Senin, 19 September 2022

KEMERDEKAAN DENGAN CITA-CITA LUHUR

 RIYADLOH KEMIS

KEMERDEKAAN DENGAN CITA-CITA LUHUR

Saur Syekh Ibnu Atoillah;
أنْتَ حُرٌّ مِمَّا أنْتَ عَنْهُ آيِسٌ، وَعَبْدٌ لِمَا أنْتَ لَهُ طَامِعٌ.
"Anjeun merdeka tina perkara anu teu dipikahayang, anjeun jadi abid tina perkara anu dipikahayang".
Baheula mah ti kampung ka kota kudu leumpang puluhan kilo, bari manggul bari nanggung. teu kendaraan angkutan.
Barang dahar saaya-aya hasil tatanen, jajanan ukur beubeuleuman atawa cukup di sangray, teu minyak kalapa lamun teu nyieun ku sorangan.
Tapi kaburu ngalakukeun sagala ibadah, kaburu sholat berjamaah, kaburu ngaji mingguan, kaburu silaturahmi ka dulur jeung babaturan.
Tapi ayeuna geus sagala gampang, motor pasuliwer, komunikasi tinggal ngangkat HP, dahareun rupa-rupa nu araneh.
Tapi super sibuk, teu kaburu ka masjid, teu kaburu ka majlis ta'lim, teu kaburu ngumpul jeung tatangga jeung dulur. Putus silaturahmi. Katungkul ku urusan dunya. Hartina kahirupan ayeuna teu mawa barokah, teu mawa kamanfaatan.
Di perbudak ku dunya, di perbudak ku kahayang, teu aya kamerdekaan dina dirina.
Kaditu sibuk kadieu sibuk, ngan ukur ngudag-ngudag kahayang nu teu daek cumpon.
Padahal kamerdekaan anu utama nyaeta katenangan jiwa, katengtreman hate, khusyu' dina ibadah, jongjon mayun ka Alloh.
Kamerdekaan anu dibarengan ku cita-cita nu luhur, nyaeta merdeka dina ngajalankeun tugas Alloh, merdeka ngudag surgana Alloh, merdeka cicing dina ridona Alloh.
لا مقصود الا الله.
Ya Alloh mugi ngagampilkeun sagala urusan abdi, mugi masihan pitulung kanggo nyeueurkeun ibadah, mugi ditebihkeun tina kajajah ku dunya, ka jajah ku kahayang. Mugi Gusti ngamerdekakeun ka abdi tina rupi-rupi kahayang nu teu manfaat.
Tuduhkeun kana jalan anu dipirido ku Gusti. Amin.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

KHUTBAH JUM'AH

NASAB HABIB BA ALAWI SEPERTI MALAM LIKURAN

Para habaib sering mengungkapkan narasi bahwa, nasab para habib Ba Alawi sudah terang benderang bagaikan matahari di sianghari. Jika di sian...