اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِى اَمَرَنَا بِاِقَامَةِ دِيْنِهِ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ شَهَادَةَ مُقِرٍّ بِرُبُوْبِيَّتِهِ وَ تَوْحِيْدِهِ . وَ اَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا وَنَبِيَّنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ شَهَادَةَ مُتَّبِعٍ لِّسُنَّتِهِ وَ سُنَّةِ خُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ مِنْ بَعْدِهِ . اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَ اَصْحَابِهِ الَّذِيْنَ جَاهَدُوْا فِيْ سَبِيْلِ اللهِ بِاَمْوَالِهِمْ وَ اَنْفُسِهِمْ حَقَّ جِهَادِهِ . صَلَاةً وَّ سَلَامًا دَائِمَيْنِ اِلَى يَوْمِ الْقِيَامَةِ . اَمَّا بَعْدُ : فَيَا عِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ فِيْ جَنَّتِهِ وَ مَرْضاتِهِ . اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : كُلُّ نَفْسٍ ذائِقَةُ الْمَوْتِ قلى وَ نَبْلُوْكُمْ بِالشَّرِّ وَ الْخَيْرِ فِتْنَةً قلى وَ اِلَيْنَا تُرْجَعُوْنَ
Hartosna :“ Saban-saban jiwa baris ngarandapan maot. Kami baris maparin cocoba ka aranjeun ku kasusah jeung kabungah minangka ujian, jeung nya ka Kami aranjeun baris dipulangkeun ”. { QS. A1-Anbiya’ ayat 35}.
Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !.
Hirup di ieu alam dunya mangrupa ujian, boh nu sipatna ruhaniah atawa jasmaniyah. Ujian oge ngawujud dina kasusah jeung dina rasa senang. Kitu deui dina sehat atawa nalika gering jeung sajabana.
Tina rupa-rupa ujian tadi, saterusna mah nu kedah dipahing nyaeta paripolah atawa lampah nu bakal ngaragragkeun kaimanan tina eta ujian, pangpangna nu matak kabawa ku hawa nafsu syaiton. Dawuhan Allah SWT dina QS. An-Nur ayat 21 anu hartosna: “ Yeuh jalma-jalma anu ariman ! Aranjeun ulah nurut kana lengkah-lengkah syetan, karana sing saha anu nurut kana lengkahna syetan, nya saenyana manehna geus nitah batur ngalampahkeun kajahatan jeung kamungkaran, jeung lamun seug teu aya kurnia ti Allah katut rahmat-Na ka aranjeun, tangtu salawasna tiantara aranjeun moal aya nu beresih saurang oge. Tapi Allah ngabersihkeun sing saha anu dikersakeun ku Anjeunna, jeung Allah Maha Ngadangu, Maha Uninga.” { QS. An-Nur ayat 21}.
Hirup manusa kedah nurut kana bener nyaeta papagon agama, sanes nurut kana pangajak syetan jeung hawa napsu. Sadaya pangeusi nagara teu meunang patojaiyah jeung papagon agama. Hirup ulah ngabalieur tina ayat-ayat Allah, papagon agama ulah sakadar jadi simbol. Sabab bakal ngabalukarkeun karicuhan atawa kamadorotan dimana-mana, bakal beuki jauh tina harepan baldatun toyyibatun warobbun ghofuur. Kagolong sanget dolim jalma nu ngabalieur tina paringetan Gusti Allah.
Dawuhan Gusti Allah dina surat Al-Qur`an Surat As-Sajdah ayat 22:
وَ مَنْ اَظْلَمُ مِمَّنْ ذُكِّرَ بِآَيَاتِ رَبِّهِ ثُمَّ اَعْرَضَ عَنْهَا قلى اِنَّا مِنَ الْمُجْرِمِيْنَ مُنْتَقِمُوْنَ
Hartosna : “ Jeung naha lain taya anu leuwih dolim batan jalma-jalma anu diwawadian ku aya-ayat Pangeranana, tuluy maranehna ngabalieur ti dinya ? Saestuna Kami bakal ngabales jalma-jalma anu jarahat ”.
Dawuhan Allah SAW ieu paringetan pikeun jalma-jalma dzolim anu ngamiliki sifat munafek tur pasek. Maranehna pasti bakal meunang wawales alatan kajahatanana. Ku margi kitu, dina ngeusian kahirupan urang sapopoe ieu, hayu urang tingkatkeun deui kaimanan sareng katakwaan ka Allah Swt. Lantaran upama henteu ngancik kaiman jeung kataqwaan mah cocoba teh bakal ngadeukeutan.
Hadirin Rahimakumullah !
Ayat lenyepaneun urang sadaya nu kaunggel dina dawuhan Allah SWT Surat Al-A`rof, ayat 97 - 98, nu kieu pihartoseunana : “ Ku kituna naha pangeusi eta nagri teh ngarasa aman katibanan siksaan Kami ti peuting waktu maranehna keur sarare ?. Atawa, naha eta pengeusi nagri teh ngarasa aman katibanan siksaan Kami isuk-isuk waktu maranehna keur arulin ? Dilajengkeun dina ayat saterasna, ayat 102 : “ Jeung Kami henteu manggih kalolobaan maranehna anu nyumponan jangji, tapi saenyana Kami manggih kalolobaan maranehna teh parasek “.
Kaum muslimin masing tawekal sarta mampuh ngajauhan sifat nu matak ngaleungitkeun jati diri tina aqidah sareng akhlak anu mengpar tina papagon agama. Nulad kana akhlak Kanjeng Nabi Muhammad SAW sakumaha hadits nu diriwayatkeun ku Imam Ahmad, Mantenna ngadawuh :
اِنَّمَا بُعِثْتُ لِاُتَمِّمَ مَكَارِمَ الْاَخْلاَقِ
Hartosna :“ Saestuna kawula diutus pikeun nyampurnakeun akhlak anu mulya “.
Gerak-gerikna estuning leunjeuran tina usaha ngarojong kana ngajagragna kamanusaan anu mibanda ajen.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَ لَكُمْ وَ لِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
Khutbah Kadua
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ اَهْلِ الْحَمْدِ وَ مُسْتَحِقِّهِ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَ اَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَ رَسُوْلُهُ الْقَائِمُ بِفَرَائِضِ اللهِ وَ سُنَّتِهِ . اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَ سَلِّمْ عَلَى سَيّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَ التَّابِعِيْنَ عَلَى مِنْهَاجِهِ وَ سُنَّتِهِ . اَمَّا بَعْدُ فَيَا اَ يُّهَا النَّاسُ اُوْصِيْكُمْ و َاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ وَطَاعَتِهِ . اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ . رَبَّنَا تَقَبَّلْ مِنَّا اِنَّكَ اَنْتَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَ تُبْ عَلَيْنَا اِنَّكَ اَنْتَ التَّوَّابُ الرَّحِيْمُ اَللَّهُمَّ نَوِّرْ قُلُوْبَنَا بِنُوْرِ هِدَايَتِكَ كَمَا نَوَّرْتَ الْأَرْضَ بِنُوْرِ شَمْسِكَ اَبَدًا اَبَدًا . رَبَّنَا آتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَّ فِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَّ قِنَا عَذَابَ النَارِ . وَ اَدْخِلْنَا الْجَنَّةَ مَعَ الْأَبْرَارِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَاحِمِيْنَ وَ الْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ
Tidak ada komentar:
Posting Komentar