Dina kitab-kitab Tashowwuf aya istilah-istiah khusus anu sering dianggo, diantawisna;
1. RIYADLOTUNNAFSI
(رِيَاضَةُ النَّفْسِ)
Riyadloh,
hartosna olahraga, tapi anu dimaksad ku Riyadloh dina elmu Tasowuf nyaeta
ngalatih jiwa sina biasa patuh sareng ta'at kana aturan Alloh sarta tebih tina
paharaman, alias ngalatih jiwa sangkan istiqomah dina ibadah ka Alloh anu
ngaping ka urang siang wengi, malah mandar diri urang salamina aya dina rohmat
sareng ridlo Mantena.
2.
MA'RIFAT ( مَعْرِفَةٌ )
Hartosna
numutkeun ahli Tashowuf; iman hiji jalmi anu parantos dugi kana rasa, minimal
rasa ditingali sareng di teuteup ku Alloh, rasa dipayuneun Alloh. Jalmina
disebat 'Arif/'Arifin.
3.
THORIQOH/TOREKAT ( طَرِيْقَةٌ )
Hartosna;
jalan ningkatkeun kaimanan, supados ngahontal darajat kawalian dugi kana
tingkat ma'rifat ku mangrupi dzikir, nyeueurkeun amal soleh, sareng sajabina.
4.
GHOFIL/GHOFILUN ( الغَافِلُ –
الغَافِلُوْنَ )
Hartosna:
Jalmi anu ibadah ka Alloh tapi manahna malaweung, manahna teu ngiring ibadah,
hilap kanu nyiptakeun, henteu gaduh rasa diteuteup sareng di tingal ku Alloh,
jongjon tonggoy ngumbar rasa, ari badan mayun ka Alloh tapi manahna cuscos
kaditu kadieu.
5.
MUBTADI/MUBTADIUN ( المُبْتَدِئُ –
المُبْتَدِئُوْنَ )
Hartosna;
Jalmi anu diajar ibadah, tur ibadahna ikhlas karana Alloh, namung aya kasieun,
upami dirina henteu ibadah sieun henteu di rohmat ku Alloh di dunya, pedah sok
aya karaosna, upami henteu tahajud teh sok rada seuseut rizki sareng sajabina,
janten ku ibadahna aya maksad sejen nyaeta hoyong hasil maksad dina masalah
dunya.
6.
'ABID/'ABIDUN ( العَابِدُ – العَابِدُوْنَ)
Hartosna;
Jalmi ahli ibadah tur ibadahna ikhlas karana Alloh, namung dibalik eta dirina
miharep kana ganjaran ukhrowi, sapertos hoyong ganjaran surga sareng sieun
siksa naraka.
7.
'ARIF/'ARIFUN ( العَارِفُ – العَارِفُوْنَ )
Hartosna;
Jalmi anu ma'rifat anu imana tos dugi kana salah sawios tingkatan iman anu tilu
nyaeta:
1) Iman
'Ilmul Yaqin.
Nyaeta
jalmi anu ngayakinkeun kana sifat 'Ilmu, sifat Sama', sareng Bashorna Alloh,
dugika eta kayakinan ngajantenkeun rasa, tegesna jalmi anu gaduh rasa yen
dirina di sarengan ku Alloh, manahna teu lesot tina rasa di teuteup sareng di
dangu ku Alloh, dugika ngaraoskeun yen dirina asa dihadiran ku Alloh (asa
papayun-payun paduduaan), sanaos dirina campur gaul sareng batur tapi hatena
henteu tagiwur.
Jalmi
anu imana dugi kana iman 'Ilmul Yaqin maqomna disebat maqom MUROQOBAH, hartosna
rasa di tingali di intip ku Alloh.
2) Iman
Haqqul Yaqin.
Nyaeta
jalmi anu ngayakinkeun kana sifat Qudrot sareng Irodat Alloh, tegesna
titingalian ladang soca, kukupingan ladang cepil, sareng sagala rupi anu karaos
ku anggota badan dianggo jembatan emas kanggo muhadloroh sareng musyahadah ka
Alloh, dina hartos soca ningal makhluk tapi manahna malatas dugi kanu ngadamel
eta makhluk (Alloh), socana ningali kana tapak Qudrot Alloh, sapertos ningali
gunung, ningali tatangkalan sareng sajabina, tapi manahna malatas tafakur dugi
ka Alloh nu ngadamelna. Jalmi anu kieu, maqomna disebat maqom MUSYAHADAH,
hartosna; rasa di payunan, papayun-payun sareng Alloh.
3) Iman
'Ainul Yaqin.
Nyaeta
jalmi anu ngayakinkeun kana sifat Hayatna Alloh dugika gaduh rasa anu hirup teh
mung Alloh wungkul, sadaya makhluk teu aya (teu kabandungan ku hatena), da anu
aya mah ngan Alloh wungkul, tegesna manahna henteu tiasa ngabandungan kana
gerak gerik makhluk margi kahalangan ku eling ka Kholiqna. Jalmi anu
karanjingan ku sifat Hayat calik dina maqom FANA, (disebat Wali Majdub).
Sadaya
mu'minin kedah ngusahakeun sangkan imanna ningkat dugi kana tingkat ma'rifat,
boh dugi kana iman 'Ilmul Yaqin (maqom Muroqobah) atanapi iman Haqqul Yaqin
(maqom Musyahadah), namung teu kenging (haram) ngusahakan dugika
Iman 'Ainul Yaqin (Maqom Fana) alias janten Wali Majdub, margi Wali Majdub mah
tos teu emut kana syare'at kahalang ku eling ka Kholiqna, tapi nu haram teh
ngusahakeunana, atuh upami dipasihan langsung ku Alloh mah sae kabina-bina.
8.
SALIK / SALIKUN ( السَّالِكُ –
السَّالِكُوْنَ )
Hartosna,
Jalmi anu nyukcruk kana jalur ka ma'rifatan, boh ku jalan istiqomah dina
ngalakonan amal ibadah, atanapi ku jalan tafakkur sareng tadzakkur (dzikir)
bari dirina miharep hoyong dipasihan ma'rifat ku Alloh.
9.
MURID/MURIDUN (المُرِيْدَ –
المُرِيْدُوْنَ )
Hartosna,
teu benten sareng Salikun, nyaeta; "anu ngalakonan amal bari ikhlas karana
Alloh". Namung Muridun mah henteu gaduh maksad sareng tujuan anging palay
rido Alloh wungkul, sanes palay ma'rifat. Da kama'rifatan mah mangrupikeun
nugraha nu dipasihkeun ku Alloh langsung ka abdina anu dipicinta ku Anjeuna.
Atuh teu ma'rifat teh teu doraka, anu doraka mah nu teu istiqomah dina
ngalakonan ibadah, janten anu di penting keun ku para Muridun mah ngusahakeun
sangkan dirina istiqomah dina ngalaksanakeun tugas sareng parentah.
10.
AHLI HIKMAH/HUKAMA (الحِكْمَةُ – اَلْحُكَمَاءُ )
Ari
hartos "hikmah" nyaeta; adil, hilim, jatnika, ari Ahli
Hikmah anu aya dina Al-Quran surat Al-Baqoroh ayat 269, nyaeta; jalmi anu
terang kana hukum-hukum Fiqh, terang kana ma'na Alquran sareng Alhadits,
disebatna HUKAMA, darajatna saluhureun 'ULAMA, saur Alloh;
يُؤْتِي الْحِكْمَةَ مَنْ يَشَاءُ وَمَنْ يُؤْتَ
الْحِكْمَةَ فَقَدْ أُوتِيَ خَيْرًا كَثِيرًاط وَمَا يَذَّكَّرُ إِلاَّ أُولُو
اْلأَلْبَابِ
Tidak ada komentar:
Posting Komentar