Kamis, 29 Desember 2022

Khutbah Sunda " ULAH KABAWA PALID JEUNG ULAH TI TEULEUM "

 ULAH KABAWA PALID JEUNG ULAH TI TEULEUM

الحمد لله الذي جعل اليوم عبدا لعباده المؤمنين, وختم به شهر الصيام للمحلصين وجعل في طاعته عزالدنيا والاخرة للطائعين اشد ان لا إله إلا الله وحده لاشريك له شهادة تطهرو القلوب من الغش اللعين. وأشهد ان محدا عبده ورسوله اطوع الخلق لرب العلمين . اللهم صل وسلم وبارك غلى محد وعلى أله واصحابه المجاهدين. اما بعد فاوصيكم عبادالله وإياي بتقو الله فإنها شعارالمتقين ووصية الله للناس أجمعين
Hadirin kaum Muslimin sidang Jum’ah anu dimulyakeun ku Allah
Saparantosna sim kuring ngaoskeun Hamdalah anu intina Muji Sukur ka Alloh anu parantos masihan mangpirang pirang Nikmat nu teuaya hinggan ka urang sadaya, oge mantena parantos ngajadikeun waktu waktu pikeun khusus ibadah ka Mantena di antawisna parantos kangajdikeun Dinteanan Ied pikeun urang kumpul ibadah shalat shunat nu beda ti sunat sunat sejena sarta tos nutup sasih Romadhon anu di eusian ku shaum sarta dipungkas ku ngalaksanakeun Zakat fitrah minangka keur ngabersihkeun jiwa urang tina rereged nu aya. Mugia shaolawat sarta salam di limpahkeun ka jungjunan urang sadaya Kangjeng Nabi Muhammad saw kakulawargana, para sahabat, tabi’in tabiuttabi’in oge di teraskeun ka umat Islam ke lebet Urang sadaya tug duki ka yaumal qiyamah.
Saparantosna urang peren tina Ibadah taunan anu wujudna shaum sabulan campleng ayeuna urang balik deui kana bulan bulan nu ku urang dipayunan mudah mudahan shaum urang nu ku urang di jalankeun ngagaduhan atsar pikeun bekel mayunan ibadah ibadah sejenna.
Allah swt parantos ngauningakeun ka urang ngalangkungan Dawuhanana dina Qur’an surat At Tahrim ayat 6
يَاأَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا قُوا أَنْفُسَكُمْ وَأَهْلِيكُمْ نَارًا وَقُودُهَا النَّاسُ وَالْحِجَارَةُ عَلَيْهَا مَلَائِكَةٌ غِلَاظٌ شِدَادٌ لَا يَعْصُونَ اللَّهَ مَا أَمَرَهُمْ وَيَفْعَلُونَ مَا يُؤْمَرُونَ
Yeuh jalma jalma anu ariman Geura raksa diri maraneh jeung kulawarga maraneh tina siksaan naraka anu suluhna manusa jeung batu, anu dijaga ku Malaikat nu baradag , nu garagah anu henteu wangkelang ka alloh ( dina hal) naon anu diparentahkeun ku Anjeuna ka maranehna sarta maranehna ngalaksanakeun saniskara anu diparentahkeun ka maranehna(QS At Tahrim 6)
Sareng dawuhan nana nu sejena
وَاعْلَمُوا أَنَّمَا أَمْوَالُكُمْ وَأَوْلَادُكُمْ فِتْنَةٌ وَأَنَّ اللَّهَ عِنْدَهُ أَجْرٌ عَظِيمٌ
Jeung sing nyaho, yen harta banda maraneh jeung anank-anak maraneh teh ngan ukur cocoba, jeung saestuna Allah, nya di Anjeunna aya pahala anu gede teh (QS Al Anfal 28)
Tiap Mu’min boga tanggungjawab salaku pamingpin, sakurang kurangna pamingpin di Rumah tanggana, pamingpin anak bojojeung kulawarga.
Kamampuhan mingpin garwa jeung anak di rumah tanggana jadi ukuran kasanggupan mingpin di Masyarakat. Kumaha bisana diharepkeun kastabilan mingpin masyarakat jeung umat umumna lamun can aya kamampuan mingpin anak istri sorangan ? Tangtu batur bakal ngbegegan “ Kulawargana sorangan ge can bener kumaha rek menerkeun kulawarga batur “
إِبْدَأبِنَفْسِكَ فَانْهَهَا عَنْ غَيِّهَا فَإِذَاانْتَهَتْ فَاَنْتَ حَكِيْمٌ
Heulakeun diri maneh sorangan jeung ulah sina nyeleweng, lamun geus teu nyeleweng, tah eta maneh jalma anu wijaksana
Dina ayat di luhur surat At Tahrim ayat 6 di uningakeun ku Alloh swt hiji kawajiban anu sifatnna parentah (amer) sangkan malihara diri, anak istri kulawarga tina seuneu naraka. Ari dina ayat nu kaduana al anfal 28 diuningakeun yen anak istri dipandang salaku ujian (fitnah) kana kamampuan hiji hiji jalma.
Ahli tafsir ngartikeun “ ahlikum “ dina eta ayat nyaeta garwa sareng para putra.
Ibnu Abbas nerangkeun yen kawajiban ka kulawarga (Garwa, putra) nyaeta mere pangajaran jeung ngajak kana jalan anu bener sahingga ku kituna aya dina pamaliharaan jeung lindungan Allah swt.
Nalika mimiti turun ayat anu marentahkeun malihara diri jeung kulawarga tina seuneu naraka, Sayidina Umar bin Khathab tumaros ka Rasululloh saw: Kawajiban malihara diri sorangan tina seuneu naraka eta mah jelas , namung kumaha carana abdi malihara anak pamajikan abdi ?
Rasululloh ngawaler : “ Maraneh kudu ngalarang hal hal anu dilarang ku Allah, jeung ku maraneh parentah perkara parentah perkara-perkara anu diparentah ku Allah kitu nu diuningakeun di na tafsir al Qurtubi.
Hadirin kaum Muslimin sidang jum’ah anu di mulyakeun ku Allah swt.
Dina enggoning ngabina kahirupan para putra, dina hadist diterangkeun
عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ ، رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُ ، قَالَ : قَالَ النَّبِيُّ صلى الله عليه وسلم كُلُّ مَوْلُودٍ يُولَدُ عَلَى الْفِطْرَةِ فَأَبَوَاهُ يُهَوِّدَانِهِ ، أَوْ يُنَصِّرَانِهِ ، أَوْ يُمَجِّسَانِهِ
Ka Tampi ti Abu Hurairah rd; anjeuna sasauran yen parantos ngandika Rasulullah saw, “ Tiap tiap anu lahir, dilahirkeun dina kaayaan fitrah (suci), ngan ibu ramana anu ngajadikeun Yahudi, Nasrani jeung Majusi ( HR Bukhari)
Tangtu hadist ieu sanes nimpahkeun tanggung jawab sacara mutlak ka nu jadi ibu ramana tina hal kajahatan jeung kagorengan putrana. Umumna hukum Islam ngeunaan tanggungjawab sacara pribadi, tapi ibu ramana ngiring tanggungjawab karana kurang usahana ngaping ngajaring purasangkan henteu ngalakukeun kajahatan. Rasulullah masiham wejangan sangkan ibu rama ngawajibkeun putrana ngadeukeun shalat dimana eta maurangkalih geus mimiti baligh .
Parentah Allah di na al qur’an pikeun ngadekeun shalat
وَأْمُرْ أَهْلَكَ بِالصَّلَاةِ وَاصْطَبِرْ عَلَيْهَا لَا نَسْأَلُكَ رِزْقًا نَحْنُ نَرْزُقُكَ وَالْعَاقِبَةُ لِلتَّقْوَى
Jeung parentahkeun ka kulawarga maneh supaya ngadeugkeun shalat sarta masing masing salabar dina ngalakonanan. Kami teu menta rejeki ka maraneh, nya kami nu maparin rejeki ka maneh, Nya Kami nu maparin rejeki ka maneh. Jeung eta akibat(anu hade) teh pikeun jalam anu taqwa (QS Tha ha 132)
Dina usaha ngabina jeung ngbingbing rumah tangga, kudu dipalihara hubungan ulah pegat-pegat antara caroge garwa, putra . Upama tuang sasarengan, shalat di bumi berjama’ah sering ngariung calik bari ngawangkong, ngadongeng anu ngandung didikan jeung atikan maksud mere bimbingan anu teu langsung.
Tapi lamun antara garwa jeung caroge pajauh huma, sabab masing masing sibuk ku gawena, teu matak heran lamun kajadian nu hiji ngidul, nu hiji ngulon, nu hiji deui ngaler, ahirna ibu rama kapaksa ngegel curuk mayunan kalakuan putra-putrana.
Dina ayat nu diluhur
وَاعْلَمُوا أَنَّمَا أَمْوَالُكُمْ وَأَوْلَادُكُمْ فِتْنَةٌ وَأَنَّ اللَّهَ عِنْدَهُ أَجْرٌ عَظِيمٌ
Diterangkeun yen harta jeung anak jadi fitnah. Naon ari fitnah teh ?
Aya sababaraha arti ngeunaan kecap fitnah namung numutktkeun ahli tafsir ngeunaan kecap Fitnah dina ayat kasebut nyaeta cocobi, ujia. Tiap-tiap ibu rama sapapaosna diuji kamampuanana ngabimbing palaputrana, sangkan jadi jalma hade tur shaleh.
Ujian rupa rupa, aya nu ngeunaan harta banda, putra,garwa, kagoncangan jiwa, panyawat jeung rea rea deui. Satiap ujian nu kumaha wae wujudna jeung sipatna bisa diibaratkeun saperti walungan anu banjir. Jalma-jalma anu aya disis walungan anu banjir kudu usaha nyalametkeun dirina tina banjir anu ngamuk. Manehna kudu ngojay ka sisi, atawa ngembing kana akar, sarta neangan kai anu bisa dipake muntang supaya ulah palid jeung ti teuleum.
Salah sahuji ujian anu loba pisan dirasakeunanan ku masyarakat dina waktu waktu akhir ieu nyaeta anu aya hubunganana atara keluarga anak Istri jeung masyarakat nyaeta naon nu disinyalir ku Rasulullah saw dina salah sawios hadis nu di uningakeun ku Abu Hurarah rd kalayan diriwayatkeun ku Al Bazar
عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ قَالَ : قَالَ رَسُولُ اللهِ صلى الله عليه وسلم : كَيْفَ بِكُمْ أَيُّهَا النَّاسُ إِذَا طَغَى نِسَاؤُكُمْ ، وَفَسَقَ فِتْيَانُكُمْ ؟ قَالُوا : يَا رَسُولَ اللهِ ، إِنَّ هَذَا لَكَائِنٌ ؟ قَالَ : نَعَمْ ، وَأَشَدُّ مِنْهُ ، كَيْفَ بِكُمْ إِذَا تَرَكْتُمُ الأَمْرَ بِالْمَعْرُوفِ ، وَالنَّهْيَ عَنِ الْمُنْكَر....( مسند ابو يعلى)
Katampi ti Abu Hurairah rd anjeuna sasauran yen Rasulullah saw parantos ngandika “ Kumaha sikep aranjeun Yeuh jalma jalma !! lamun lamun anak anak awewe aranjeun geus boga sifat minculak /kabina-bina ( hartosna ari istri mah pantesna lemah lembut pinuh ku rasa isin jeung sajabana) sarta para nom-noman geus parasek ( loba ngalanggar aturan agama ) ?
Kulantaran kacida dianggap seremna eta kajadian para sahabat tumaros “ Naha kajadian kitu teh bakal tumiba ya Rasul ? Rasul ngawaler (na’am) enya malah leuwih ti kitu ge bakal kajadian “ Cik kumaha sikep aranjeun lamun engke ( turunan urang) geus wani ninggalkeun amar ma’ruf nahyi munkar (teu daek ngajak kana anu bener sarta geus teu wani curak carek kana kamungkaran )
Mudah-mudahan urang ditangtayungan ku Allah tina kaayan jaman anu di uningakeun ku Rasul
بَارَكَ اللهُ لىِ وَلَكُمْ فىِ الْقُرْأَنِ الْعَظِيْمِ وَنَفَعْنِى وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الْاَيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ
KHUTBAH KA 2
الْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِي أَرْسَلَ رَسُولَهُ بِالْهُدَى وَدِينِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَى الدِّينِ كُلِّهِ وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُونَ أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَاحْدَهُ لاَ شَرِيْكَلَهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اما بعد
Hadirin kaum Muslimin sidang jum’ah anu di mulyakeun ku Allah swt.
Dina hubungan ieu Rsulullah saw henteu wungkul ngasinyalir gejala eta jaman, jeung medar sabab-sababna sarta kasang tukangna namung anjeuna ngagariskeun kumaha kuduna sikep nyanghareupan kaayaan anu sarupa kitu.
Salah sahiji tugas kaom Muslimin nyanghareupan tiap-tiap kaayaan jeung situasi sanajan sakumaha seremna, nyaeta ulah bosen bosen umajak ka papada manusa pikeun ngalakukeun kahadean jeung nyegah tina ngalakukeun kajahatan, anu dimimitian ti kulawaraga urang sabab kulawarga teh hiji bahan atawa unsur pikeun ngawujud hiji masyarakat kujalan ngatik ngadidik garwa sarta palaputra.
Rasulullah ngemutan ka urang dina hiji hadist sangkan ulah kabebenjokeun ku urusan dunya sarta mopohokeun urusan amar ma’ruf sarta nahyi munkar samemeh datang hiji sa’at dimana du’a maraneh teu di ijabah deui, pamenta maraneh geus teu dikabul sarta leungitna barokah tina Wahyu
إِذَا أَعْظَمَتْ أُمَّتِي الدُّنْيَا نُزِعَتْ مِنْهَا هَيْبَةُ الإِسْلاَمِ ، وَإِذَا تَرَكَتِ الأَمْرَ بِالْمَعْرُوْفِ وَالنَهْيَ عَنِ الْمُنْكَرِ حُرِمَتْ بَرَكَةُ الْوَحْيِ ( رواه الترمذي)
Lamun umat kami geus ngagung agungkeun urusan dunya, pinasti bakal dicabut kahebatan Islam, sarta lamun umat ieu geus ninggalkeun parentah amar ma’ruf nahyi munkar maka baris diharamkeun barokahna wahyu (HR Thirmidzi)
Hadirin kaum Muslimin sidang jum’ah anu di mulyakeun ku Allah swt.
Hayu urang silih jaga kulawarga urang tina ancaman seuneu naraka kujalan nanjeurkeun ayat ayat Allah di tengah masyarakat sabab lamun urang geus taki taki pikeun nyanghareupan poe jaga sa olah olah urang geus taki-taki pikeun nyanghareupan jaman nu kumaha wae.
رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاِنْ لَمْ تَغْفِرْلَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَاكُوْنَنَّ مِنَ الْخَاسِرِيْنَ, رَبَّنَا لَا تُزِغْ قُلُوبَنَا بَعْدَ إِذْ هَدَيْتَنَا وَهَبْ لَنَا مِنْ لَدُنْكَ رَحْمَةً إِنَّكَ أَنْتَ الْوَهَّابُ, رَبَّنَا أَتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى الْاَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ أَقُوْالُ قَوْلِى هَذَا وَاسْتَغْفِرُ اللهَ لِى وَلَكُمْ تَقَبَلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمُ وَالسَّلاَمُ عَلَيْكٌمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
88
8 komentar
13 Kali dibagikan
Suka
Komentari
Bagikan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

KHUTBAH JUM'AH

NASAB HABIB BA ALAWI SEPERTI MALAM LIKURAN

Para habaib sering mengungkapkan narasi bahwa, nasab para habib Ba Alawi sudah terang benderang bagaikan matahari di sianghari. Jika di sian...