarita bari sasambat ngalengis

 

وَيَقُولُ الْكَافِرُ يَا لَيْتَنِي كُنْتُ تُرَابًا

 

" Jeung jalama kafir ngalengis: ' Hayang teuing kaula jadi taneuh". { QS. An-Naba, ayat 40}. – { Tanbihul Ghafiliin, kaca 18 }

Hadirin, Anu Mulya !

Salajengna Sahabat Ikrimah nyarioskeun: " Dina poe kiyamat hiji bapa nyekel anakna bari nyarita: ' Kuring teh bapa anjeun waktu di dunya', maka eta anakna ngalem kahadean bapana, eta si bapa nyarita deui: ' He anaking, ayeuna bapa peryogi tina ladang amal hade anjeun najan saeutik, sugan ku eta kahadean ti anjeun bapa bisa salamet tina poe ieu sakumaha anu katingal ku anjeun. Eta

si anak ngajawab: ' Bapa ! abdi oge sami nuju ngaraos sieun sakumaha anu ku bapa dipikasieun. Tuluy eta si bapa nyarios kanu jadi bojona waktu di dunya, tapi jawabanana sami saperti jawaban anakna. Hal ieu sakumaha dawuhan Gusti Allah dina QS Fatir, ayat 18

 

وَإِنْ تَدْعُ مُثْقَلَةٌ إِلَى حِمْلِهَا لَا يُحْمَلْ مِنْهُ شَيْءٌ وَلَوْ كَانَ ذَا قُرْبَى ... الاية

 

" Jeung upama anu beurat dosana nyambat menta dipangnanggungkeun beungbeuratna, moal bisa dipangnanggungkeun saeutik oge, sanajan anu disambatna teh barayana anu deuket".

Dina pada banget ripuhna mayunan balitungan poe kiyamat jalma kafir hayang buru-buru dibereskeun najan kana narakaeun, Rasulullah SAW ngadawuh:

 

اِنَّ الْكَافِرَ لَيُلْجَمُ بِعَرَقِهِ مِنْ طُوْلِ ذَالِكَ الْيَوْمِ حَتَّى يَقُوْلَ يَا رَبِّ اِرْحَمْنَا وَلَوْ اِلَى النَّارِ

 

" Saenya-enyana jalma kafir bakal diliputan tina kesangna tina sabab lilana eta poe, nepika manehna nyarita: ' Gusti, pikanyaah abdi sanajan kedah kana naraka' ".

Kitu diantara sapalih kajadian pakewuhna poe kiyamat anu dijelaskeun dina Al-Qur`an sareng dawuhan kanjeng Nabi Muhammad SAW.. { Tanbihul Ghafiliin, kaca 18-19 }

 

Muga-muga jadi paringetan kanggo urang sadaya sangkan dina hirup kumbuh ayeuna leres-leres dibarengan ku kaimanan sareng kataqwaan ka Allah SWT., aya dina kaberes-roesan jeung sasama, sangkan jaga dina balitungan isukan lungsur-langsar, ditulungan ku Allah SWT. sanaos sapalih pitulungna teh tina wasilah {cukang lantaran} ayana syafa`at Kanjeng Nabi Muhammad SAW. kalayan idzin Allah SWT. Aamiin !.

 

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

KHUTBAH JUM'AH

NASAB HABIB BA ALAWI SEPERTI MALAM LIKURAN

Para habaib sering mengungkapkan narasi bahwa, nasab para habib Ba Alawi sudah terang benderang bagaikan matahari di sianghari. Jika di sian...