السلام عليكم ورحمة الله وبركاته
الحمد لله رب العالمين والعاقبة للمتقين ولاعدون الاعلى الظالمين. اشهد ان لا اله الاالله الملك الحق المبين واشهد ان محمدا عبده ورسوله افضل المخلوقين اللهم فصل وسلم على محمد وعلى اله وصحبه اجمعين اما بعد فيا ايها الحضرون اوصيكم واياي بتقوى الله تعالى وطاعته لعلكم تفلحون
moal sampurna kasalametan kajaba kumake taqwa لانجاى الا بتقوى
moal sampurna taqwa kajaba kumake amal لاتقوى الا بالعمل
moal sampurna amal kajaba make elmu لاعمل الا بالعلم
moal sampurna elmu kajaba kubelajar لاعلم الا بالتعلم
Hadirin kaum muslimin rahimukumullah
Satiap jalmi anu hirup dialam dunya pasti hayang salamet terutami umatna kanjeng nabi muhammad Saw naha tina pakewuhna alam dunya atanapi poe perhitungan. Sifat jalmi anu sering robah-robah ngajadiken sering tisoledatna kalakuan jalmi terutami kalakuan / sikap aka Allah Swt. Sapertosken robahna jalmitina akur jeng dulur jadi batur, tina jarang maksiat jadi tambah lega pidorakaeuna. Perhatosken dawuh Allah Swt dina surat At- Tahrim
ياايهاالذ ين امنوا قوا انفسكم واهليكم نارا
“ Hai pagolongan jalmi anu ariman kudu ngajaga awak aranjen sareng keluarga aranjen sadaya tina seneu naraka”.
Ayat alqu-an tadi ngandung harti:
1. Ngajaga tina caritaan nyaeta kudu nyarita kalawan nyarita kalawan perkara anu matak moal jadi dosa kueta caritaan, sapertosken ngahina, nyinggung, sareng nusanesna
2. Ngajaga tina kalakuan nyaeta kudu ningaliken sikap marahmay, sae akhlak, budi pekerti, handap asor sareng nusanesna.
3. Ngajaga tina kayakinan nyaeta ngaistiqomahken percaya jeng yakin ka Allah Swt
Saterasna ninggalken maksiat, nyeerken taat ka Allah, silih nasehatan, ngadidik kucara anu sae ie sadaya anu bakal nyalametken diri urang sareng keluarga tina seneu naraka.
Hadirinanu mulya
Kahirupan jalmi dialam dunya anu ngan saukur mampir lil ibarat namu kahiji bumi, saumpama hirup urang, keluarga urang hente dijaga ku ngajalanken parentah Allah, tinangtos bakal menang karugian.
Kaseseeuran kaum muslimin muslimat parantos terang mana anu bakal nyalametken hirup dialam dunya, tapi sifat males, kahayang nafsu ngajadiken jalmi te inget kana katangtuan Allah Swt saumpama nafsu jadi pamingpin hirupna,nafsu anu ngendalikenana, nafsu anu jadi pangerana, sapertos urang ngucapken bahasa-bahasa anu ngajadiken perselisihan, hinaan, atanapi bahasa anu kotor sahingga jalmi ngaraos hente aman. Maka anu leuwih hade nyarita anu allah rido kana naon anu diucapken, sakumaha dawuh rasulullah Saw :
اتقواالنار ولو بشق تمرة فمن لم يجد فبكلمة طيبة ( رواه احمد)
Jaga diri aranjen tina seneu naraka sok sanajan kusodakoh hiji korma, maka lamun tegaduh korma, maka kudu nyarita aranjen kubahasa anu sae.
Hadirin anu mulya
Maka kamistian ka muslimin muslimat,naha tos rumah tangga atanapi teacan supaya ngjaga dirina, keluargana sareng turunan na supaya aya dina karidhoan Allah, ulah sampei ninggalken saparantosna urang turuna anu lemah iman nyatana tekenal ka Allah jeng rasulna. Dawuh Allah dina Al qura-an anu hartosna :
“Jeng kudu sien jalmi-jalmi lamun ninggalken eta jalmi-jalmi ti saparantos maranehna tina turunan anu lemah iman”.
Mudah-mudahan urang sadaya kalebet kapagolongan jalmi anu ngariksa, ngajaga keluarga sareng turunan urang sadaya kumasihan ilmu agama, akhlak anu sae Aamiin Yaa robbal ‘Alamiin.
اعوذ بالله من الشيطان الرجيم وان ليس للا نسان الا ما سعى وان سعيه سوف يرى ثم يجزاء الجزاء الاوفى
بارك الله لى ولكم فى القران العظيم ونفعنى واياكم بما فيه من الايات والذكر الحكيم وتقبل منى ومنكم تلاوته انه هو السميع العليم وقل رب اغفر وارحم وانت خير الراحمين
Tidak ada komentar:
Posting Komentar