Senin, 19 September 2022

NYANGHAREUPAN MUSIBAT ( RIYADLOH BULAN SHOFAR )

 RIYADLOH BULAN SAFAR 221107


Kudu hade sangka ka Alloh SWT, yen urang salamina aya dina rohmat sareng kanyaah Alloh, sing yakin yen Alloh Ar-rouf Ar-Rohim, maha asih deudeuh pisan ka hambana.
Shofar, hartosna kosong, atawa tiupan angin, urang kedah yakin yen Alloh bakal nakdirkeun nu hade pikeun urang.
Alloh ngadawuh dina surat At-Taubah Ayat 51;
قُل لَّن يُصِيبَنَآ إِلَّا مَا كَتَبَ ٱللَّهُ لَنَا هُوَ مَوْلَىٰنَا ۚ وَعَلَى ٱللَّهِ فَلْيَتَوَكَّلِ ٱلْمُؤْمِنُونَ
"Moal Aya anu keuna ka urang sarerea kajaba anu geus dipastikeun ku Alloh anu jadi pangeran urang, maka Mu'minin wajib tawekal, percaya penuh ka Alloh".
Ulah cangcaya, ulah loba kasieun, sabab lamun iman urang kuat, Alloh bakal masihan pituduh, dawuhna
QS At-Taghobun Ayat 11;
مَآ أَصَابَ مِن مُّصِيبَةٍ إِلَّا بِإِذْنِ ٱللَّهِ ۗ وَمَن يُؤْمِنۢ بِٱللَّهِ يَهْدِ قَلْبَهُۥ ۚ وَٱللَّهُ بِكُلِّ شَىْءٍ عَلِيمٌ
"Moal aya musibat anu datang kajaba izin Alloh, jeung saha jalma anu percaya tegesna iman ka Alloh, hatena bakal dibere pituduh ku Alloh, Alloh anu maha uninga kana sagala perkara."
Moal aya anu bisa ngahalangan kana kersaning Alloh, kabeh hade goreng ku Alloh, maka sing yakin kana Rohman jeung Rohimna Alloh.
Dina surat Yunus ayat 107:
وَإِن يَمْسَسْكَ ٱللَّهُ بِضُرٍّ فَلَا كَاشِفَ لَهُۥٓ إِلَّا هُوَ ۖ وَإِن يُرِدْكَ بِخَيْرٍ فَلَا رَآدَّ لِفَضْلِهِۦ ۚ يُصِيبُ بِهِۦ مَن يَشَآءُ مِنْ عِبَادِهِۦ ۚ وَهُوَ ٱلْغَفُورُ ٱلرَّحِيمُ
"Lamun Alloh nibakeun kamadaratan ka anjeun maka moal aya nu bisa ngaleungitkeun kajaba Anjeuna, kitu deui lamun Alloh ngersakeun anjeun hade, moal aya anu bisa nolak kana nugrahana, Alloh masihan kahadean ka saha bae sakersana, Anjeuna anu seueur hampurana sareng seueur asihna".
Saur Kangjeng Rosul:
عن أبي هريرة – رضي الله عنه –
أن رسول الله -صلى الله عليه وسلَّم- قال:
“عجباً لأمر المؤمن إن أمره كله له خير، إن أصابته سراء شكر فكان خيراً له،
وإن أصابته ضراء صبر فكان خيراً له”
"Hebatna jalma kabeh perkara oge bisa jadi hade. Lamun datang kabungah tuluy syukur, maka jadi hade, lamun datang kamadaratan tuluy sabar, maka eta ge jadi hade".
Lamun meunang musibat buru-buru ngadu'a ka Alloh sakumaha conto ti Rosul;
إِنَّا للَّهِ وَإِنَّا إِليهِ رَاجِعُونَ: اللَّهمَّ أجرني في مُصِيبَتي،
وَاخْلُف لي خَيْراً مِنْهَا
"Abdi milik Alloh jeung bakal balik ka Anjeuna, ya Alloh salametkeun abdi dina musibat ieu, gentosan ku papasten nu langkung sae kanggo abdi".

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

KHUTBAH JUM'AH

NASAB HABIB BA ALAWI SEPERTI MALAM LIKURAN

Para habaib sering mengungkapkan narasi bahwa, nasab para habib Ba Alawi sudah terang benderang bagaikan matahari di sianghari. Jika di sian...