اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ خَلَقَ الشُّهُوْرَ وَ الْاَعْوَامَ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَ اَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا وَنَبِيَّنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ سَيِّدُ الْاَنَامِ . وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَاَصْحَابِهِ مَا دَامَتِ اللَّيَالِيْ وَ الْاَيَّامُ . اَمَّا بَعْدُ : فَيَا عِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَ لَا تَمُوْتُنَّ اِلَّا وَ اَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ . اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آَمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ وَلْتَنْظُرْ نَفْسٌ مَا قَدَّمَتْ لِغَدٍ وَاتَّقُوا اللَّهَ إِنَّ اللَّهَ خَبِيرٌ بِمَا تَعْمَلُونَ
" Yeuh jalma-jalma iman ! Masing takwa aranjeun ka Allah sarta saban-saban jalma kudu nengetan naon-naon anu geus ditataharkeun pikeun jaga {poe kiyamat}, jeung masing takwa ka Allah, lantaran saestuna Allah Maha Uninga kana saniskara anu ku aranjeun dilampahkeun". {QS. Al-Hasyru, ayat 18}.
Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !
Waktos anu karandapan ku urang teu pernah liren sadetik oge bari moal luput tina ngandung tugas ti Allah, naha mangrupi piwarangan atanapi mangrupi larangan, anu sadayana kedah diestokeun kalawan ikhlas karana Allah.
مَا مِنْ نَفَسٍ تُبْدِيْهِ اِلَّا وَلَهُ قَدَرٌ فِيْكَ يُمْضِيْهِ - الحكمة
" Teu aya hiji renghap nafas anu ku anjeun dikaluarkeun, anging {di dinya} aya takdir anu berjalan di anjeun{ naha to`at, ma`siyat, ni`mat atanapi balai}".
Ku betah sareng resepna hirup di alam dunya, sanaos kadang disarengan ku kacape, kanyeri sareng tunggara, geuning waktos sataun teh asa mung sakedap. Ayeuna tos lebet deui dina sasih sareng taun anu munggaran 1444 H , etangan taun Islam anu katelah taun Hijriyah. Etangan yuswa memang nambihan, tapi saleresna tos beuki ngirangan jatah hirup di alam dunya, hartosna tereh maot, tereh lebet ka alam kubur, tereh ngantunkeun alam karamean, tereh ngantunkeun kulawarga baraya tatangga sareng sobat anu dipikacinta. Ieu sakarina jatah yuswa teh duka sabaraha taun, sasih, minggu, sareng dinten deui, malih duka sabaraha menit deui, ma`lum jalmi teu aya anu uninga kana iraha pasna sumping ajal. Ieu ngandung hartos kesempetan kanggo nambih-nambih ibadah ka Allah sareng amal sholeh beuki ngirangan. Kumargi kitu hayu urang gunakeun ieu kasempetan sasae-saena ku midamel padamelan anu sae tur manfa`at kanggo dunya sareng akherat.
Hadirin, Rahimakumullah !
Pangalaman hirup taun kapengker kedah janten pieunteungeun kanggo larapkeuneun kapayun, kanggo ngarobih sikep, ngatur strategi, anu awonna kantunkeun, anu saena pertahankeun, komo upami tiasa langkung ningkat. Hirup manusa ayeuna teu kenging kajongjonan, katipu ku ombak kahirupan dugika hilap saha ari urang, dipiwarang naon dina hirup ayeuna, sareng bade kamana mulang, da manusa tos dipasihan sarana ku Gusti Allah anu mangrupi akal sareng pituduh kanggo jalan pitincakeun anu nyandak kana kasalametan sareng kabagjaan.
Gusti Allah Ngadawuh dina Al-Qur`an Surat Al-Hadiid ayat 20 anu pihartoseunana kirang langkung kieu: " Masing apal aranjeun sarerea, yen saestuna taya lian kahirupan dunya teh ukur kaulinan, heuheureuyan, jeung papaes jeung pareueus-reueus diantara aranjeun, jeung paloba-loba harta katut anak; saperti tutuwuhan sabada hujan anu tumuwuhna pikaresepeun patani, tuluy jadi garing sarta terus katingal ku anjeun eta tutuwuhan teh jadi karoneng pisan, satuluyna jadi kalakay. Jeung di akherat teh aya siksaan anu liwat saking jeung aya pangampura jeung karido ti Allah. Jeung ari kahirupan dunya teh taya lian anging kasenangan anu palsu wungkul".
Nyakitu deui ulah katipu ku ningali kasenangan hirupna jalmi-jalmi luar islam.
لَا يَغُرَّنَّكَ تَقَلُّبُ الَّذِينَ كَفَرُوا فِي الْبِلَادِ (196) مَتَاعٌ قَلِيلٌ ثُمَّ مَأْوَاهُمْ جَهَنَّمُ وَبِئْسَ الْمِهَادُ (197)
" Poma anjeun ulah katipu ku rumingkangna jalma-jalma kafir di bumi alam.. {nyaeta} kasenangan anu teu sabaraha, jeung pangbalikan maranehna naraka jahannam, jeung eta teh padumukan anu panggoreng-gorengna". {QS. Ali Imron, ayat 196-197}.
Hadirin Anu Mulya !
Muga-muga dina ngalebetan taun anu enggal ayeuna Allah SWT salamina maparin ka urang sadaya kasaean sareng kabarokahan dina sagala perkara, diriksa tina godaan syetan jeung balad-baladna, dipasihan pitulung kanggo ngalawan nafsu amarah anu ngadorong kajahatan, disibukeun tina padamelan anu bakal nyaketkeun ka Gusti Allah anu ngalahirkeun kabagjaan di dunya sareng akherat. Aamiin , Ya Rabbal `Aalamiin !.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar