Sing yakin ka Gusti, enyakeun percayana, ulah saeutik ogé aya kacangcayaan, komo kamangmangan, sabab jangji Gusti pasti, hamo keuna ku jalir jangji. "Innallooha Laa Yukhliful Mii'aad."
Karipuh di alam dunya leuwih hadé, batan karipuh datangna jaga di akhérat. Sab, karipuh di alam dunya bisa kénéh diikhtiyaran jalan kaluarna, bisa diusahakeun pikeun nyinglarna. Coba mun seug karipuh datangna jaga di akhérat, cilaka pisan, euweuh waktu keur nyinglar, euweuh mangsa keur usaha nyingkahanana, sab di akhérat mah alam balitungan, na'udzu billaahi min dzaalik.
Matak mun di dunya datang ka susah, anggap wéh atikan Allah keur datang ka diri malar kuat, malar motékar, malar ikhtiyar, loba hal nu teu sadar yén éta panuyun ti Allah ka diri nu teu langsung, sangkan diri jadi mandiri, teu ngagantungkeun sagalana ka nu lian, sabab mun geus napel pamadegan diri teu ngagantungkeun diri ka nu lian, maksudna teu ngariripuh ka sasama, ieu laku mulya dipayuneun Allah, saur Kanjeng Nabi Shallallahu 'Alaihi wa Sallam dina Haditsna, "Yén kamulyaan jalma Mu'min téh, nalika manéhna henteu jadi bangbaluh riripuh sasamana."
Rejeki tos diatur ku Allah, moal aya istilah pahili, bagja tos ditetepkeun ku Allah, moal aya istilahna kaala ku batur. Masing yakin kana hal éta, sab mun geus jadi katangtuan milik urang, hamo aya nu bisa ngahalangan.
Ayeuna tinggal nepi kamana urang ngayakeun usaha, sab milik kahirupan tos ditaker ku Allah tinggal urang narimakeun kana naon nu jadi katangtuan MantenNa.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar