Alloh bakal maparin kahirupan anu alus di dunya jeung maparin
balesan tina sagala perbuatan anu alus, kalayan timbalan anu langkung
sae mangrupakeun janji Alloh pikeun jalma anu beramal soleh dibarengan
ku kaimanan.
Kahirupan anu alus lain ladang kamampuan, kapinteran jeung kabengharan tapi murni anugrah Alloh.
Kahirupan anu alus lain ladang kamampuan, kapinteran jeung kabengharan tapi murni anugrah Alloh.
Penjelasan
Berdasar tina kacamata ‘aqoid, ta’aluq sifat qudrot tos ditulis di loh mahfudzh sagala hal anu bakal terjadi. Ketentuan manusa hirup eta tos ditentukeun sememeh manusana di ciptakeun.Dawuh Alloh كُلٌّ فِىْ كِتَابٍ مُبِيْنُ, sadayana parantos tuntas ditulis dina catatan loh mahfudzh. Termasuk catatan anugrah, musibah, bungah jeung susah, untung jeung rugi.
Kasuksesan hirup lain kupedah ayana kamampuan individu, lain kupedah kakuatan nu aya di diri. Eta mah wungkul anugrah ti Alloh. Lamun sukses hirup kupedah pinter, kunaon loba nu pinter tapi hirupna teu sukses. Lamun kahirupan sukses kupedah loba harta, kunaon nu loba hartana kabingungna leuwih loba. Lamun sukses kupedah boga keterampilan, seer anu boga talenta tapi hirupna teu sukses. Sanajan belajarna jelma sakuat tanaga hoyong mencapai harapan jeung cita-cita, angger moal tiasa ngerenkeun ketentuan-ketentuan Alloh. Anapon aya dawuh Alloh dina surah al-Baqoroh ayat 286:
لَهَا مَا كَسَبَتْ وَعَلَيْهَا مَا اكْتَسَبَتْ
“Keterkaitan karya dengan hasil hade dipulang hade, goreng dibalikeun goreng.”(Q.S. al-Baqoroh:286)Eta mah semata hubungan jeung ayat adat tatakrama kasopanan, hente ngabongkar kana hakekat qudrot irodatna Alloh.
Lamun urang jadi jalma anu benghar, eta teh ketentuan bengharna tos aya ti ajalina. Manusana can dijieun tapi bengharna geus dijieun. Sementara hirup jeung berkaryana urang beulah dieu keneh. Ketentuan kabengharan dibikeun kahiji jelma anu jelmana can dijieun ku Alloh. Maka lamun dipikir mah teu aya korelasi, teu aya sambungan hakekat antara sukses dina kahirupan pakait patalina jeung karya-karya kasabna manusa. Padahal eta mah semata anugrah ti Alloh sanes ladang karya diri.
Pangna diobrolkeun, lamun sikap jeung prilaku urang teu aya korelasi jeung anugrah ti Alloh, maka muncul pikiran “lamun kitu teu perlu ngalakukeun sesuatu da kabehana oge geus ditangtukeun. Teu perlu berkarya positif, teu perlu beramal soleh, sabab beramal soleh ge teu aya korelasi (sambungana) jeung bentuk kahirupan da tetep kahirupan mah mangrupakeun keputusan ti Allloh".
Supaya hente nincak ka arah eta, maka sing apal heula, aya مَا فِى عِلْمِ الله sesuatu aya dina panguningana Alloh, itu mah teu tiasa dirubah. Benten jeung dina ketentuan loh mahfudzh مَا فِى لَوْحِ الْمَحْفُوظ, eta mah masih bisa. Seperti dina do’a nisfu sya’ban upami catatan taun ayena nasib abdi awon maka abdi nyuhunkeun pupus gentos nasib awon abdi kunu sae, sabab aya indikasi ketentuan loh mahfudzh bisa barobah.
Naon atuh karya anu bisa merekomendasi (nentukeun) kana kasuksesan padahal dirina can berkarya tapi Alloh mah ges nangtukeun anugrahna?? Alloh ngadawuh dina suroh an-Nahl ayat 97:
مَنْ عَمِلَ صَالِحًا مِنْ ذَكَرٍ أَوْ أُنْثَى وَهُوَ
مُؤْمِنٌ فَلَنُحْيِيَنَّهُ حَيَاةً طَيِّبَةً وَلَنَجْزِيَنَّهُمْ
أَجْرَهُمْ بِأَحْسَنِ مَا كَانُوا يَعْمَلُونَ
“Sing saha jalma anu berlaku amal soleh (tetep ngalaksanakeun imtistal jeung ijtinab ti Alloh) disikapi dengan iman (dalam kondisi apapun), maka Alloh bakal ngajamin kahirupan anu thoyyibah jeung di akheratna bakal menang buruh ladang pagaweana di dunya.”(Q.S.an-Nahl:97)Nu kumaha nu dirasakeun hayatan thoyyibah? Subhanalloh, mungkin moal aya nu bisa nerangkeun nu kumaha nu disebut hayatan thoyyibah. Kabahagiaan anu moal kaukur,kasejahteraan anu hente bisa dibandingkeun,kahirupan anu memang puncak kabahagiaan hirup bakal dipaparinkeun ku Alloh ka jalma anu gawe amal soleh dibarengan ku iman.
Mengejar hayatan thoyyibah ulah malah ninggalkeun kawajiban-kawajiban ti Alloh anu nempel ka diri. Hayalan wungkul neangan kasuksesan hirup lamun malah ninggalkeun aturan-aturan Alloh. Da menangna hayatan thoyyibah mah ku jalan amal soleh bari di barengan kaimanan.
Nu jelas moal aya kahirupan paling unggul nu dijelaskeun ku Alloh dina al-Qur’an kecuali menangna hayatan thoyyibah, sampai cahayana ge sumilat ka langit dina pada luar biasa teu bisa digambarkeun, tur di akheratna bakal menangkeun lipatan-lipatan buruh ti Alloh, ladang cape ngalakukeun parentah, ladang cape ninggalkeun nu dilarang ku Alloh.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar