RIYADLOH KEMIS
HUSNUL KHOTIMAH
(من قال لا إله إلا الله ابتغاء وجه الله ختم له بها دخل الجنة، ومن تصدق بصدقة ختم له بها دخل الجنة) رواه الإمام أحمد وغيره
"Saha jalma anu ngucapkeun kalimah tahlil, yen teu aya deui pangeran anging Alloh, tur jadi tungtung ucapanana, pasti asup ka surga, kitu deui jalma anu shodaqoh tur jadi tungtung kalakuanana, maka pasti kan surga".
Supaya Istiqomah dina ibadah tur meunang husnul khotimah, maka lakukeun 5 perkara;
1. Resep jeung cinta kana ka alusan.
2.Cinta ka jalma anu tukang migawe kahadean, teges na ahli khoir.
3. Sing ngarasa bungah jeung betah dina nalika migawe kahadean
4. Sing bisa ngarasa prihatin jeung nalangsa domana ngalakukeun kagorengan.
5. Sing yakin yen amal urang ditampi ku Alloh najan saeutik.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar