Kamis, 29 Desember 2022

Khutbah Sunda "ULAH KATIPU KU RARASAAN"


الْحَمْدُالِلهِ الَّذِى اَخْرَجَنَامِنْ ظُلُمَ تِ الْجَهْلِ اِلَى نُوْرِالعِلْمِ وَاْلاِيْمَانِ وَاَشْكُرُهُ شُكْرًاجَزِيْلاًفِى طُوْلِ اْلزَمَانِ،اَشْهَدُاْنْ لاَاِلَه اِلاَّاللهُ وَاَشْهَدٌاَنَّ مُحَمّدًارَسُوْلُ اللهِ شَهَادَةًتُوْقِنُ قُلُوْبَنَابِتَصْدِيْقِ مَااَخْبَرَنَامِنَ اللهِ الْعَزِيْزِالرَّحْمَنِ وَتُنْجِيْنَامِنَ اْلاَهْوَالِ وَاْلاَغْيَارِوَاْلاَشْبَاهِ فِكُلِّ اْلاَحْيَانِ،وَصَلَّى اللهُ عَلَ سَيِّدِنَامُحَمَّدٍالصَّادِقِ اْلمَصْدُوْقِ ذِالْقُدْوَةِالتَّامَّةِلِجَمِيْعِ اْلاِنْسِ وَالْجَانِ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ الَّذِيْنَ يُجَاهِدٌوْنَ فِيْ سَبِيْلِ الْخَيْرَاتِ لِيَنَالُوْاالْفَضْلَ وَالتَّقَ وَالْعِرْافَانَ.فَيَاعِبَادَاللهِ اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ حَقَّ تَقْوَاهُ فِي جَمِيْعِ اَوْقَاتِ وَاْلاَزْمَانِ. اَعُوْذُبِاللهِ مِنَ الشَيْطَانِ الرَّجِيْمِ
حَتَّىٰ إِذَا جَاءَ أَحَدَهُمُ الْمَوْتُ قَالَ رَبِّ ارْجِعُون ِلَعَلِّي أَعْمَلُ صَالِحًا فِيمَا تَرَكْتُ ۚكَلَّا ۚإِنَّهَا كَلِمَةٌ هُوَ قَائِلُهَا ۖوَمِنْ وَرَائِهِمْ بَرْزَخٌ إِلَىٰ يَوْمِ يُبْعَثُون
Hadirin sidang jum'ah Rahimakumullah!
Dina hiji waktos Nabiyyullah Isa as. Jalan jalan disarengan ku tilu jalmi, nu kahiji pamuda, nu kadua tengah tuwuh sareng nu katilu mah parantos sepuh, lajeng lebet ka hiji guha anu poek mongkleng buta rata anu teu katingal nanaon, di lebet guha Nabi Isa naros kanu tiluan, naha aranjeun nyaho naon anu ditincak ku aranjeun ? jalmi nu tiluan ngawaler "rupina mah batu koral” saur Nabi Isa "saha bae anu mawa ieu batu, rek loba atawa saeutik pasti bakal hanjakal", atuh tiluanana pada ngaharuleng, teras pamuda mah nyandak batu hiji tanpa hanjakal teuing, anu tengah tuwuh mah nyakuan sapinuhna saku, sedengkeun anu sepuh mah minuhan saku kampretna sareng saku calana komprangna nepika merekis. barang dugi kaluar teras ditingali sihoreng batu anu ditincak sareng anu dicandak teh inten berlian, cek sepuh teh hanjakal henteu mawa loba, lamun apal kieu mah meureun baju teh dibuka dipake ngagembol batu saloba-lobana, kantenan pamuda mah ngan nyandak batu hiji-hijina mani hanjakal kabina bina, mun kongang mah hayang ceurik lolongseran, hayang balik deui ngarawu batu saloba-lobana.
Hadirin sidang jum'ah Rahimakumullah!
ieu teh mangrupa tamtsil kana kaimanan jeung kataqwaan manusa di alam dunya. Ari manusa anu ibadah ka Allah Ta'ala aya anu ibadahna asal asalan, asal puraga tamba ka denda, cukup ibadah anu wajibna wungkul asal ulah jadi dosa, supaya henteu jadi tatagihan di alam baka, mun diibaratkeun mah jiga pamuda anu tadi, aya deui anu ibadah lamun waktu salse sok rajeun midamel pasunatan, lamun keur riweuh mah cukup wajibna wungkul, mun diibaratkeun mah jiga jalmi anu tengah tuwuh, aya deui anu ibadahna rajin ngimeutan pasunatan, dhuha, tahajud jeung pasunatan anu sejenna tara kaliwat, jiga aki aki anu merekis sakuna. leu tiluanana lamun tos nepi ka akherat sadayana bakal hanjakal, hanjakal di dunya henteu soson soson ibadah kapangeran, Hanjakal umur anu sesa henteu bener bener dipake taqwa ngabdikeun diri ka Allah Ta'ala, padahal : Ari dunya teh tempat pepelakan, tempat amal amalan pikeun sampeureun di akhir zaman.ADDUNYA MAZROATUL AAKHIROH
Malihan Allah ngadawuhkeun :
حَتَّىٰ إِذَا جَاءَ أَحَدَهُمُ الْمَوْتُ قَالَ رَبِّ ارْجِعُون ِلَعَلِّي أَعْمَلُ صَالِحًا فِيمَا تَرَكْتُ ۚكَلَّا ۚإِنَّهَا كَلِمَةٌ هُوَ قَائِلُهَا ۖوَمِنْ وَرَائِهِمْ بَرْزَخٌ إِلَىٰ يَوْمِ يُبْعَثُونَ
Sahingga datang ajal ka manehna, manehna nyarita "Gusti uihkeun deui abdi ka alam Dunya supaya abdi tiasa ibadah ngabdikeun diri ka gusti, supaya abdi tiasa midamel kasaean anu henteu pernah dilakonan" Lain kitu, Etamah ngan sakadar basa basi anu moal bukti, jeung disatukangeun maranehna aya alam barzah nepika maranehna dihudangkeun deui. (QS AL MU'MINUN 99-100)
Hadirin sidang Jum'ah anu mulya
Sangkan henteu janten jalmi anu hanjakal di alam baka, Rosululloh masihan resepna, sakumaha pidawuhna
اِغْتَنِمْ خَمْسًا قَبْلَ خَمْسٍ : شَبَابَكَ قَبْلَ هَرَمِكَ وَ صِحَّتَكَ قَبْلَ سَقَمِكَ وَ غِنَاكَ قَبْلَ فَقْرِكَ وَ فَرَاغَكَ قَبْلَ شُغْلِكَ وَ حَيَاتَكَ قَبْلَ مَوْتِكَ
Kudu mumpang mempeung aranjeun dina lima perkara samemeh datang lima perkara
1. Gunakeun waktu ngora samemeh datang waktu kolot
2. Gunakeun waktu sehat samemeh datang waktu gearing
3. gunakeun waktu beunghar samemeh datang fakir
4. Gunakaeun waktu salse samemeh datang waktu riweuh
5. Gunakeun waktu hirup samemeh maot.
Mudah mudahan aya guna sareng manfaatna Khusus ka diri khotib pribadi, umumna ka sidang jum’ah sadayana.
بَارَكَ الله لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. أَقُوْلُ قَوْلِيْ هذا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ مِنْ كُلِّ ذَنْبٍ، فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
Sakumaha biasa nyuhunkeun di koreksi bilih aya lepat nulis reng sajabina.... Al faqir

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

KHUTBAH JUM'AH

NASAB HABIB BA ALAWI SEPERTI MALAM LIKURAN

Para habaib sering mengungkapkan narasi bahwa, nasab para habib Ba Alawi sudah terang benderang bagaikan matahari di sianghari. Jika di sian...