اْلحَمْدُ للهِ اَّلذِيْ جَمَعَنَا عَلَى حُبِّ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى حُبِّ مَا يُحِبُّ سَيِّدُنَا مُحَمَّدٌ، وَمَنْ يُحِبُّ سَيِّدَنَا مُحمد، ومَنْ أَحَبَّ صِرَاطَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ. اللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى أَصْحَابِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى أَزْوَاجِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى أَنْصَارِ سَيِّدِنا مُحَمَّدٍ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا
أمَّا بَعْدُ فَيَا عِبَادَ اللهِ أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِخَيْرِ وَصِيَّةٍ عَلَّمَنَا سَيِّدُنَا مُحَمَّدٌ تَقْوَى اللهِ اْلأَحَدِ الصَّمَدِ فَهِيَ طَرِيْقُ اْلجَنَّةِ اْلمُؤَكَّدِ، فَقَدَ قَالَ اللهُ تَعَالَى اعوذبا الله من الشيطان الرجيم بسم الله الرحمن الرحيم
وَلَا تَمُدَّنَّ عَيْنَيْكَ اِلٰى مَا مَتَّعْنَا بِه اَزْوَاجًا مِّنْهُمْ زَهْرَةَ الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا لِنَفْتِنَهُمْ فِيْهِ ۗوَرِزْقُ رَبِّكَ خَيْرٌ وَّاَبْقٰى
Dina ngambah ieu kahirupan, manusa diwajibkeun nyengsarkeun waktu jeung pikiran pikeun ibadah ka pangeran, sabab taya deui anu bisa nungtun kana kabagjaan iwalti ibadah jeung ngabdiken diri ka Dzat anu Maha Heman, tapi ku reka perdaya syetan loba manusa anu lali kana aturan sabab kabengbat pikiran ku masalah kadunyaan, malahan loba anu salah sangkaan dina nangtukeun tujuan hirup jeung kahirupan, sakumaha di dawuhkeun ku sapalih ulama
أربعة طلبناها في أربعة فأخْطأنا طُرُقَها فوجدناها في أربعة أُخْرَى
Aya opat perkara anu jadi harepan manusa, atuh sagala usaha ditamplokeun pikeun ngahasilkeunana, ngan hanjakal salahsangka, atuh usahana jadi sia sia, sabab ukur ngudag ngudag kalangkang heulang nu taya buktina.
Zaman ayeuna loba manusa anu salah sangka dina opat perkara, atuh anu di udag udag teh taya hasilna sabab salah prediksina...
Anu Kahiji
طلبنا الغِنى في المال فوجدناه في القناعة
Loba manusa anu nyangka yen kabeungharan teh ayana dina harta banda jeung dunya barana, atuh sagala tarekah jeung usaha ditamplokeun pikeun ngudag ngudag dunya, dibelaan dug hulu pet nyawa, dug hulu pet kawajiban kawajiban Ka Allah Ta'ala, padahal sabenerna kabeungharan mah ayana dina dada, nyaeta tumarima kana sakumaha pamasihan ti Allah Ta'ala, malahan Allah Ta'ala tos masihan bewara dina kitabna
وَلَا تَمُدَّنَّ عَيْنَيْكَ اِلٰى مَا مَتَّعْنَا بِه اَزْوَاجًا مِّنْهُمْ زَهْرَةَ الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا لِنَفْتِنَهُمْ فِيْهِ ۗوَرِزْقُ رَبِّكَ خَيْرٌ وَّاَبْقٰى
Maraneh ulah sok rurat reret kana harta banda jeung dunya barana anu geus di bikeun ka jalma anu kurang iman jeung anu doraka, sabab eta mah ngan sakadar papaes dunya anu jadi malapetaka jeung cocoba ka maranehna, sedengkeun rizqi pangeran anjeun eta leuwih utama jeung leuwih manjang salawasna pikeun jalma anu taqwa. QS. Thoha, 131
Hadirin sidang jum'ah Rahimakumullah!
Anu Kadua
وطلبْنا الرّاحةَ في الثّرْوة فوجدْناها في قِلّة المال
Loba manusa anu nyangka yen ayana kasenangan jeung katenangan hirup teh ayana dina harta banda anu loba, sabab ku ayana harta bisa hasil sagala kahayang jeung cita citana, atuh sakabeh umur nu sesa ditamplokeun pikeun ngahasilkeunana, Padahal timbulna kasenangan mah lain tina lubak libuk loba harta tapi tina tumarima kanu aya, anu dipasihkeun ku Allah Ta’ala Sarta hate pasrah kana kayaan,
Anu Katilu
وطلبْنا الّلذاتِ في النِّعمة فوجدْناها في البدن الصّحيح
Loba manusa anu nyangka yen kasenangan jeung kani'matan hirup teh ayana dina dahareun anu ngeunah jeung kahirupan anu serba mewah, atuh sagala usaha jeung tarekah, ditamplokeun pikeun ngahasilkeunana, padahal kani'matan anu paling utama taya deui iwalti dina badan anu sehat jeung awak anu kuat.
Anu Kaopat
وطلبنا الرزق فى الأرض فوجدناه فى السماء
Loba manusa anu nyangka yen rizqi teh ngampar di bumi, sarta bisa diusahakeun ku diri pribadi, atuh satiap waktu satiap sa'at dipake mikiran rizqi, padahal rizqi mah geus di atur kunu Maha Suci.
Hadirin sidang jum'ah Rahimakumullah! Mudah-mudahan ieu khutbah janten tadzkiroh sareng papatah sangkan urang sadaya henteu salah lengkah atawa nincak dina jalan anu salah anu dipika bendu kunu Maha Wahdah, oge ieu khutbah tiasa janten wasilah kana ningkatna ibadah kanggo ngahontal karidoan alloh anu maha gagah.
با رك الله لي ولكم با القران العظيم ونفعني
Lihat Terjemahan
Tidak ada komentar:
Posting Komentar