RIYADLOH KEMIS
*Manusa anu pang deukeutna ka Alloh*
وَكُنتُمْ أَزْوَاجًا ثَلَاثَةً
"Aranjeun manusa kabagi tilu golongan"
1. Ashabul Yamin,
2. Ashabus Syimal
3. Al-Muqorrobun
Ashabul Yamin nyaeta umumna jalma anu iman ka Alloh, anu bakal narima buku catatan amal ku leungeun katuhu.
Lolobana ti jalma-jalma akhir zaman. Anu ibadahna ngalaksanakeun kawajiban ti Alloh teu ditambahan ku pasunatan-pasunatan.
Sholat nu farduna wungkul lima waktu, puasa cukup ku bulan romadon, zakat alakadarna ngaluarkeun kawajiban nu di itung sa-pasna.
Maka in sya Alloh asup ka surga tapi melalui hisaban, ngaliwatan catatan amal.
Ari Muqorrobin nyaeta anu deuheus nyaketan ka Alloh ku amal-amal sunat, ti mimiti sholat rowatib, duha, awwabin, witir, tahajud. Ditambah ku ngalobakeun sodakoh leuwihna tina zakat. Perhatian ka dulur jeung ka tatangga, daek silaturahmi, siap jihad dijalan Alloh setiap saat. dugika Alloh mikaasih.
Sakumaha dina Hadits Qudsy;
عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ رضي الله عنه قَالَ: قَالَ رَسُولُ اللهِ صلى الله عليه وسلم: (إِنَّ اللهَ تَعَالَى قَالَ: مَنْ عَادَى لِي وَلِيَّاً فَقَدْ آذَنْتُهُ بِالحَرْبِ. وَمَا تَقَرَّبَ إِلِيَّ عَبْدِيْ بِشَيءٍ أَحَبَّ إِلِيَّ مِمَّا افْتَرَضْتُهُ عَلَيْهِ. ولايَزَالُ عَبْدِيْ يَتَقَرَّبُ إِلَيَّ بِالنَّوَافِلِ حَتَّى أُحِبَّهُ، فَإِذَا أَحْبَبتُهُ كُنْتُ سَمْعَهُ الَّذِيْ يَسْمَعُ بِهِ، وَبَصَرَهُ الَّذِيْ يُبْصِرُ بِهِ، وَيَدَهُ الَّتِي يَبْطِشُ بِهَا، وَرِجْلَهُ الَّتِي يَمْشِيْ بِهَا. وَلَئِنْ سَأَلَنِيْ لأُعطِيَنَّهُ، وَلَئِنْ لأُعِيْذَنَّهُ) رَوَاهُ اْلبُخَارِيُّ
"Saur Alloh; saha nu ngamusuh ka wali (kakasih) kami, kami ngizinan diperangan.
Teu aya hiji hamba anu ngadeukeutkeun diri ka kami kajaba ku tugas-tugas anu geus diwajibkeun. Tapi hamba-hamba kami deuheus ka kami ku migawe pasunatan-pasunatan nepika kami micinta, dimana geus dipikacinta ku kami maka kami jadi pang dengena, kami jadi panempona, jadi leungeuna anu manehna nyabak, jadi sukuna anu manehna ngalengkah, menta naon wae ku kami dibere, menta diriksa ku kami diriksa" HR. al-Bukhori.
Deuheus sareng deukeut ka Alloh dugika maot husnul khotimah, Hingga eta hamba aya anu maot syahid, aya nu maot dina kasurna. Disebatna Syuhada, Shiddiqin, Sholihin. Seuseurna ti golongan anu awal, sapertos para Sohabat anu caket ka Rosul,
Sakedik pisan ti golongan akhir zaman.
ثُلَّةٌ مِّنَ الْأَوَّلِينَ. وقليل من الآخرين
Ieu Al-Muqorrobun lebet ka surga tanpa hisaban, moal nampi catatan amal sabab langsung dijemput ku para Malaikat ka Surga
Mudah-mudahan urang sadaya kalebet Al-Muqorrobun.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar