Sabtu, 14 Mei 2022

DO'A LEBARAN

 

DU’A LEBARAN

(Materi Halal Bi Halal)

Ku : Ang Hidayah

 

                Urang sering nguping bahkan ku urang sok dibaca dina nalika saba’da lebaran lamun tepung jeung babaturan, tepung jeung baraya atawa jeung tatangga, sok maca du’a atawa ucapan selamat :

مِنَ الْعـَائِدِيْنَ وَالفآئِزِيْنَ

            Padahal lengkapna mah :

اَللَّهُمَّ اجْعَلْنَا مِنَ الْـعَائِدِيْنَ وَالْفَائِزِيْنَ (جَعَلَنَا اللهُ مِنَ الْعَائِدِيْنَ وَالفآئِزِيْنَ )

“Mugi Gusti ngajantenkeun abdi sadaya ti golongan jalmi anu kembali kana kasucian sareng janten jalmi anu bagja”

            Naha kudu didu’akeun supaya balik deui kana kasucian?, sabab asalna manusa teh suci, sakumaha pidawuh Rosulullah SAW :

كُلُّ مَوْلُودٍ يُولَدُ عَلَى الْفِطْرَةِ، فَأَبَوَاهُ يُهَوِّدَانِهِ أَوْ يُنَصِّرَانِهِ أَوْ يُمَجِّسَانِهِ

“Sakur orok anu kakara lahir eta suci, maka bapana anu ngayahudikeun, anu nganashronikeun, jeung anu ngamajusikeunna”

            Ari maksudna suci nyaeta akur jeung katangtuan agama, sakumaha ditafsiran ku Al-Qur’an :

فَاَقِمْ وَجْهَكَ لِلدِّيْنِ حَنِيْفًاۗ فِطْرَتَ اللّٰهِ الَّتِيْ فَطَرَ النَّاسَ عَلَيْهَاۗ لَا تَبْدِيْلَ لِخَلْقِ اللّٰهِ ۗذٰلِكَ الدِّيْنُ الْقَيِّمُۙ وَلٰكِنَّ اَكْثَرَ النَّاسِ لَا يَعْلَمُوْنَۙ

“Maka padepkeun wajah anjeun kana agama anu lurus, kalawan fitrah Allah anu nyiptakeun manusa nurutkeun eta fitrah, teu aya parobahan kana eta fitrah Allah, nyaeta Agama anu lurus. Tapi kalolobaannana manusa henteu arapal” (Q.S. Ar-Ruum :30)

            Maksudna ieu ayat, yen sakabeh manusa teh dilahirkeun ka alam dunya geus dipelakan kaimanan jeung katauhidan dina dirina. Sakumaha ikrarna baheula di maqom jam’i (Tempat kumpul ruhani memeh gubrag ka alam dunya), yen dirina sanggup nyekel agama Islam, agama anu dipika ridho ku Allah. Tapi dina praktekna jeung dina kenyataannana teu saeutik manusa anu nukang nonggong ka Allah, teu saeutik manusa anu ngaku dirina mu’min, tapi ari kana dosa mah ngeureuyeuh.

            Kulantaran sakitu, mangsana lebaran mah saba’da ngajalankeun shaum dina bulan romadhon di du’akeun :

مِنَ الْعـَائِدِيْنَ وَالفآئِزِيْنَ

            Pedah Rosulullah parantos ngadawuh :

مَنْ صَامَ رَمَضَانَ إِيمَانًا وَاحْتِسَابًا غُفِرَ لَهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنْبِهِ

“saha jalma anu puasa dina bulan romadhon, bari dibarengan ku kaimanan jeung kaikhlasan pasti bakal dihampura sadaya dosa anu pernah dilakukeun ku manehna”

            Tapi teu sakabeh dosa bisa dikifaratan ku puasa, da aya dosa anu teu bisa dikifaratan ku naon-naon kajaba kudu tobat.

            Ari syaratna sangkan urang bersih tina dosa saperti orok anu kakara lahir, eta aya opat. Sakumaha anu dijelaskeun ku Allah dina ayat saterasna :

مُنِيْبِيْنَ اِلَيْهِ وَاتَّقُوْهُ وَاَقِيْمُوا الصَّلٰوةَ وَلَا تَكُوْنُوْا مِنَ الْمُشْرِكِيْنَ

“Kalawan baralik deui ka Allah jeung kudu taqwa aranjeun ka Allah jeung kudu ngadegkeun Shalat sarta ulah kabawa ku golongan jalma musyrik” (Q.S. Ar-Ruum :31)

Ari Syarat anu opat teh :

1.      THOBAT

Setiap manusa rek karasa atawa henteu, dihaja atawa henteu pasti pernah migawe dosa jeung ma’shiyat ka Allah. Boh ku migawe larangannana atawa ku ninggalkeun kawajibannana. Ari cara pikeun ngaleungitkeun eta dosa jeung ma’shiyat ku jalan thobat. Ari thobat teh nyuhunkeun hampura ka Allah tina sadaya dosa. Ngan moal bisa thobat lamun teu ngarasa diri boga dosa. Atuh samemeh thobat teh kudu mapay-mapay heula kasalahan awak sorangan, ngoreksi kasalahan diri. Geus kapanggih kakara thobat ka Allah.

 

2.       TAQWA

Sakumaha kasauran Syeikh Al-Hasan Al-Bashri :

لَيْسَ الْعِيْدُ لـِمَنْ لَبِسَ الـْجَدِيْدَ، إِنَّـمَا الْعِيْدُ لـِمَنْ طَاعَاتُهُ تَزِيْدُ

“ Ari lebaran lain pikeun jalma anu alus pakeannana, tapi lebaran mah pikeun jalma anu tambah-tambah tho’atna”.

 

Jadi ku urang bisa kabaca, saha jalma anu ‘Idul Fitri’ teh? Urang bisa ngontrol diri sorangan, naha diri teh tambah-tambah tho’at atawa henteu.

Lamun keur puasa sok getol tahajjud, maca Qur’an jeung ibadah-ibadah sejenna, naha eta ibadah teh angger sarta kabawa dina bulan syawwal jeung bulan-bulan saba’dana atawa henteu? Lamun angger jeung bisa kababawa kana bulan-bulan saba’dana eta ciri anu ‘Aidin.

 

3.       NGALAKSANAKEUN SHOLAT

Ari Sholat teh tihangna agama, Sholat bisa jadi barometer kana kaimanan jeung kataqwaan manusa, oge ku ngalaksanakeun Sholat manusa bisa eureun tina ma’shiyat. Sakumaha pidawuh Allah SWT :

وَأَقِمِ الصَّلَاةَ ۖ إِنَّ الصَّلَاةَ تَنْهَىٰ عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ

“Anjeun kudu ngadirikeun Sholat, saestuna Sholat eta bisa nyegah tina kagorengan jeung kamungkaran”. (Q.S. Al-Ankabut : 45)

 

Jadi  jalma anu ngalaksanakeun Sholat katingali bener-bener nyekel agamana. Sabab Sholat mangrupa cermin tina amal ibadah anu sejenna. Lamun jalma bener dina sholatna, tangtu bakal bener sakabeh amalna, tapi sabalikna, lamun Sholatna henteu bener komo bari sering kaliwat mah, mana komo ibadahna nu sejenna.

 

4.      ULAH MUSYRIK KA ALLAH

Boh musyrik dina aqidah, saperti aya deui kapercayaan ka lianti Allah, boga teqad aya deui pangeran jeung anu wajib disembah ka lianti Allah. Percaya yen batu ali aya mawatna, jeung sajabana. Atawa Musyrik Khofi, nyaeta ibadah lain karana Allah, saoperti ibadah dibarengan ku Riya, takabbur jeung sajabana, atawa ku ibadahna ngudag tujuan kadunyaan.

 

            Do’a anu kadua dina lebaran teh nyaeta nyuhunkeun FAIZIN, jadi jalma anu bagja di dunya jeung di akherat.

 

            Ari syaratna FAIZIN tegesna pikeun nu hayang meunang kabagjaan di dunya jeung diakherat eta aya TILU, sakumaha anu di dawuhkeun ku Allah :

اَلَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَهَاجَرُوْا وَجَاهَدُوْا فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ بِاَمْوَالِهِمْ وَاَنْفُسِهِمْۙ اَعْظَمُ دَرَجَةً عِنْدَ اللّٰهِ ۗوَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْفَاۤىِٕزُوْنَ

“Ari jalma-jalma anu iman jeung hijrah sarta jihad dijalan Allah, boh ku harta bandana jeung ku dirina eta leuwih luhur darajatna mungguh Allah, jeung maranehna anu meunang kabagjaan” (Q.S. At-Taubah : 20)

Tegesna :

1.       Kudu boga kaimanan anu kuat, Iman anu tembus kana rasa, rasa anu timbul tina jiwa, sahingga eta iman tiasa ngabuahkeun kana ma’rifat. Ari carana nguatan Iman eta ku tilu jalan :

a.      Ku nambahan Ilmu, sabab moal bener iman lamun teu dibarengan ku Ilmu.

b.      Ku migawe Amal sholeh jeung ngajauhan ma’shiyat.

c.       Ku Mujalasatussholihin, nyaeta masamoan jeung jalma-jalma saroleh, supaya diri kabawa jadi jalma anu sholeh.

2.       Kudu Hijrah, hijrah anu luas ma’nanaterutama mujahadatunnafsi, ngahijrahkeun diri tina ma’shiyat kana thoat, jeung ngahijrahkeun diri ku ngajauhan larangan Allah.

3.       Kudu Jihad dijalan Allah. Ari jihad teh lain perang bae, tapi anu penting nanjeurkeun syi’ar agama Allah, sangkan agama islam henteu dihina ku batur jeung ummat muslimin tiasa tengtrem jeung aman ngajalankeun agamana.

 

Ari carana JIHAD, eta aya dua rupa :

1)      Jihad ku harta, saperti ngabangun sarana ibadah jang kapentingan umat islam, mengentaskan kemiskinan, ku jalan shodaqoh jeung ngabantu perekonomian ummat Islam anu lalemah.

2)      Jihad ku Diri. Saperti ngerahkeun tanaga, fikiran, bahkan nyawa pikeun ngabela Agama Islam. Sangkan Agama Islam pada ngajenan boh ku Ummatna atawa ku deungeun-deungeun.

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

KHUTBAH JUM'AH

NASAB HABIB BA ALAWI SEPERTI MALAM LIKURAN

Para habaib sering mengungkapkan narasi bahwa, nasab para habib Ba Alawi sudah terang benderang bagaikan matahari di sianghari. Jika di sian...