إِنّ الْحَمْدَ ِللهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ
وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَ مِنْ سَيّئَاتِ
أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ
هَادِيَ لَهُ, أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا
عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ, اَللهُمّ صَلّ وَسَلّمْ عَلى سَيِّدِنَا مُحَمّدٍ وَعَلى
آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن. امـابعد :فيا عباد الله, أُوْصِيْكُمْ
وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ
اللهُ تَعَالَى : يَا أَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ
وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ
Ma'asyirol mu'minin sidang jum'ah anu sami sami miharep
karidoan Allah
Lamun ku urang dibandungan jaman kiwari urang teh aya
dina jaman kabebasan informasi anu teu aya ugeranana, Ti isuk jedur nepi ka
sore tomper teu weleh disuguhan ku iber atawa warta boh anu wujudna tulisan,
sora, gambar malah nepi ka vidio, eta kabeh tepi ka diri urang alatan hiji alat
komunikasi Handphon kabandungan oge ku kulawarga urang eces pisan tanpa tedeng
aling aling sumebar gancang alah batan kilat ku itungan detik atawa menit. Hal
ieu pisan anu nyababkeun masyarakat jadi pagaliwota kalawan diririweuh kuayana
warta berita samodel kitu.
Masyarakat unggal waktu disuguhan berita tina Media
sosial (Medsos) anu nyebarkeun warta tanpa juru titen atawa editor. teu aya
penanggung jawab redaksi, informasi tanpa bukti ngagolontor bari teu aya sensor.
akibat tina ngabudayana istilah copas (copy paste) atawa ngoper berita nu
datang tibatur buru buru dikabaturkeun deui, bari luput tina sikap tabayun
urang, luput tina panalungtikan urang, naha berita teh bener atawa bohong, naha
bakal ngakibatkeun batur jadi rungsing, teu diambil pusing.
Padahal
pikeun jalma anu ngaku Iman ka Alloh oge ka poe akhir, urang sadaya teh tos
kenging pang wawadi ti Allah swt sakumaha dawuhanana
يَاأَيُّهَا الَّذِينَ
آمَنُوا إِنْ جَاءَكُمْ فَاسِقٌ بِنَبَإٍ فَتَبَيَّنُوا أَنْ تُصِيبُوا قَوْمًا
بِجَهَالَةٍ فَتُصْبِحُوا عَلَى مَا فَعَلْتُمْ نَادِمِينَ
“Yeuh jalma jalma nu ariman upama datang kamaraneh jalma
jalma pasek kalawan mawa beja, geura cukcruk heula, supaya maraneh henteu
nyilakakeun hiji kaom kalawan kabodoan, tuluy maraneh jadi kaduhung alatan
saniskara anu ku mareneh geus dilampahkeun”.(QS; Al Hujarat 6)
Ma'asyirol
mu'minin sidang jum'ah RK,
Ari
Fasek teh nyaeta hiji sifat anu sok moncor tina aturan. Sacara pikiran jeung
pangarti mah paham kana hukum syari'at boh nu wajib atawa nu haram, kayaning
terang kana kawajiban shalat, shaum sareng ibadah nu sanesna, oge terang kana
rupa rupa panyarek Allah. tapi kusifat hayang moncor, ku nembongkeun nambalang
(ngabantah) ka Allah, kedul ngalaksanakeun ibadah sarta teu mirosea kana
sajumlah panyarek Allah swt.
Ari
sifat Pasek teh aya tingkatanana, ti ngawitan anu pang luhurna nyaeta anu
jelas-jelas ngabantah kana parentah Allah sacara terang terangan nepi ka nu
pang hampangna anu ngan ukur remen migawe hal-hal anu dilarang ku agama,
kayaning teu malire kana waktu shalat, sering ngabohong, ghibah (ngomongkeun
batur).
Lamun
mah ka Allah remen ngabantah, sok komo deui ukur omongan- omongan anu bohong
mah, geus asa teu dosa deui, Padahal Rasulullah saw parantos ngelingan ka
umatna anu ngaku cinta sarta bade mitutur ka galur kangjeng Rasul :
عَنْ بَهْزِ بْنِ حَكِيْمٍ
عَن ْ أَبيِهِ عَنْ جَدِيهِ قَالَ : َسمِعْتُ النَّبيِّ : وَيْلُ لِلَّذِيْنَ
يحُدِثُ باِلْحَدِيْثِ لِيُضْحِكَ بِهِ الْقَوْمُ فَيَكْذِبَ وَيْلٌ لَهُ وَيْلٌ
لَهُ
Katampi ti Bahz bin Hakim ti bapana ti eyangna Anjeuna
sasauran : Parantos ngandika Rasulullah saw: “Bakal Cilaka sing saha anu
cacarita, tapi ku jalan ngabohong lantaran dina raraga ngahibur sangkan
ngadatangkeun pikaseurieun Cilaka eta teh " ( HR Tirmidzi)
Kiwari
meh teu karasa deui ku urang yen urang tanpa sadar geus ancrub kana kancah
kabiasaan jalma loba anu ngarasa reueues lamun milu icikibung dina kabiasaan
oper berita anu di sawang berita na aheng, bari jeung poho naha eusining warta
teh bener atawa salah, hoax atawa lain naon euisina boa boa eusina fitnah atawa
omongan jalma nu keur ngarandapan kuciwa jeung keur boga rasa ngewa ka hiji
golongan terus di earkeun, disalabarkeun keur ngaliarkeun taleus ateul sangkan
rame di dunia maya.
Ma'asyirol
mu'minin sidang jum'ah RK
Lamun
urang yakin yen bakal mulang ka Allah, bakal mintonkeun hasil amal, atuh tetela
wajib ati ati, kuduna awas, waspada ngaraksa awak, sabab awak anu digadekeun ka
naraka, anu jadi tandonna.
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ
آمَنُوا عَلَيْكُمْ أَنْفُسَكُمْ لَا يَضُرُّكُمْ مَنْ ضَلَّ إِذَا اهْتَدَيْتُمْ
إِلَى اللَّهِ مَرْجِعُكُمْ جَمِيعًا فَيُنَبِّئُكُمْ بِمَا كُنْتُمْ تَعْمَلُونَ
Yeuh jalma jalma anu ariman ! Geura raksa diri maraneh
! Kasasran jalma anu salasar teh moal bisa nyilakakeun maraneh upama maraneh meunang
pituduh. Nya ka Allah pang balikan maraneh sakabeh sarta bakal diwartikeun ka
maraneh wawales kana saniskara anu ku maraneh geus dilampahkeun. (QS Al
Maidah 105)
Ayat Ieu
ngemutan ka urang pikeun tetep aya dina ugeran pituduh Allah swt. Lamun Urang
rumasa aya dina ugeran atanapi beungkeutan anu simpayna ku tali Allah, tangtu
moal nyoba-nyoba neangan liang pikeun moncor. Ucap tekad lampah kudu aya dina
jalan anu dipikaridho ku Mantenna.
Pangandika Rasulullah saw :
عن ابن مسعود رضي الله عنه
قال, قال رسول الله صلى الله عليه وسلم , " عَلَيْكُمْ بِالصِّدْقِ فَإِنَّ الصِّدْقَ
يَهْدِي إِلَى الْبِرِّ وَإِنَّ الْبِرَّ يَهْدِي إِلَى الْجَنَّةِ وَمَا يَزَالُ
الرَّجُلُ يَصْدُقُ وَيَتَحَرَّى الصِّدْقَ حَتَّى يُكْتَبَ عِنْدَ اللَّهِ
صِدِّيقًا وَإِيَّاكُمْ وَالْكَذِبَ فَإِنَّ الْكَذِبَ يَهْدِي إِلَى الْفُجُورِ
وَإِنَّ الْفُجُورَ يَهْدِي إِلَى النَّارِ وَمَا يَزَالُ الرَّجُلُ يَكْذِبُ
وَيَتَحَرَّى الْكَذِبَ حَتَّى يُكْتَبَ عِنْدَ اللَّهِ كَذَّابًا"
Ka tampi ti Ibnu Mas'ud ra, anjeuna sasuran yen Parantos
ngandika Rasulullah saw. " Omat aranjeun kudu jujur lantaran satemena
jujur teh bakal mawa kana kahadean, sarta kahadean bakal ngaping ka Sawarga.
Teu petot-petot hiji hamba kana kajujuranana sarta bener-bener jujurna nepi ka Allah
bakal netepkeun atawa nyatet, jalma eta jalma anu jujur. Sarta poma sing ati-ati
kana kabohongan, lantaran saestuna ngabohong bakal mawa kana kagorengan sarta
kagorengan bakal nyered kana Naraka. Sarta teu petot-petot hiji jalma
ngalampahkeun kabohongan sarta bener- bener aya dina kabohongan, nepika Allah
bakal nyatet eta jalma jadi tukang bohong (HR Bukhari &Muslim)
بارك الله لى ولكم فى
القران العظيم ونفعنى وإياكم بما فيه من الايات والذكر الحكيم وتقبل منى ومنكم
تلاوته إنه هو السميع العليم
Tidak ada komentar:
Posting Komentar