Riyadloh wengi kemis, 27 Januari 2016
Kaagungan jeung kamulyaan di khususkeun pikeun Alloh, para utusan Alloh jeung pikeun sadaya nu ariman. Moal dibikeun kamulyaan jeung kaagungan ka jalma anu Munafiq. Alloh oge maparin petunjuk anu kudu dilakukeun ku jalma Mu’min pikeun menangkeun kaagungan jeung kamulyaan nyaeta kudu ngarasa jadi hamba Alloh anu butuh ku Alloh.
Moal jadi mulya jalma anu butuh ku harta jeung kamulyaan. Salah sawios kisoh ngabuktikeun disaat Qorun, dirina jeung sagala milikna di lelepkeun kana jero taneh.
Kaagungan jeung kamulyaan di khususkeun pikeun Alloh, para utusan Alloh jeung pikeun sadaya nu ariman. Moal dibikeun kamulyaan jeung kaagungan ka jalma anu Munafiq. Alloh oge maparin petunjuk anu kudu dilakukeun ku jalma Mu’min pikeun menangkeun kaagungan jeung kamulyaan nyaeta kudu ngarasa jadi hamba Alloh anu butuh ku Alloh.
Moal jadi mulya jalma anu butuh ku harta jeung kamulyaan. Salah sawios kisoh ngabuktikeun disaat Qorun, dirina jeung sagala milikna di lelepkeun kana jero taneh.
Penjelasan
Hayu urang dangukeun nasehat ti Ahli Elmu jeung Ahli Hikmah. Jalmi anu ilmu oge imana tinggi. Anjeuna masihan komentar tina masalah tujuan emosi anu aya dina diri, tujuan nafsu anu aya di sakabeh manusa. Dimana ilahar sadayana oge hoyong kaluar tina ruang masalah anu poek, hoyong indit ka lapangan ti kamar anu sempit. Dirina terus-terusan protes, neangan hiji perkara anu enak.Pikeun ngaraih harapan kangge ngabuka rante anu meulit dina diri, sok aya jalan pintas anu ngamanfaatkeun pikeun mengkolkeun dirina. Sahingga satiap waktu jeung satiap saat dipake lempang, tapi sakabeh laku lampahna sok ninggalkeun naon wae parentah Alloh anu tumiba ka dirina. Bahkan wani ngalakukeun naon wae perkara anu di haramkeun ku Alloh. Eta mah jalan pintas anu sasar. Padahal Alloh swt tos ngadawuhkeun dina surah al-Munafiqun ayat 8:
وَلِلَّهِ الْعِزَّةُ وَلِرَسُولِهِ وَلِلْمُؤْمِنِينَ وَلَكِنَّ الْمُنَافِقِينَ لا يَعْلَمُونَ
“Saenyana tahta kamulyaan ku Alloh ngan ukur di spesialkeun pikeun Alloh, para utusan Alloh jeung manusa anu Iman. Diluar anu eta mah (Munafik) moal di bere.” (Q.S. al-Munafiqun:8)Jadi lamun urang hayang kaluar tina masalah kahirupan, ulah aprak-aprakan jeung indit teu puguh, tapi kudu indit anu jelas. Alloh masihan jaminan sukses anu ageung pikeun jalma anu Iman.
Bahasa sukses teh umum tergantung pandangan persfektif urang ningali bahasa sukses eta. Kokolot desa bisa jadi jalma anu paling sukses, tapi di pandangan camat mah eta jadi anak buahna. Jadi sukses anu murni mah sukses anu global.
Jalmi Mu’min anu kumaha nu bisa menangkeun kasuksesan ti Alloh?? Dina surah Fatir ayat 15 Alloh ngadawuhkeun:
يَا أَيُّهَا النَّاسُ أَنتُمُ الْفُقَرَاء إِلَى اللَّهِ . وَاللَّهُ هُوَ الْغَنِيُّ الْحَمِيدُ
“Mu’min anu bisa mosisikeun diri pribadi nu sabenerna. Dina dirina tumbuh rasa faqir, rasa butuh tapi lain butuh kana material anu teu aya, tapi butuh kana dzat Alloh anu maha sugih.” (Q.S. Fatir:15)Dina harti anu bisa menangkeun kamulyaan Alloh mah jalma anu tumbuh dina pikiran jeung prasaana butuh ku Alloh.
Ari butuh mah da sarerea ge ker butuh, tapi kabutuhan anu loba teu ngajadikeun syarat pikeun turuna kamulyaan (‘izzah) ti gusti Alloh. Sabab ‘izzah anu di turunkeun ka jalmi Mu’min eta mah wungkul pikeun Mu’min anu mikir jeung boga rasa bahwa hirup teh butuh ku Alloh. Teu aya deui anu di pikabutuh iwal ti ka Alloh.
Alloh ngadugikeun bahwa jalma Munafik moal kabagean. Sabab Munafik mah anu ngecap dirina muslim tapi teu pernah ngaflikasikeun kaimananana, teu pernah ngalakukeun titah parentahna Alloh.
Urang ges boga dasar pikeun menangkeun kaunggulan anu di paparinan ku Alloh nyaeta ayana iman, tinggal numbuhkeun rasa faqir (butuh) ka Alloh ku jalan ngalaksanakeun imtistal jeung ijtinabna Alloh.
Ibnu ‘Athoilah dina kitab Hikam masihan kata-kata hikmahna:
تَحَقَّقْ بِأَوْصَافِكَ يَمُدُّكَ بِأَوْصَافِهِ،
وَتَحَقَّقْ بِذِلِّكَ يَمُدُّكَ بِعِزِّهِ، وَتَحَقَّقْ بِعِجْزِكَ
يَمُدُّكَ بِقُدْرَتِهِ، وَتَحَقَّقْ بِضَعْفِكَ يَمُدُّكَ بِحَوْلِهِ
وَقُوَّتِهِ
“Nyatakeun sifat anu aya didiri anjeun, maka Alloh bakal masihan lobana pertolongan. Nyatakeun dina hate saenyana diri ngarasa anu hina, maka Alloh bakal nurunkeun kamulyaanana. Saha anu ngarasa teu walakaya, maka kamampuan Alloh bakal dibikeun. Saha anu ngarasa diri lemah dihadapan Alloh maka kakuatan Alloh bakal diturunkeun ka eta jalma.”Ieu lain rekayasa, lain basa basi tapi janjina Alloh. Sajauhmana tingkat iman urang, maka sajauh eta oge pemahaman jeung pengertian anu aya di diri urang.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar