Senin, 19 September 2022

KHUTBAH JUM'AT 2022

 

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ اَرْشَدَنَا اِلَى طَاعَتِهِ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَ اَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا وَنَبِيَّنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُه ُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَالتّاَبِعِيْنَ وَ تَابِعِهِمْ مِمَّنِ اتَّبَعَ هُدَاهُ . اَمَّا بَعْدُ : فَيَا عِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَ لَا تَمُوْتُنَّ اِلَّا وَ اَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ . اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ وَقَالَ رَبُّكُمُ ادْعُونِي أَسْتَجِبْ لَكُمْ إِنَّ الَّذِينَ يَسْتَكْبِرُونَ عَنْ عِبَادَتِي سَيَدْخُلُونَ جَهَنَّمَ دَاخِرِينَ

 

            Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !.

 

            Allah SWT parantos nganjurkeun ka sakumna ummat muslimin sareng muminin kedah ngadu`a ka Mantenna, margi du`a teh nawiskeun kayakinan diri yen teu aya makhluk anu tiasa ngadamel bukti, nawiskeun diri teu walakaya sareng teu tiasa nanaon, du`a teh nawiskeun kalaipan sareng pangakuan yen manusa salamina peryogi ku Gusti Allah. Sarta janten kayakinan ummat islam yen dina ngudag cita-cita sakadar dipasihan tiasa kasab sareng ihtiar, ari hasil henteuna mah gumantung kana pangersa Allah.

 

            Peryogina ngadu`a ka Allah SWT teh KAHIJINA kumargi dipawarang ku Mantenna sakumaha dina ayat Al-Qur`an anu tadi diaoskeun dina bubuka khutbah. KADUANA ngadu`ana ku anjeun mangrupi hiji rupi peribadahan. Pidawuh Rasulullah SAW :

اَاَلدُّعَاءُ هُوَ الْعِبَادَةُ

" Ari ngadua`a teh ibadah".

KATILUNA, Allah mikabendu ka jalmi anu tara ngadu`a ka Mantenna. Pidawuh Kanjeng Nabi SAW :

مَنْ لَمْ يَسْئَلِ اَللَّهُ يَغْضَبْ عَلَيْهِ

“ Saha jalmi anu teu nyuhunkeun ka Allah, maka Allah bendu ka eta jalmi “.{ HR Turmudzi - Fiqih Sunnah I, kaca 497 }.

 

Hadirin Rahimakumullah !.

Supados du`a langkung caket kana diijabah ku Gusti Allah, maka dina ngadu`a na kedah ngangge tatakarama. Diantawis tatakrama ngadu`a, sakumaha anu dijelaskeun dina Kitab Al-Adzkar An-Nawawiyyah, kaca 340-342, nyadur kasauran Imam Al-Gozali, diantawisna nyaeta :

KAHIJI, milari waktos anu aya kakhususan saena eta waktos, sapertos dintenan `Arofah, sasih Ramadlan, dinten juma`ah, sapertilu wengi anu akhir.

KADUA, mangpang-meungpeung nuju dina kaayaan anu mulya, sapertos nalika sujud, tengah-tengah campuhna perang ngalawan musuh-musuh Allah, nalika turun hujan ngagebret, waktos antara adzan sareng qomat, nalika hate nuju lemah lembut.

KATILU, ngadu`a bari mayun ka kiblat { Ka`bah }, margi kiblat teh pangsae-saena arah, bari ngangkat dua panangan sareng ngusap raray ku eta dua panangan sarengsena ngadu`a. Pidawuh Kanjeng Nabi Muhammad SAW anu pihartoseunna :

“Dimana-mana aranjeun nyuhunkeun ka Allah, pek nyuhunkeunna bari ngangge dampal panangan aranjeun, ulah ku tonggongna, sarta ulah waka mulangkeun eta dampal panangan kana tempat asalna sahingga aranjeun ngusapkeun heula dampal panangan kara raray aranjeun, da sayaktosna Allah ngajadikeun { nyimpen } kabarokahan dina eta dampal panangan “.

KAOPAT, soanten du`ana sineger tengah, teu tarik teuing teu laun teuing. Sanes berarti Gusti Allah kirang dangu atanapi teu uninga kereteg manah. Namung kitu piwarangan Gusti Allah.

(#qãã÷Š$# öNä3­/u %YæŽ|Øn@ ºpuŠøÿäzur 4 ¼çm¯RÎ) Ÿw =Ïtä šúïÏtF÷èßJø9$# ÇÎÎÈ  

KALIMA, depe-depe, sing khusyu, disarengan rasa sieun ku Allah.

اِنَّـهُمْ كَانُوا يُسَارِعُونَ فِي الْخَيْرَاتِ وَيَدْعُونَنَا رَغَبًا وَرَهَبًا وَكَانُوا لَنَا خَاشِعِينَ

"Saestuna maranehna teh jalma-jalma anu paheula-heula dina ngalampahkeun kahadean jeung maranehna ngadaru`a ka Kami kalawan pangharepan jeung kawedi".

KAGENEP, kedah keukeuh ngadu`ana, dibulak-balik, teu kenging ngaraos Allah telat ngabulkeun du`a, atanapi mang-mang kana ijabahna.

KAGENEP, ngadu`a na dikawitan sareng dipungkas ku dzikir ka Allah nyaeta maos shalawat sareng pujian ka Allah.

 

Hadirin Anu Mulya !

Disagedengeun urang ngadu`a nyalira, sae sareng kacida peryogina nyeueurkeun nyuhunkeun didu`akeun ku jalmi-jalmi. Pidawuh Kanjeng Nabi SAW :

اِسْتَكْثِرْ مِنَ النَّاسِ مِنْ دُعَاءِ الْخَيْرِ لَكَ فَاِنَّ الْعَبْدَ لَا يَدْرِى عَلَى لِسَانِ مَنْ يُسْتَجَابُ لَهُ اَوْ يُرْحَمُ

“ Lobakeun ku anjeun nyuhunkeun du`a anu sae ti jalmi-jalmi, saenya saurang hamba teu apal dina lisan saha anu diijabah pikeun manehna atawa dipikanyaah “.

 

            Oge dimana-mana urang janten iman dina ngadua sarta di aminan ku jamaah, maka teu kenging ngahususkeun ngadu`a kanggo nyalira wungkul, margi cara kitu kalebet hianat ka jamaah. Pidawauh Kanjeng Nabi SAW :

لَا يَؤُمُّ عَبْدٌ قَوْمًا فَيَخُصُّ نَفْسَهُ بَدَعْوَةٍ دُوْنَهُمْ فَاِنْ فَعَلَ ذَالِكَ فَقَدْ خَانَهُمْ

“ Saurang hamba ulah ngimaman { mingpin } hiji kaom, tuluy manehna ngahususkeun jang dirina sorangan dina ngadu`ana, tanpa ngadoa jang ka kaomna. Maka lamun kitu kalakuan ngadoana, tetela eta si imam tos ngahianati kaomna “. { Kifayatul Akhyar, Juz I, kaca 114 }.

            Muga-muga urang sadaya kalebet jalmi-jalmi ahli ngadu`a ka Gusti Allah bari disarengan ijabah oge ridho Mantenaa. Aamiin !

 

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِيْ الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ وَنَفَعَنِيْ وَ اِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

KHUTBAH JUM'AH

NASAB HABIB BA ALAWI SEPERTI MALAM LIKURAN

Para habaib sering mengungkapkan narasi bahwa, nasab para habib Ba Alawi sudah terang benderang bagaikan matahari di sianghari. Jika di sian...