Senin, 19 September 2022

TOMA' BINIH KAHINAAN

 RIYADLOH KEMIS

TOMA' BINIH KAHINAAN

Binih kahinaan manusa aya dina sifat rakus, rewog, hartosna hayang sagala loba, hayang sagala aya, teu cukup ku barang saeutik, teu syukuran ku kaayaan, hatena ngarep-ngarep loba harta, pikiranana hayang di bere ku batur, hayang barang nu aya di batur, ketergantungan ka jalma sejen, hayang leuwih beunghar, hayang leuwih mulya, hayang leuwih luhur jabatan.
Eta sifat jadi binih kahinaan, sabab sarua jeung teu syukur ka Alloh, teu ngalap cukup kana pamasihan ti Alloh, malah hawek, kajeun batur teu kabagean, teu aya rasa tawekal, teu pasrah sumerah ka Alloh, hatena gumantung kana dunya.
Saur Syekh Ibnu Atoillah;
ما بسقت أغصان ذلّ إلاّ على بذر طمع
"Moal manjangan dahan kahinaan kajaba ku binih toma' ".
Ubarna, kudu sabar, sadar, ngarasa cukup kunu aya, qona'ah, teu melong ka batur nu boga leuwih, tawekal, percaya diri yen wungkul Alloh nu masihan rizki, masihan kacukupan, masihan sagala kahayang diri, manusa mah kabeh ge sami, makhluk nu butuh kana rohmat jeung pamasihan ti Alloh.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

KHUTBAH JUM'AH

NASAB HABIB BA ALAWI SEPERTI MALAM LIKURAN

Para habaib sering mengungkapkan narasi bahwa, nasab para habib Ba Alawi sudah terang benderang bagaikan matahari di sianghari. Jika di sian...