Kamis, 29 Desember 2022

Khutbah Sunda CIRI JALMA ANU TAQWA

 

السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
اَلْحَمْدُ ِللهِ الْمَلِكِ الْحَقِّ الْمُبِيْنِ، الَّذِي حَبَانَا بِالْإِيْمَانِ واليقينِ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّد،ٍ خَاتَمِ الأَنْبِيَاءِ وَالمُرْسَلِين، وَعَلَى آلِهِ الطَّيِّبِيِن، وَأَصْحَابِهِ الأَخْيَارِ أَجْمَعِين، وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. أَمَّا بَعْدُ فياأيها الناس اتقوالله حق تقاته ولاتموتن الا وأنتم مسلمون.
أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ بِسْمِ ٱللَّٰهِ ٱلرَّحْمَٰنِ ٱلرَّحِيمِ
الَّذِيْنَ يُنْفِقُوْنَ فِى السَّرَّۤاءِ وَالضَّرَّۤاءِ وَالْكَاظِمِيْنَ الْغَيْظَ وَالْعَافِيْنَ عَنِ النَّاسِۗ وَاللّٰهُ يُحِبُّ الْمُحْسِنِيْنَۚ وَالَّذِيْنَ اِذَا فَعَلُوْا فَاحِشَةً اَوْ ظَلَمُوْٓا اَنْفُسَهُمْ ذَكَرُوا اللّٰهَ فَاسْتَغْفَرُوْا لِذُنُوْبِهِمْۗ وَمَنْ يَّغْفِرُ الذُّنُوْبَ اِلَّا اللّٰهُ ۗ وَلَمْ يُصِرُّوْا عَلٰى مَا فَعَلُوْا وَهُمْ يَعْلَمُوْنَ
Puji syukur sumangga urang sami sami panjatkeun ka Alloh Robbun Ghofur, Sholawat sareng salam mudah mudahan salamina tetep renggenek kapanutan alam kanjeng nabi Muhammad SAW
Langkung tipayun khotib wasiyat khusus ka diri pribadi umum ka sidang jum’ah anu mulya, sumangga urang sami sami ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka alloh subhanau wata’ala mudah-mudahan kujalan kitu urang sadayana kengeng kabagjaan dunia miwah akheratna aamiin.
Hadirin Sidang jumah rohimakumulloh
Alloh subhanahu wata’ala parantos ngadawuhkeun dina alquran surat Al Imron ayat 134 sareng 135 anu di aos dina muqoddimah yen ciri-ciri jalma anu Taqwa eta aya 4
Ciri Taqwa Anu Kahiji
الَّذِيْنَ يُنْفِقُوْنَ فِى السَّرَّۤاءِ وَالضَّرَّۤاءِ
Nyaeta jalma jalma anu ngainfakeun hartana boh keur senang atawa keur susah.
lamun aya jalma ngainfakeun harta nalika manehna keur senang maka etamah geus umum da memang ilaharna kitu, tapi lamun aya jalma ngainfakeun hartana nalika manehna keur susah maka eta luar biasa matak pantes disebut salah sawios ciri Muttaqiin
Ciri Taqwa Anu Kadua
وَالْكَاظِمِيْنَ الْغَيْظَ
Jeung jalma anu bisa nahan amarahna
unggal jalma memang sok boga kaambek, ieu sipat biasana datang dimana panggih jeung pasualan anu teu sapuk jeung kahayangna. Ari ambekteh pangaruh setan sedengkeun setan asal tina seuneu,
Ari sifat seuneu rupa rupa:
aya seuneu anu babari hurung babari pareum
aya seuneu anu hese hurung hese pareum
aya seuneu anu hese hurung babari pareum
aya seuneu anu babari hurung hese pareum
Pon nyakitu deui amarah Jalma
aya Jalma anu babari ambek hese leungit
aya Jalma anu babari ambek babari leungit
aya Jalma anu hese ambek babari leungit
malihanan aya Jalma anu hese ambek hese leungit
Ciri Taqwa anu Katilu
وَالْعَافِيْنَ عَنِ النَّاسِ
Jeung anu gede hampura ka manusa
Moal disebut Insan lamun tara nisyan, moal disebut manusa lamun tara salah, kangaranan manusa pasti boga salah. Kusabab kitu satiap muslim kudu asak hampura. Manusa anu taqwa nyaeta anu nyonto sipat alloh dina hal ngahampura kasalahan batur. Naon sababna urang kudu silih hampura jeung silih lubarkeun dosa? Sababna taya lian ieu dosa anu teu dipenta hampurana di dunya bakal jadi pangbeubeurat diakherat jaga.
Ciri jalma taqwa anu ka opat
وَالَّذِيْنَ اِذَا فَعَلُوْا فَاحِشَةً اَوْ ظَلَمُوْٓا اَنْفُسَهُمْ ذَكَرُوا اللّٰهَ فَاسْتَغْفَرُوْا لِذُنُوْبِهِمْۗ وَمَنْ يَّغْفِرُ الذُّنُوْبَ اِلَّا اللّٰهُ ۗ وَلَمْ يُصِرُّوْا عَلٰى مَا فَعَلُوْا وَهُمْ يَعْلَمُوْنَ
Jeung jalma jalma anu dina mangsa ngalampahkeun kajahatan atawa anu nganiaya dirina buru-buru maranehanana inget ka alloh, sarta terus menta dihampura tina dosa-dosana, jeung naha lain taya deui nu ngahampura dosa salian ti alloh, jeung maranehna henteu tonggoy dina kagorengan anu dilakukeun nana (al imron 135).
Hadirin Sidang Jumah Anu Mulya
Mudah mudahan urang sadayana kalebet jalma anu taqwa luyu sareng ciri ciri anud disebat dina surat Al imron tadi
بَارَكَ الله لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. أَقُوْلُ قَوْلِيْ هذا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ مِنْ كُلِّ ذَنْبٍ، فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

KHUTBAH JUM'AH

NASAB HABIB BA ALAWI SEPERTI MALAM LIKURAN

Para habaib sering mengungkapkan narasi bahwa, nasab para habib Ba Alawi sudah terang benderang bagaikan matahari di sianghari. Jika di sian...