Kamis, 29 Desember 2022

Khutbah Sunda " TAFAKUR"


اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ اَعَدَّ الْجَنَّةَ لِلْمُتَّقِيْنَ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنُ وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا وَنَبِيَّنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ . اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا وَمَوْلَانَا مُحَمَّدٍ وَّعَلَى ءَالِهِ وَاَصْحَابِهِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِ التَّابِعِيْنَ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ . اَمَّا بَعْدُ فَيَا عِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوْتُنَّ اِلَّا وَ اَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ . اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : بَلْ تُؤْثِرُوْنَ الْحَيَاةَ الدُّنْيَا صلى وَ الْآخِرَةُ خَيْرٌ وَّ اَبْقَى .“ Balikta aranjeun { jalma-jalma kafir } kalah ngutamakeun kahirupan dunya, padahal kahirupan akherat leuwih alus sarta langgeng “. { QS. Al-A`la, ayat 16-17 }.
Hadirin, Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !.
Numutkeun Sapalih Hukama tafakur teh :
سَيْرُ الْقَلْبِ فِى مَيَادِيْنِ الْأَغِيَارِ
“ Molahkeun hate dina pirang-pirang lapangan kamakhlukan { benda jagat raya }”.
Kautamaan tafakur sakumaha dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad saw :
تَفَكُّرُ سَاعَةٍ خَيْرٌ مِنْ عِبَادَةِ سِتِّيْنَ سَنَةً
“ Ari tafakur sa jam eta teh langkung sae batan ibadah 60 taun “.
Sapalihna `Arifin nyaurkeun :
اَلْفِكْرَةُ سِرَاجُ الْقَلْبِ فَاِذَا ذَهَبَتْ فَلَا اِضَاءَةَ لَهُ
“ Ari ngemut-ngemut teh cacaang hate, maka dimana-mana teu aya ngemut-ngemut { pareum }, tangtu hate moal aya anu nyaangan “.
Ari Jalan-jalan anu tiasa diangge bahan tafakuranueun teh seueur, diantawisna nyaeta merhatoskeun kahirupan dunya sareng seueurna kasibukan-kasibukanna oge cepet icalna dunya sareng nafakuran kahirupan akherat sarta kanikmatan tur langgengna akhera. Jalmi-jalmi seueur { malihan boa urang oge kalebet } anu langkung mentingkeun kahirupan dunya padahal akherat langkung sae sarta langgeng. Kahirupan dunya mah ukur kaheureuyan jeung kaulinan. Pidawuh Anu Maha Suci :
وَ مَا هَاذِهِ الْحَيَاةُ الدُّنْيَا اِلَّا لَهْوٌ وَ لَعِبٌ وَّ اِنَّ الدَّارَ الْآخِرَةَ لَهِيَ الْحَيَوَانُ لَوْ كَانُوْا يَعْلَمُوْنَ
“ Jeung taya lian ieu kahirupan dunya teh ngan kaheureuyan jeung kaulinan. Jeung saestuna nagri akherat teh kahirupan anu sabenerna, upama maranehna nyahoeun mah “. { QS. Al-`Ankabut, ayat 64 }.
Buah tina tafakkur ieu bakal ngalahirkeun zuhud dina kahirupan dunya sareng resep kana kahirupan akherat. Sahingga sagala aktifitas dunya anu sae dijadikeun bekel jang sampeureun kahirupan akherat.
Diantawisna deui nyaeta ngemut kana kaagungan Allah, maka bakal ngalahirkeun katauhidan sareng kayaqinan. Ngemut kana anugrah nikmat ti Allah, maka bakal ngalahirkeun kacintaan sareng syukur. Ngemut kana jangji-jangji Allah, bakal ngalahirkeun cinta kahirupan akherat.
Hadirin Rahimakumullah !.
Salajengna oge ngemut kana ancaman Allah pikeun jalmi anu maksiyat, nukang nonggong kana aturan Allah, maka bakal ngalahirkeun kasieun ngalakukeun maksiyat sareng dosa. Ngemut kana kalalaworaan diri tina ibadah sareng amal shaleh bari tetepna kasaean Allah ka diri, maka bakal ngalahirkeun rasa isin.
Terakhir anu tiasa dijadikeun bahan tafakur teh nyaeta ngemutan sumpingna maot sareng tumibana kanalangsaan sareng kahanjakalan saatosna maot tina margi kakurangan sareng kalalaworaan dina ibadah sareng amal soleh, anu kahanjakalan kanalangsaanna tos moal aya manfaatna. Maot anu kusadaya manusa dipikasieun atanapi dihindari sahingga salamina berusaha ngajaga kasalametan sareng kasehatan, tapi tetep bae maot mah bakal sumping. Ditengah-tengah asyik semangat, gairah usaha kanggo ngaraih cita-cita, mayunan rencana-rencana atanapi malihan nuju nganikmati hasilna, teu mustahil dadak-dumadak sumping ajal tina arah anu teu disangki-sangki sababna, atanapi tanpa aya sabab pimaoteun. Ku ayana salamina emut kana maot, sadaya usaha gerak lengkahna, cita-citana dikaitkeun pikeun sampeureun kahirupan anu abadi saatos maot. Manfaat ngemutan maot bakal mondokeun lamunan, nyaekeun sadaya padamelan, bujeng dohir perkara akherat, padamelan dunya ge disampurnakeun, moal asal-asalan, moal puraga tamba kadengda, moal sakasampeurna, moal sapurunna, tapi sadaya padamelan dilaksanakeun kalawan dines, disiplin, ikhlas karana Allah, margi teu weleh emut, boa sareng bisi dinten ayeuna dinten pamungkas hirup di dunya.
Hayu urang sami-sami ngalaksanakeun tafakur anu sakitu pohara faedah sareng manfaatna saupami leres-leres berhasil dina tafakurna. Heuteu sadaya oge, paling henteu tiasa ngalaksanakeun tafakur dina salah sawios anu dipedar nembe.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَ الْمُؤْمِنِيْنَ وَ الْمُؤْمِنَاتِ اِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
KHUTBAH KA DUA
الْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِي أَرْسَلَ رَسُولَهُ بِالْهُدَى وَدِينِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَى الدِّينِ كُلِّهِ وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُونَ . أَشْهَدُ أَنْ لَّا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَ حْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ . اَللهُمّ صَلّ وَسَلّمْ عَلى مُحَمّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن . اَمَّا بَعْدُ فَيَا عِبَادَ اللهِ اُوْصِيْكُمْ و َاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ وَطَاعَتِهِ . اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَ اْلأَمْوَاتِ . اَللَّهُمَّ اَرِنَا الْحَقَّ حَقًّا وَّ ارْزُقْنَا اتِّبَاعَهُ وَ اَرِنَا الْبَاطِلَ بَاطِلًا وَ ارْزُقْنَا اجْتِنَابَهُ . اَللَّهُمَّ اِنَّا نَسْئَلُكَ الرِّضَى وَ الْيَقِيْنَ . رَبَّنَا تَقَبَّلْ مِنَّا اِنَّكَ اَنْتَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَ تُبْ عَلَيْنَا اِنَّكَ اَنْتَ التَّوَّابُ الرَّحِيْمُ رَبَّنَا آَتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَّ فِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَّ قِنَا عَذَابَ النَارِ وَ اَدْخِلْنَا الْجَنَّةَ مَعَ الْأَبْرَارِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ
Lihat Terjemahan
73
15 komentar
11 Kali dibagikan
Suka
Komentari
Bagikan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

KHUTBAH JUM'AH

NASAB HABIB BA ALAWI SEPERTI MALAM LIKURAN

Para habaib sering mengungkapkan narasi bahwa, nasab para habib Ba Alawi sudah terang benderang bagaikan matahari di sianghari. Jika di sian...