Kamis, 29 Desember 2022

Khutbah Sunda "SALAWASNA WASPADA TINA PROPAGANDA LGBT"

 *SALAWASNA WASPADA TINA PROPAGANDA LGBT*

KHUTBAH KAHIJI
إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ
,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
يٰٓاَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوْا رَبَّكُمُ الَّذِيْ خَلَقَكُمْ مِّنْ نَّفْسٍ وَّاحِدَةٍ وَّخَلَقَ مِنْهَا زَوْجَهَا وَبَثَّ مِنْهُمَا رِجَالًا كَثِيْرًا وَّنِسَاۤءً ۚ وَاتَّقُوا اللّٰهَ الَّذِيْ تَسَاۤءَلُوْنَ بِهٖ وَالْاَرْحَامَ ۗ اِنَّ اللّٰهَ كَانَ عَلَيْكُمْ رَقِيْبًا
(QS an-Nisa’ [4]: 1)
Alhamdulillah, ku izin Alloh sarta urang sadaya ngucapkeun syukur ka Alloh tina limpahan rohmat sarta kurnia-Na, sahingga urang sadaya masih kénéh aya dina kaayaan iman jeung Islam tiasa ngalaksanakeun sholat juma’ah. Sholawat miwah salam kawilujengan mudah-mudahan salamina dilimpahcurahkeun ka panutan alam Rosululloh Muhammad Shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in sareng sadaya umatna anu istiqomah nyepeng pageuh Islam dugika akhir zaman.
Hayu urang terus usaha satékah polah ningkatkeun takwa urang sadaya ka Alloh subhanahu wa ta’ala. Dina waktu dunya geus beuki kolot. Laksanakeun sadaya paréntah-Na. Tinggalkeun sanéskanten cegahana-Na. Ngan ku takwa pisan, Alloh bakal ngaluhurkeun darajat urang sadaya di sagédéngeun Mantena.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Alhamdulillah, urang sadaya ayeuna masih tiasa nincakeun suku sarta ngumpul di tempat anu mulya ieu. Éling jeung munajat ka Alloh. Samentara dina waktu anu sarua loba manusa anu karéka perdaya ku kahirupan dunya.
Pesen takwa anu ditepikeun ku para khotib tiap juma'ah, jadi kacida pisan pas (relevan) dina waktu dunya anu beuki jauh tina Islam. Terus-terusan umat ieu diingetan yén jurang jeung réka perdaya kamak’siatan muka ngagolowak dihareupeun panon urang sadaya. Lamun urang teu ati-ati jeung nyekel pageuh kana tali agama Alloh, saha baé bisa asup ka jerona. Naudzubillahi min dzalika.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Diditu di luar, kama’siatan dikampanyeukeun. Dibiayaan ku waragad anu gedé. Didukung ku nagara adidaya. Salahsahijina nyaéta propaganda LGBT, homoséksualitas. Maranéhna ngagunakeun basa-basa anu kadéngéna universal: Hak Asasi Manusia (HAM). Maranéhna nyalindung di satukangeun topéng kabébasan berperilaku.
Cobi tingal keur nanahaon utusan Amerika Serikat (AS) pikeun urusan HAM LGBT, Jessica Stern, nepika ngarencanakan kudu datang ka Indonesia sagala? Untungna, sajumlah tokoh jeung lembaga kaislaman nolak kadatanganana, sahingga dibatalkeun.
Kanyahokeun, kadatangan Jessica Stern lain ngan sakadar utusan kaom LGBT, tapi ogé ngawakilan Pamaréntah AS. Ieu tanda yén pamaréntah AS sacara resmi ngalakukeun propaganda LGBT ka nagara-negara séjén. Nepika, kiwari mah propaganda téh diluluguan sapinuhna ku Perserikatan Bangsa-Bangsa (PBB).
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Kanyahokeun, singsanajan LGBT can diaku di nagri ieu, kaom gay beuki wani sarta terus terang. Dina média sosial, nepika aya anu nawarkeun prostitusi gay. Anu kacida pisan matak prihatin, loba palajar SMP, SMA, nepika mahasiswa anu ogé kabaguded dijerona. Nepika anu nuturkeun kaom Sodom ieu geus sumebar ka sagala rupa profési, kaasup tentara jeung pulisi.
Urang sadaya hariwang, karuksakan anu kumaranéhna dilakukeun bakal terus ngagedéan, bareng jeung disahkeunana KUHP anu anyar. LGBT teu dianggap pagawéan kajahatan. Anu ngalakukeunana teu dipidana. Boa-boa moal lila deui saperti di Amérika, ayana maranéhna bakal disahkeun sacara hukum.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Teu aya aturan di dunya ieu anu bisa ngeureunkeun kalakuan bejad kaom LGBT, anging syaré’at Islam. Islam mibanda aturan anu kacida jelas jeung teges. LGBT HARAM! LGBT geus bukti ngaruksak tatanan sosial jeung kamulyan manusa.
Kanyahokeun, Alloh subhanahu wa ta’ala nyiptakeun manusa ngan dua jinis nyaéta lalaki jeung awéwé. Teu aya jinis katilu. Tujuanana supaya manusa bisa ngajaga kalumangsungan katurunanana (QS an-Nisa [4]: 1) sakaligus ngaraksa kamulyaan manusa (QS al-A’rof [7]: 80-81).
Ayana kaom LGBT, khususna kaom gay jeung lésbian, jelas nyulayaan fitrah sarta nganafikeun kalestarian katurunan. Komo deui para palaku homoseksual ngalakukeun hubungan séks anu kotor, rujit, jeung gampang kakeunaan rupa-rupa panyakit “menular seksual”. Jeung kamudharatanana nyata: HIV/AIDS.
Kusabab kitu Islam ngadidik umat supaya teu tigebrus ragrag dina gaya hirup LGBT. Islam nyaram lalaki maké pakéan niru-niru awéwé saperti wandu (waria) atawa transgender. Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
لَعَنَ رَسُولُ اللَّهِ – صلى الله عليه وسلم – الْمُتَشَبِّهِينَ مِنَ الرِّجَالِ بِالنِّسَاءِ وَالْمُتَشَبِّهَاتِ مِنَ النِّسَاءِ بِالرِّجَالِ
“Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam geus ngala’nat lalaki anu nyarupaan awéwé, jeung awéwé anu nyarupaan lalaki”. (HR al-Bukhori)
Teu ngan ukur méré pépéling, dina Islam, nagara bakal nibankeun hukuman (sanksi) ku cara “dibuang” (diasingkeun) pikeun lalaki anu jadi wandu (waria). Imam Abu Dawud ngariwayatkeun yén Rosululloh shollallalohu ‘alaihi wa sallam pernah maréntahkeun para Shohabat supaya ngasingkeun saurang lalaki anu niru-niru saperti awéwé ka daérah Naqi’, hiji daérah anu jauh ti Madinah. Dina riwayat Imam Abu Dawud ogé diceritakeun yén Ralosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam pernah maréntahkeun pikeun ngasingkeun wandu (waria) ka “padang pasir”. Mantena tuluy ngizinan manéhna asup ka Madinah dina poé Juma’ah lobana dua kali pikeun néangan kadaharan teu paéh kalaparan.
Rosululloh shollallalohu ‘alaihi wa sallam ogé pernah maréntahkeun kaom awéwé supaya nutupan orat kalawan sampurna dihareupeun kaom wandu (waria). Hal ieu kusabab maranéhna hakékatna nyaéta lalaki. Kusabab kitu maranéhna teu meunang digawé di salon-salon, misalna, ngalayanan palanggan kaom awéwé anu muka tiyungna atawa pakéan luar maranéhna (jilbab) di hareupeun para wandu (waria).
Anapon kaom gay, lamun kabuktian ngalakukeun hubungan sasama jinis, manéhna kudu ditibanan sanksi hukuman pati. Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
مَنْ وَجَدْتُمُوهُ يَعْمَلُ عَمَلَ قَوْمِ لُوطٍ فَاقْتُلُوا الْفَاعِلَ وَالْمَفْعُولَ بِهِ
“Singsaha baé anu manggihan kaom anu ngalakukeun pagawéan kaom Luth (homoséksual), prak bunuh anu ngalakukeunana ogé pasanganana”. (HR Abu Dawud)
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Urang teu meunang cicing baé. Urang sakuduna nyokot palajaran tina kisah kaom Nabi Luth alaihi salam. Kamurkaan jeung azab Alloh subhanahu wa ta’ala lain ngan wungkul ditimpakeun ka kaom Sodom anu meraktékeun kalakuan homoseksual, tapi ogé ka istri Nabi Luth anu sapongkol ngabantuan kaomna jeung khianat ka Nabi Luth alaihi salam salaku utusan Alloh subhanahu wa ta’ala. Kusabab kitu istrina ogé teu salamat tina azab Alloh subhanahu wa ta’ala.
Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
فَاَنْجَيْنٰهُ وَاَهْلَهٗٓ اِلَّا امْرَاَتَهٗ قَدَّرْنٰهَا مِنَ الْغٰبِرِيْنَ
“Tuluy Kaula nyelalametkeun manéhna (Luth) katut kulawargana, anging pamajikanana. Kaula geus nakdirkeun manéhna kaasup jalma-jalma anu tinggaleun (dibinasakeun)”. (TQS an-Naml [27]: 57)
Alhasil, lamun kaom Muslim miharep nagri ieu beresih tina musibah jeung karuksakan anu dilakukeun kaom LGBT ieu, hiji-hijina jalan nyaéta balik deui kana syaré’at Islam, lain kanu lian. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

KHUTBAH JUM'AH

NASAB HABIB BA ALAWI SEPERTI MALAM LIKURAN

Para habaib sering mengungkapkan narasi bahwa, nasab para habib Ba Alawi sudah terang benderang bagaikan matahari di sianghari. Jika di sian...