*MUSIBAH JEUNG MUHÂSABAH*
KHUTBAH KAHIJI
إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ
,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
وَمَآ اَصَابَكُمْ مِّنْ مُّصِيْبَةٍ فَبِمَا كَسَبَتْ اَيْدِيْكُمْ وَيَعْفُوْا عَنْ كَثِيْرٍۗ
(QS asy-Syuro [42]: 30)
Alhamdulillah, urang sadaya ngucapkeun syukur ka Alloh tina limpahan rohmat sarta kurnia-Na, sahingga urang sadaya masih kénéh aya dina kaayaan iman jeung Islam. Sholawat miwah salam kawilujengan mudah-mudahan salamina dilimpahcurahkeun ka panutan alam Rosululloh Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in sareng sadaya umatna anu istiqomah nyepeng pageuh Islam dugika akhir zaman.
Prak geura takwa aranjeun sadaya ka Alloh subhanahu wa ta’ala. Laksanakeun sadaya paréntah-Na. Tinggalkeun sanéskanten cegahana-Na. Ngan ku takwa pisan, Alloh bakal ngaluhurkeun darajat urang sadaya di sagédéngeun Mantena.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Musibah datang deui di nagri urang ieu. Lini kalawan kakuatan 5,6 skala Richter tumiba ngagénjlongkeun wilayah Cianjur, dua minggu katukang. Leuwih ti 350 urang perlaya. Rébuan urang tatu. Imah jeung wangunan fasilitas publik ancur. Puluhan rébu jiwa kapaksa kudu ngungsi di ténda-ténda pangungsian. Innalillahi wa inna ilaihi rooji’un …
Musibah teu aya saurang ogé anu bisa nyangka. Datangna ngadadak taya tangara ti anggalna. Kumargi kitu, pikeun kaom Mu’min, satiap musibah kudu disanghareupan ku kaimanan. Ingetkeun, teu aya hiji ogé musibah anu tumiba anging ku pangersana Alloh subhanahu wa ta’ala. Hal ieu sakumaha dawuhan Mantenna:
مَآ اَصَابَ مِنْ مُّصِيْبَةٍ اِلَّا بِاِذْنِ اللّٰهِ
“Teu aya hiji musibah ogé anu tumiba anging kalawan izin (kersana) Alloh”. (TQS at-Taghobun [64]: 11)
Kalawan basa séjén, musibah téh nyaéta bagéan tina katangtuan (qodho’) Alloh subhanahu wa ta’ala (QS al-Hadid [57]: 22).
Mangka, sikep saurang Muslim kana qodho' Alloh subhanahu wa ta’ala nyaéta ridlo. Rosul shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
إِنَّ عِظَمَ الْجَزَاءِ مَعَ عِظَمِ الْبَلاَءِ وَإِنَّ اللَّهَ إِذَا أَحَبَّ قَوْمًا ابْتَلاَهُمْ فَمَنْ رَضِىَ فَلَهُ الرِّضَا وَمَنْ سَخِطَ فَلَهُ السَّخَطُ
“Saéstuna gedena ganjaran téh saluyu jeung gedéna ujian. Saéstuna lamun Alloh micinta hiji kaom, Mantena bakal nguji maranehna. Singsaha baé anu ridlo, nya keur manéhna éta karidloan teh. Singsaha baé anu keuheul (teu ridlo), nya keur manehna éta kakeuheul téh”. (HR at-Tirmidzi, Ibnu Majah sareng al-Baihaqi)
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Kusabab mangrupakeun qodho’, musibah kudu disanghareupan ku kasabaran. Alloh subhanahu wa ta’ala muji ka jalma-jalma anu salawasna sabar. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
وَلَنَبْلُوَنَّكُمْ بِشَيْءٍ مِّنَ الْخَوْفِ وَالْجُوْعِ وَنَقْصٍ مِّنَ الْاَمْوَالِ وَالْاَنْفُسِ وَالثَّمَرٰتِۗ وَبَشِّرِ الصّٰبِرِيْنَ
“Kaula pasti bakal nguji aranjeun ku saeutik rasa sieun, kalaparan, sarta kakurangan harta, jiwa, jeung bungbuahan. Prak tepikeun khobar anu ngagumbirakeun ka jalma-jalma anu sabar”. (TQS al-Baqoroh [2]: 155)
Teu ngan ukur éta, urang sadaya ogé kudu salawasna tawakal ka Alloh subhanahu wa ta’ala. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
قُلْ لَّنْ يُّصِيْبَنَآ اِلَّا مَا كَتَبَ اللّٰهُ لَنَاۚ هُوَ مَوْلٰىنَا وَعَلَى اللّٰهِ فَلْيَتَوَكَّلِ الْمُؤْمِنُوْنَ
“Pok caritakeun ku anjeun (Muhammad), “Moal pernah bakal tumiba musibah ka abdi sadaya anging anu geus ku Alloh ditetepkeun pikeun abdi sadaya. Mantena (Alloh) Anu Ngaraksa abdi sadaya. Mung ka Alloh wungkul kaom Mu’min tawakal”. (TQS at-Taubah [9]: 51)
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Dina nyanghareupan musibah, Rosul shollallohu ‘alaihi wa sallam ogé ngajarkeun ka urang sadaya supaya ngalakukeun istirja’ nyaéta ngabalikeun deui sagalana ka Alloh subhanahu wa ta’ala, ngadu'a, dzikir, ngalobakeun ibadah sarta taqorrub atawa ngadeukeutkeun diri ka Alloh subhanahu wa ta’ala. Satemena musibah anu tumiba ieu téh, ogé ngalahirkeun rasa syukur. Kusabab kacida pisan seueur ni’mat anu dipaparinkeun ku Alloh ka urang sadaya.
Jeung anu ulah katinggaleun ku urang nyaéta ngalakukeun tobat ka Mantena. Urang sadaya perlu muhasabah atawa introspéksi diri. Naon sababna? Sabab, Alloh subhanahu wa ta’ala ngélingan ka urang yén rupa-rupana musibah (bancang pakéwuh) anu datang sering kusabab pagawéan (dosa) manusa kénéh.
Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
وَمَآ اَصَابَكُمْ مِّنْ مُّصِيْبَةٍ فَبِمَا كَسَبَتْ اَيْدِيْكُمْ وَيَعْفُوْا عَنْ كَثِيْرٍۗ
“Musibah (bancang pakéwuh) naon baé anu tumiba ka aranjeun nyaéta akibat pagawéan (dosa) aranjeun sorangan. Alloh ngahampura sabagéan loba (tina kasalahan-kasalahan aranjeun)”. (TQS asy-Syuro [42]: 30)
Naha henteu apal yén Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam parantos maparin paringetan yén kajahatan anu mahabu téh bakal ngadatangkeun musibah? Zainab binti Jahsy rodhiyallohu ‘anha kantos naros ka Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam, “Naha abdi sadaya bakal binasa, wahéy Rosululloh, padahal disabudeureun urang aya jalma-jalma anu sholéh?” Mantena ngawaler:
نَعَمْ إِذَا كَثُرَ الْخَبَثُ
“Bener, lamun kajahatan geus sumebar di mana-mana”. (HR al-Bukhari).
Bisa jadi urang sadaya mah teu ngalakukeun ma’siat, tapi nu séjén diluar loba jalma ngalakukeun kama’siatan. Naha henteu urang oge kabawa dosa lamun ngantep? Mangka penting pisan sarta sakuduna, urang sadaya tobat kalawan tobat anu sabenerna (taubatan nasuha), naha sacara individu atawa jama’ah (koléktif).
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Hayu urang ngerahkeun kakuatan urang pikeun mantuan dulur-dulur urang anu kakeunaan musibah sakamampuhan urang. Ieu téh tanggung jawab urang sadaya. Ngan baé anu pang gedé tanggung jawabna nyaéta pamaréntah. Sabab, pamaréntah pisan anu diamanahan pikeun ngurus sagala urusan rahayatna, kaasup nalika rahayat dirungrung musibah.
Ieu téh nyaéta bagéan tina amanah kakawasaan. Jaga di akhérat, amanah kakawasaan ieu bakal dipertanggungjawabkeun di hareupeun Alloh subhanahu wa ta’ala. Rosul shollallalohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
فَالأَمِيرُ الَّذِى عَلَى النَّاسِ رَاعٍ وَهُوَ مَسْئُولٌ عَنْ رَعِيَّتِهِ
“Pamingpin manusa téh nyaéta anu ngurus maranéhna jeung manéhna manggul tanggung jawab tina (urusan) rahayatna”. (HR al-Bukhori, Muslim, Abu Dawud, at-Tirmidzi sareng Ahmad)
Pamingpin anu adil moal rék ngantep kasalametan jiwa rahayatna kaancam aya dina bahaya. Mangka, singsaha baé anu jadi pamingpin kudu ngaluarkeun kawijakan pikeun ngajamin kasalamaletan rahayat. Ngadidik rahayat supaya paham tina ancaman bancang pakéwuh sarta sangkan apal kumaha cara ngungkulanana. Teu ngantep rahayat sarta kakara datang ka maranéhna saenggeus musibah kajadian.
Pamungkas, hayu urang terus berjoang ngawujudkeun nagri anu diridloan ku Alloh, pangeusinna dipikanyaah ku Mantena, ku cara nanjeurkeun syaré’at Islam kalawan sampurna (kaffah) anu jadi ciri kataatan sagemblengna urang sadaya ka Dzat Anu Miboga Alam Samesta ieu. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ
Tidak ada komentar:
Posting Komentar