اَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِيْ اَمَرَنَا بِالتَّقْوَى لِنَيْلِ رِضَاهُ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَ اَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا وَنَبِيَّنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ . اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى ءَالِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ تَبِعَه‘ اِلَى يَوْمِ الْقِيَامَةِ . اَمَّا بَعْدُ فَيَا عِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ بِامْتِثَالِ اَوَامِرِهِ وَاجْتِنَابِ نَوَاهِيْهِ . اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : وَ اَنِيْبُوْا اِلَى رَبِّكُمْ وَ اَسْلِمُوْا لَهُ مِنْ قَبْلِ اَنْ يَأْتِيَكُمُ الْعَذَابُ ثُمَّ لَا تُنْصَرُوْنَ
Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !.
Pidawuh
Gusti Allah SWT anu nembe dioskeun mangrupi lajengan ayat anu sateuacanna anu
ditujukeun ka jalmi-jalmi anu hirupna katalanjuran dina ngalajur hawa nafsu
tunggul dirarud catang dirumpak, teu malire batal sareng haram, tapi Gusti
Allah Anu jembar Pangampura tur Maha Welas Asih teu bade nutup kanyaah sareng
pangampura ka sing saha bae anu leres-leres ngamaksad babalik pikir, Gusti
Allah ngalarang putus asa, ulah pegat pangharepan tina miharep kanyaah sareng
pangampura-Na.
Lajengan
eta ayat nyaeta sakumaha daoskeun nembe dina bubuka khutbah tadi anu
pihartoseunana: " Jeung geura marulang ka Pangeran aranjeun, sarta geura
sumerah diri ka Anjeunna samemeh siksaan tumiba ka aranjeun turta aranjeun
henteu bisa ditulungan deui". .{ QS. Az-Zumar, ayat 54 }.
Gusti
Allah miwarang sangkan enggal-enggal geura saladar, babalik pikir, areling ka
Mantenna, teu kenging tonggoy bae dina ngalajur hawa nafsu, ngumbar syahwat,
hare-hare, teu merduli piwarangan sareng larangan. Gusti Allah miwarang sumerah
diri ka Mantenna ku ngalaksanakeun kataatan sareng nebihan cegahanana, miwarang
narurut kana anu pangsae-saena anu diturunkeun, buktosna Al-Qur`an. Hal ieu
bilih kabujeng ditibanan siksaan ku Gusti Allah kalawan dadaksakala dina kayaan
henteu saladar. Margi dimana-mana siksaan tos tumiba mah bakal aya jalmi anu
nyarios sakumaha pidawuh Gusti Allah dina terasan eta ayat :
اَنْ تَقُوْلَ نَفْسٌ يَّا حَسْرَتَى عَلَى مَا
فَرَّطْتُّ فِيْ جَنْبِ اللهِ وَ اِنْ كُنْتُ لَمِنَ السَّاخِرِيْنَ
" Duh, kaduhung kaula tina saniskara kataledoran kaula
payuneun Allah, jeung saestuna kaula teh ti antara jalma-jalma anu
ngageuhgeuykeun ".
Atanapi bakal aya anu nyarios:
لَوْ اَنَّ اللهَ هَدَانِيْ لَكُنْتُ مِنَ
الْمُتَّقِيْنَ
" Upama Allah maparin pituduh ka kaula mah tanwande kaula
teh jadi ti antara jalmi-jalmi anu tarakwa".
Atanapi sapalihna aya deui anu nyarios nalika ningali siksaan :
لَوْ اَنَّ لِيْ كَرَّةً فَاَكُوْنَ مِنَ
الْمُحْسِنِيْنَ
"
Upama kaula dipulangkeun deui { ka dunya } mah tanwande kaula jadi ti antara
jalma-jalma anu ngalampahkeun kahadean".
Cariosan
jalmi-jalmi anu sapertos bieu ku Gusti Allah diwaler:
بَلَى قَدْ جَائَتْكَ ءَايَاتِيْ فَكَذَّبْتَ
بِهَا وَاسْتَكْبَرْتَ وَ كُنْتَ مِنَ الْكَافِرِيْنَ
"
Padahal sabenerna geus datang ka anjeun ayat-ayat Kami, tapi anjeun
ngabohongkeun, anjeun takabur { sombong }, anjeun ti antara golongan
jalma-jalma kafir ".
Dina
dinten kiyamat isukan, nasibna jalmi-jalmi anu ngalakukeun
kabohongan-kabohangan ka Allah bakal katingal raray-rarayna harideung {tarutung
geheng}, eta teh jahannam tempat mulangna jalma-jalma anu takabur, sombong.
وَيَوْمَ الْقِيَامَةِ تَرَى الَّذِيْنَ
كَذَّبُوْا عَلَى اللهِ وُجُوْهُمْ مُسْوَدَّةٌ قلى اَلَيْسَ فِيْ جَهَنَّمَ
مَثْوًى لِّلْمُتَكَبِّرِيْنَ
"
Jeung dina poe qiyamat, Anjeun { Muhammad } bakal ningali jalma-jalma anu
nyieun-nyieun kabohongan ka Allah tea, beungeutna tarutung geheng. Naha lain di
jahannam tempat mulangna jalma-jalma anu takabur teh ?". { QS. Az-Zumar,
ayat 60 }.
Hadirin,
Rahimakumullah !.
Ieu
ayat-ayat Al-Qur`an pidawuh Anu Maha Suci khususna ditujukeun ka jalmi-jalmi
kafir waktos harita jaman kanjeng Nabi SAW, tapi umumna ka jalmi-jalmi anu
tukang gawe ma`siyat, kalebet jalmi-jalmi anu iman tapi hirupna ngalajur hawa
nafsuna, silo, katipu ku pasilitas kahirupan dunya anu kapimilik, sahingga
ngalahirkeun sikep nukang-nonggong kana aturan ti Gusti Allah, sombong,
ngaguguyonkeun aturan-aturan agama, nyapirakeun piwarangan sareng larangan
Allah, ku kalakuan kituna mungkin akhirna mah janten jalmi anu kafir anu teu
percaya kana kahirupan akherat, teu percaya kana ayana balitungan amal di
akherat, kaluar tina iman sareng islam. Na`udzubillahi min dzaalik !.
Muga-muga
urang sadaya kalebet jalmi-jalmi anu iman sareng amal soleh sarta dijantenkeun
jalmi-jalmi anu husnul khotimah disarengan Pangampurana Allah SWT. Aamiin !.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar