Kamis, 29 Desember 2022

Khutbah Sunda " Hoax jeung Akhlaq"


**Khutbah ka 1 **
إِنّ الْحَمْدَ ِللهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَسَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ
اَللهُمّ صَلّ وَسَلّمْ عَلى مُحَمّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن.
يَاأَيّهَا الّذَيْنَ آمَنُوْا اتّقُوا اللهَ حَقّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنّ إِلاّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ
**Ma'asyirol mu'minin sidang jum'ah anu sami sami miharep karidoan Allah**
Saparantosna urang nyanggakeun syukur ka Robbun Ghofur, manjatkeun sadaya puja ka Allah Subhanahu Wata'ala lantaran kukudrot sarta irodat mantenna urang tiasa sasarengan deui ngalaksanakeun ibadah Jum'at dinten ieu , Kalih ti eta urang ngedalkeun kalimat tasyahud, sarta tahlil, minangka angkeuhan urang ka Alloh swt yen Mantenna Dzat anu hiji hijina tempat panyalindungan pikeun urang tina sagala perkara, mangka teuaya sanes anu pang pantesna didugikeun dina majelis ieu salian ti wasiat taqwa, sarta ngawasiatkeun ka urang sadaya yen poma urang ulah dugi kapiheulaan ku ajal kajaba urang aya dina kaayaan sumerah diri ka Allah taala.
**Ma'asyirol mu'minin sidang jum'ah anu sami sami miharep karidoan Allah**
Lamun ku urang dibandungan jaman kiwari urang teh aya dina jaman kabebasan informasi anu teu aya ugeranana, Ti isuk jedur nepi ka sore tomper teu weleh disuguhan ku iber atawa warta boh anu wujudna tulisan, sora, gambar malah nepi ka vidio, eta kabeh tepi ka diri urang alatan hiji alat komunikasi Handphon kabandungan oge ku kulawarga urang eces pisan tanpa tedeng aling aling sumebar gancang alah batan kilat ku itungan detik atawa menit. Hal ieu pisan anu nyababkeun masyarakat jadi pagaliwota kalawan diririweuh kuayana warta berita samodel kitu.
Masyarakat unggal waktu disuguhan berita tina Media sosial (Medsos) anu nyebarkeun warta tanpa juru titen atawa editor teu aya penanggung jawab redaksi, informasi tanpa bukti ngagolontor bari teuaya sensor akibat tina ngabudayana istilah copas (copy paste) atawa ngoper berita nu datang tibatur buru buru dikabaturkeun deui bari luput tina sikap tabayun urang, luput tina panalungtikan urang, naha berita teh bener atawa bohong, .naha bakal ngakibatkeun batur jadi rungsing teu diambil pusing.
Padahal pikeun jalma anu ngaku Iman ka Alloh oge ka poe akhir, urang sadaya teh tos kenging pang wawadi ti Allah swt sakumaha dawuhanana
يَاأَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا إِنْ جَاءَكُمْ فَاسِقٌ بِنَبَإٍ فَتَبَيَّنُوا أَنْ تُصِيبُوا قَوْمًا بِجَهَالَةٍ فَتُصْبِحُوا عَلَى مَا فَعَلْتُمْ نَادِمِينَ ( الحجرات 6)
Yeuh jalma jalma nu ariman upama datang kamaraneh jalma jalma pasek kalawan mawa beja, geura cukcruk heula, supaya maraneh henteu nyilakakeun hiji kaom kalawan kabodoan, tuluy maraneh jadi kaduhung alatan saniskara anu ku mareneh geus dilampahkeun.(QS; Al Hujarat 6)
**Ma'asyirol mu'minin sidang jum'ah anu sami sami miharep karidoan Allah**
Ari Fasek teh nyaeta hiji sifat anu sok moncor tina aturan.
Sacara pikiran jeung pangarti teh paham kana hukum syari'at boh nu wajib atawa nu haram kayaning terang kana kawajiban shalat, shaum sareng ibadah nusanesna , oge terang kana rupa rupa panyarek Allah tapi kusifat hayang moncor, ku nembongkeun nambalang (ngabantah) ka Allah kedul ngalaksanakeun ibadah sarta teu mirosea kana sajumlah panyarek Allah swt.
Ari sifat Pasek teh aya tingkatanana, ti ngawitan anu pang luhurna nyaeta anu jelas jelas ngabantah kana parentah Allah sacara terang terangan nepi ka nu pang hampangna anu ngan ukur remen migawe hal hal anu dilarang ku agama kayaning, teu malire kana waktu shalat, sering ngabohong, ghibah (ngomongkeun batur).
Lamun mah ka Allah remen ngabantah sok komo deui ukur omongan omongan anu bohong mah geus asa teu dosa deui, Padahal Rasulullah saw parantos ngelingan ka umatna anu ngaku cinta sarta bade mitutur ka galur kangjeng Rasul :
عَنْ بَهْزِ بْنِ حَكِيْمٍ عَن ْ أَبيِهِ عَنْ جَدِيهِ قَالَ : َسمِعْتُ النَّبيِّ : وَيْلُ لِلَّذِيْنَ يحُدِثُ باِلْحَدِيْثِ لِيُضْحِكَ بِهِ الْقَوْمُ فَيَكْذِبَ وَيْلٌ لَهُ وَيْلٌ لَهُ ( رواه الترمذي)
Katampi ti Bahz bin Hakim ti bapana ti eyangna Anjeuna sasauran : Parantos ngandika Rasulullah saw: “ bakal Cilaka sing saha anu cacarita , tapi ku jalan ngabohong lantaran dina raraga ngahibur sangkan ngadatangkeun pi kaseurieun Cilaka eta teh " ( HR Tirmidzi)
Kiwari meh teu karasa deui ku urang yen urang tanpa sadar geus ancrub kana kancah kabiasaan jalma loba anu ngarasa reueues lamun milu icikibung dina kabiasaan oper berita anu di sawang berita na aheng, bari jeung poho naha eusining warta teh bener atawa salah, hoax atawa lain naon euisina boa boa eusina fitnah atawa omongan jalma nu keur ngarandapan kuciwa jeung keur boga rasa ngewa ka hiji golongan terus di earkeun, disalabarkeun keur ngaliarkeun taleus ateul sangkan rame di dunia maya.
**Ma'asyirol mu'minin sidang jum'ah anu sami sami miharep karidoan Allah**
Lamun urang yakin yen bakal mulang ka Allah bakal mintonkeun hasil amal, atuh tetela wajib ati ati, kuduna awas, waspada ngaraksa awak, sabab awak anu digadekeun ka naraka, anu jadi tandonna.
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا عَلَيْكُمْ أَنْفُسَكُمْ لَا يَضُرُّكُمْ مَنْ ضَلَّ إِذَا اهْتَدَيْتُمْ إِلَى اللَّهِ مَرْجِعُكُمْ جَمِيعًا فَيُنَبِّئُكُمْ بِمَا كُنْتُمْ تَعْمَلُونَ ( المائدة 105)
Yeuh jalma jalma anu ariman ! Geura raksa diri maraneh ! Kasasran jalma anu salasar teh moal bisa nyilakakeun maraneh upama maraneh meunang pituduh. Nya ka Allah pang balikan maraneh sakabeh sarta bakal diwartikeun ka maraneh wawales kana saniskara anu ku maraneh geus dilampahkeun. (QS Al Maidah 105)
Ayat Ieu ngemutan ka urang pikeun tetep aya dina ugeran pituduh Allah swt. Lamun Urang rumasa aya dina ugeran atanapi beungkeutan anu simpayna ku tali Allah, tangtu moal nyoba nyoba neangan liang pikeun moncor. Ucap tekad lampah kudu aya dina jalan anu dipikaridho ku Mantenna.
Pangandika Rasulullah saw :
عن ابن مسعود رضي الله عنه قال, قال رسول الله صلى الله عليه وسلم , " عَلَيْكُمْ بِالصِّدْقِ فَإِنَّ الصِّدْقَ يَهْدِى اِلىَ الْبِرَّ, وَالْبِرَّ يَهْدِى اِلىَ الْجَنَّةِ, وَمَا يَزَالُ الرَّجُلُ يَصْدُقُ وَيَتَحَّرَىالصِّدْقَ حَتَّى يُكْتَبَ عِنْدَاللهِ صِدِّيْقًا. وَاِيَّاكُمْ وَالْكَذِبَ فَإِنَّ الْكَذِبَ يَهْدِى اِلىَ الْفُجُوْرِ فَإِنَّ الْفُجُوْرَ يَهْدِى اِلىَ النَّارِ وَمَا يَزَالُ الْعَبْدُ يَكْذِبُ وَيَتَحَرَّ ى الْكَذِبَ حَتَّى يُكْتَبَ عِنْدَ اللهِ كَذَّباً " ( رواه البخارى ومسلم)
Ka tampi ti Ibnu Mas'ud rd anjeuna sasuran yen Parantos ngandika Rasulullah saw. " Omat aranjeun kudu jujur lantaran satemena jujur teh bakal mawa kana kahadean, sarta kahadean bakal ngaping ka Sawarga. Teu petot petot hiji hamba kana kajujuranana sarta bener bener jujurna nepi ka Allah bakal netepkeun atawa nyatet jalma eta jalma anu jujur. Sarta poma sing ati ati kana kabohongan lantaran saestuna ngabohong bakal mawa kana kagorengan sarta kagorengan bakal nyered kana Naraka. Sarta teu petot petot hiji jalma ngalampahkeun kabohongan sarta bener bener aya dina kabohongan nepi ka Allah bakal nyatet eta jalma jadi tukang bohong (HR Bukhari &Muslim)
بارك الله لى ولكم فى القران العظيم ونفعنى وإياكم بما فيه من الايات والذكر الحكيم وتقبل منى ومنكم تلاوته إنه هو السميع العليم
**Khutbah ka 2**
الْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِي أَرْسَلَ رَسُولَهُ بِالْهُدَى وَدِينِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَى الدِّينِ كُلِّهِ وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُونَ أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَاحْدَهُ لاَ شَرِيْكَلَهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اما بعد اَللهُمّ صَلّ وَسَلّمْ عَلى مُحَمّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ لدّيْن.
**Ma'asyirol mu'minin sidang jum'ah anu sami sami miharep karidoan Allah **
Allah swt parantos ngadawuh
وَلَا تُطِعْ كُلَّ حَلَّافٍ مَهِينٍ (10) هَمَّازٍ مَشَّاءٍ بِنَمِيمٍ (11) مَنَّاعٍ لِلْخَيْرِ مُعْتَدٍ أَثِيمٍ ( القلم 10-11)
Jeung maraneh ulah nurut ka saban saban jalma tukang sumpah, tukang ngahina , Tukang nyawad anu kaditu kadieu tukang ngupat jeung ngumbar fitnah (QS Al Qalam 10-11)
Palawargi sidang jum'ah, ari akhlaq teh nyaeta hiji kabiasaan anu geus ngajadi watek sarta tabeat tina jiwa anu geus ngabiasa tanpa direncana sakumaha anu di ungkapkeun ku Ulama ahli ushul fiqih **Abdul Hamid Hakim** dina kitab Tahdzibul Akhlaq anjeuna sasauran
اَلُخُلُقُ هَيْئَةٌ رَاسِخَةٌ فيِ النَفْسِ تَصْدُرُ عَنْهَا الأَخْلاَقُ بِسُهُوْلَةٍ وَيُسْرٍ مِنْ غَيرْ ِحَاجَةٍ اِلىَ فِكْرٍ وَرَوِيَةٍ
Khuluq (Akhlaq) nyaeta hiji wujud anu kuat dina jiwa dimana akhlaq teh bakal nembongkeun kalayan gampil teu ngabutuhkeun pikiran jeung pertimbangan .( Abdul Hamid Hakim / Tahdzibul Ahlaq)
Kitu oge pendidikan akhlaq teh nyaeta pendidikan anu ngajadikeun diri sangkan ngabiasakeun dina perkara perkara nu dipika Ridho ku Allah swt
Mudah mudahan urang sadaya ditangtayungan ku Allah pikeun ngaraksa jiwa sangkan aya dina kaayaan anu teuweleh dipika cinta ku Allah swt
اَللَّهُمَّ اَرِنَاالْحَقَّ حَقًا وَارْزٌقْنَا تِبَاعَةً, اَللَّهُمَّ اَرِنَا الْبَطِلَ بَطِلاً وَارْزُقْنَا تِنَابَةً , اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ، وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ، إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدّعَوَاتِ.
رَبّنَا لاَتُؤَاخِذْ نَا إِنْ نَسِيْنَا أَوْ أَخْطَأْنَا رَبّنَا وَلاَ تَحْمِلْ عَلَيْنَا إِصْرًا كَمَا حَمَلْتَهُ عَلَى اّلذِيْنَ مِنْ قَبْلِنَا رَبّنَا وَلاَ تًحَمّلْنَا مَالاَ طَاقَةَ لَنَا بِهِ وَاعْفُ عَنّا وَاغْفِرْ لَنَا وَارْحَمْنَا أَنْتَ مَوْلاَنَا فَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِيْنَ.
رَبَنَا ءَاتِنَا فِي الدّنْيَا حَسَنَةً وَفِي اْلأَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النّارِ. والحمد لله رب العالمين.
وصلى الله على نبينا محمد وعلى أله وصحبه ومن تبعهم بإحسان إلى يوم الدين وآخر دعوانا أن الحمد لله رب العالمين
,

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

KHUTBAH JUM'AH

NASAB HABIB BA ALAWI SEPERTI MALAM LIKURAN

Para habaib sering mengungkapkan narasi bahwa, nasab para habib Ba Alawi sudah terang benderang bagaikan matahari di sianghari. Jika di sian...