Kamis, 29 Desember 2022

Khutbah Sunda "KRISIS ADAB RUMAJA JEUNG PELAJAR INDONÉSIA"


KHUTBAH KAHIJI
إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
قَالُوْا سُبْحٰنَكَ لَا عِلْمَ لَنَآ اِلَّا مَا عَلَّمْتَنَا ۗاِنَّكَ اَنْتَ الْعَلِيْمُ الْحَكِيْمُ
(QS al-Baqoroh [2]: 32)
Alhamdulillah, Alloh masih nyaah ka urang sadaya. Alloh ngurniakeun ni’mat anu kacida pisan seueurna, anu tangtos urang sadaya moal sanggup ngitungna. Utamina ni’mat iman sareng Islam. Sholawat miwah salam kawilujengan mudah-mudahan salamina dilimpahcurahkeun ka panutan alam Rosululloh Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu istiqomah merjoangkeun sareng ngalaksanakeun Islam dugika akhir zaman.
Hayu urang terus usaha satékah polah ningkatkeun katakwaan urang sadaya ka Alloh subhanahu wa ta’ala. Laksanakeun sadaya paréntah-paréntah-Na sarta omat ulah seueur ngabantah. Tinggalkeun sanéskanten larangana-Na sarta omat ulah pirajeunan ngabangkang.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Sedih pisan karasana urang sadaya ningali kahirupan generasi muda wanci kiwari. Sakumpulan barudak SMA najong nini-nini nepika mental. Saméméhna sababaraha budak SMP nga-bully babaturanana di jero kelas kalawan babarengan neunggeulan jeung najong sirah korban nepika kapiuhan. Astaghfirullooh…
Kalakuan goréng generasi muda saperti ieu téh lain ayeuna wungkul. Sering kajadian, terus-terusan taya eureuna. Ieu téh fakta di hareupeun panon urang sadaya.
Pasualanana, naha ieu hasil didikan Islam? Jawabanana: LAIN! Fakta nuduhkeun, pangajaran Islam justru dijauhkeun. Urang sadaya, Anjeun, sakola, jeung masyarakat malahan mah disingsieunan ku isu ‘Islam radikal’ dina lingkungan budak sakola. Maranéhna anu ‘lebay’ jeung jauh tina agama kalahkah dibéré panggung, ngarana diténarkeun, jeung aksi-aksi maranéhna dibéré tempat.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Urang sadaya kudu waspada, krisis adab keur tumiba ka generasi muda urang. Hal ieu téh katingal tina beuki lobana kalakuan goreng ti sabagéan maranéhna. Sabagéan maranéhna geus biasa ngomong ku caritaan anu kasar, ngalawan ka kolot sarta guru, ngalakukeun kakasaran pisik (bullying). Nepika aya anu wani ngalakukeun pagawéan kriminalitas saperti tawuran, maling, ngarampog, merkosa, jeung maéhan.
Data hasil riset Programme for International Students Assessment (PISA) 2018 nuduhkeun murid anu ngaku pernah ngalaman kakasaran pisik (bullying) di Indonesia lobana téh 41,1%. Angka ieu nempatkeun Indonesia dina posisi kalima pangluhurna tina 78 nagara salaku nagara anu murid sakolana panglobana ngalaman kakasaran pisik.
Di tingkat nasional, dina taun 2018 KPAI ngalaporkeun yén 84% budak sakola pernah ngalaman kakasaran pisik di lingkungan sakola. Badan Narkotika Nasional (BNN) ogé ngalaporkeun hasil survéy yén aya 2,3 juta budak sakola anu ngonsumsi narkoba. Teu saeutik ogé murid awéwé anu ngajalankeun profési jadi PSK. Nepika aya murid anu malah jadi germo (mucikari) ku nawarkeun babaturanana ka lalaki baragajul.
Sedihna deui, krisis adab ieu lain ngan kajadian di lingkungan sakola umum wungkul, tapi nepika lingkungan pasantrén. Aya santri perlaya alatan dianiaya ku saluhureunana. Di tempat séjén aya sababaraha santri téga ngaduruk adi kelas sahandapeunana kusabab motif balas dendam.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Sakabéh fakta ieu téh nyaéta buah sistem pendidikan sékulér. Murid sakola dijauhkeun tina agama. Adab-adab Islam teu diajarkeun, iwalti ngan sakadar élmu pangaweruh, pikeun ngahontal niléy ujian.
Ieu sakabéhna tangtu lain teu dihaja. Karuksakan ieu dijieun sarta direncanakeun. Coba tingali Peta Jalan Pendidikan Nasional 2020-2035 anu ayeuna keur disawalakeun di Kementerian Pendidikan dan Kebudayaan (Kemendikbud). Frasa agama dileungitkeun. Lamun agama dileungitkeun, naon patokan ngadidik 'generasi muda' urang?
Sababaraha waktu katukang, guru anu nganaséhatan murid awéwéna pikeun maké jilbab kalahkah kaancam dipecat. Samentara kampanye deradikalisasi diramékeun di sakabéh tingkatan (level) pendidikan. Rék dibawa ka mana nagri ieu?
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Islam téh nyaéta hiji-hijina agama anu bisa ngarobah masyarakat jahiliyah (anu percaya syirik, tahayul, khurofat; biasa ngalakukeun zinah, mabok, riba, jeung sajabana) jadi masyarakat anu ngabogaan paradaban unggul jeung ngabogaan akhlak anu mulya. Ieu téh kanyataan anu digambarkeun dina Al-Qur’an:
الۤرٰ ۗ كِتٰبٌ اَنْزَلْنٰهُ اِلَيْكَ لِتُخْرِجَ النَّاسَ مِنَ الظُّلُمٰتِ اِلَى النُّوْرِ ەۙ بِاِذْنِ رَبِّهِمْ اِلٰى صِرَاطِ الْعَزِيْزِ الْحَمِيْدِۙ
“Alif Laam Raa. (Ieu téh nyaéta) Kitab anu ku Kami diturunkeun ka anjeun (Muhammad) supaya anjeun ngaluarkeun manusa tina poék nuju cahaya anu caang kalawan widi Pangéran, (nyaéta) nuju jalan Pangéran Anu Mahagagah jeung Maha Pinuji”. (TQS Ibrohim [14]: 1)
Islam geus hasil nyitak masyarakat anu saméméhna ummiy (teu bisa maca jeung nulis) jadi cendekiawan di sagala widang. Salian ngalahirkeun ulama ilmu-ilmu kaislaman, paradaban Islam ogé ngalahirkeun para ilmuwan dina widang kadokteran, fisika, farmasi, téhnik, matématika, kimia, militer, jeung sajabana.
Ngaran-ngaran élmuwan saperti Ibnu Khaldun dina élmu sosiologi, al-Khawarizmi dina matématika, az-Zahrawi dina élmu kadokteran, terus salawasna dicatet dina sajarah nepika ayeuna.
Naon konci kasuksésan sistem pendidikan Islam?
Kahiji, ngajadikeun akidah Islam/kaimanan jadi dadasar pendidikan. Satiap élmu anu diajarkeun ngajadikeun maranéhna beuki ningkat kaimanan jeung katakwaanana.
Kadua, ngabogaan tujuan anu jelas, nyaéta ngawangun kapribadian Islam (syakhsiyyah islaamiyyah). Lain pikeun ngahasilkeun para pagawé dina widang industri atawa jadi para pangusaha. Jaga maranéhna diarahkeun jadi pribadi anu nyangking rupa-rupa kacerdasan supaya mangpaat pikeun umat. Nabi shollallalohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
خَيْرُ النَّاسِ أَنْفَعُهُمْ لِلنَّاسِ
“Panghadé-hadéna manusa nyaéta anu pang gedé mangpaatna pikeun manusa séjén” (HR Ahmad).
Para pelajar diwangun pola pikir jeung pola sikepna supaya salawasna saluyu jeung Islam. Ku hal saperti kitu pangajaran Islam dibikeun ka maranéhna lain pikeun jadi apal cangkem atawa téori wungkul, tapi pikeun jadi pituduh kahirupan anu praktis/amaliyah.
Katilu, nalika aya palanggaran atawa pagawéan kriminal, nagara bakal nerapkeun hukum anu teges ka anu ngalakukeunana. Kaasup para rumaja. Maranéhna anu geus balég diperlakukeun sarua jeung anu déwasa. Anu can balég, tugas kolotna supaya ngadidik jeung méré naséhat.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Geus waktuna urang sadaya nyalamaletkeun para rumaja sarta pelajar tina krisis adab/akhlak. Maranéhna téh nyaéta harepan ieu umat dina mangsa kahareup. Pamuda poé ayeuna nyaéta pamingpin dina mangsa nu bakal datang. Ulah ngantep barudak ngora umat ieu tigebrus kana jero lombang leutak sékulérisme anu geus jelas nyata ngaruksak akhlak maranéhna.
Kanyahokeun ku sadayana, ngan Islam wungkul hiji-hijina solusi anu bakal bisa ngoméan akhlak para rumaja jeung pelajar. Kusabab kitu hayu urang jadikeun Islam jadi solusi anu sagemblengna pikeun ieu kahirupan. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

KHUTBAH JUM'AH

Ijazah Doa Hadratussyaikh KH. Hasyim Asy’ari untuk Kemajuan NU

Sebagai organisasi yang didirikan oleh para ulama, keberadaan Nahdlatul Ulama (NU) memiliki peran penting dalam menjaga tradisi Islam Ahluss...