Jumat, 03 Juni 2022

PENDIDIKAN NGARUPAKEUN IBADAH


اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِى اَلَّفَ بِالْإِسْلَامِ بَيْنَ قُلُوْبِ الْمُؤْمِنِيْنَ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ هَدَى مَنْ شَاءَ اِلَى صِرَاطِ الْمُسْتَقِيْمِ وَ اَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَ رَسُوْلُهُ خَيْرُ دَاعٍ اَلَى طَرِيْقِ الْقَوِيْمِ . اَللَّهُمَّ صَلِّ وَ شَلِّمْ عَلَى سَيِّدَنَا مُحَمَّدٍ وَ عَلَى ءَالِهِ وَ صَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ اَمَّا بَعْدُ فَيَا اَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ اِتَّقُوْا اللهَ حَقّ تُقَاتِهِ وَ لَا تَمُوْتُنّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ . اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : وَ مَا خَلَقْتُ الْجِنَّ وَ الْإِنْسَ اِلَّا لِيَعْبُدُوْنِ
“ Jeung Kami henteu ngayugakeun jin jeung manusa, anging supaya maranehna aribadah ka Kami “. { QS. Adz-Dzariyat, ayat 56 }.
Hadirin Ahli Jum'ah, Rahimakumullah !.
Gusti Allah swt ngadawuh dina Al-Qur'an Surat Al-Mujadalah ayat 11 :
يَرْفَعِ اللهُ الَّذِيْنَ ءَامنوْا مِنْكُمْ وَ الَّذِيْنَ اُوْتُوْا الْعِلْمَ دَرَجَاتٍ قلى وَ اللهُ بِمَا تَعْمَلُوْنَ خَبِيْرٌ
“ Tanwande Allah bakal ngangkat sababaraha darajat jalma-jalma anu ariman jeung anu dipaparin elmu ti antara aranjeun, jeung Allah Maha Uninga kana saniskara anu ku aranjeun dilampahkeun “.
Ayat ieu ngajelaskeun harkat darajat manusa didadasarkeun kana dua hal, nyaeta iman ka Allah sareng pinter dina elmu, boh elmu agama atawa elmu pengetahuan umum.
Naon margina, margi jalma iman teu pinter bisa dibobodo batur. Sabalikna jalmi pinter teu iman bisa ngabobodo batur. Hirupna bakal hayang bener sorangan, hayang pinter sorangan, hayang kawasa sorangan. Malah sanes bae bakal ngamadaratkeun ka batur tapi obe bisa nyilakakeun ka dirina sorangan.
Dina agama Islam, boh elmu pengetahuan agama oge elmu pengetahuan umum teu tiasa dibedakan atawa dipisahkeun, sami-sami elmu Allah anu kedah dipilari dipelajari. Hubungan ibadah sareng elmu pengetahuan umum kacida raketna. Contona, manusa teu tiasa nangtukeun kulon wetan dilautan mun teu terang kana elmu falak atawa elmu bentang. Nyakitu deui dina bab awal puasa, nangtukeun tanggal hiji puasa kedah ngangge elmu falak.
Hadirin Rahimakumullah !.
Tujuan pendidikan nyoko kana dua tujuan hirup manusa, nyaeta kahiji, sacara vertikal manusa kudu tiasa ibadah ka Allah, Dzat anu nyiptakeun manusa, dumasar kana ayat Al-Qur'an surat Adzdzariyat ayat 56 :
وَ مَا خَلَقْتُ الْجِنَّ وَ الْإِنْسَ اِلَّا لِيَعْبُدُوْنِ
“ Jeung Kami henteu ngayugakeun jin jeung manusa, anging supaya maranehna aribadah ka Kami “.
Kadua, tujuan pendidikan sacara horizontal, nyaeta manusa kudu mampu hirup di alam dunya ieu bari tiasa naklukeun sareng ngamakmurkeun ieu alam. Pidawuh Anu Maha Suci dina QS Hud ayat 61 :
هُوَ اَنْشَأَ كُمْ مِنَ الْأَرْضِ وَ اسْتَعْمَرَ كُمْ فِيْهَا فَاسْتَغْفِرُوْهُ ثُمَّ تُوْبُوْا اِلّيْهِ قلى اِنَّ رَبِّيْ قَرِيْبٌ مُجِيْبٌ
“ Nya Anjeunna anu ngayugakeun aranjeun tina ieu bumi jeung ngama`mur bumi ku aranjeun, ku kituna geura menta pangampura ka Anjeunna tuluy geura tarobat ka Anjeunna, karana saestuna Pangeran Kaula anu kacida deukeutna jeung anu ngaijabah “.
Upami hasil pendidikan tacan tiasa ngahasilkeun manusa anu bakti ka Allah maka pendidikan tiasa dianggap gagal. Nya kitu deui upami hasil pendidikan tacan tiasa ngahasilkeun manusa anu terampil, mampu hirup mandiri, maka pendidikan tiasa dianggap gagal. Margina nyaeta tujuan pendidikan teh kedah mencetak manusa cerdas sareng takwa ka Allah SWT, manusa piter sareng terampil.
Hadririn, Rahimakumullah !
Dina kanyataan, tujuan hirup manusa kadangkala teu tiasa kahontal sampurna saratus persen, nyakitu deui dina hal pendidikan, seueur pisan gogoda, halangan sareng hambatan, diantawisna ayana kamajuan dina bidang elektronik canggih sapertos televisi sareng Hand Phone ( HP ), kadangkala aya hal-hal anu teu sapagodos sareng tujuan pendidikan anu sae, tegesna teu ngadidik kana akhlakul karimah. Buktosna sakola diayakeun di desa di kota, tapi tetep bae seueur karuksakan moral barudak rumaja sareng maksiat ngawabah hese dicegahna. Sanes sakola sareng salah pendidikan, sanes lepat kamajuan tehnologi, tapi anu urang teu tiasa nyaring, ngawilah-wilah mana anu sae mana anu awon. Televisi tiasa jadi media dakwah, oge tiasa jadi media maksiat.
Pendidikan teh ibadah ngadidik manusa sarta nyitak manusa pinter, bener sareng jujur, sahingga hasilna teu jadi manusa pinter sorangan , tapi oge tiasa masihan manfaat ka sadaya manusa. Pendidkan ngadidik jadi manusa anu mandiri, percaya diri, tiasa milari rejeki, nafakah anu halal, berguna pikeun agama, nusa jeung bangsa
اَللَّهُمَّ اجْعَلْنَا وَ اَوْلَادَنَا مِنْ اَهْلِ الْعِلْمِ وَ الْخَيْرِ وَ لَا تَجْعَلَنَا وَ اِيَّاهُمْ مِنْ اَهْلِ الْجَهْلِ وَ الضَّيْرِ اِنَّكَ عَلَى كُلِّ شَيْئٍ قَدِيْرٌ
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
KHUTBAH KA II
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ هَدَانَا لِهَذَا وَ مَا كُنَّا لِنَهْتَدِيَ لَوْ لَا اَنْ هَدَانَا اللهُ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَ اَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَ رَسُوْلُهُ اَلَّذِى لَا نَبِيَّ بَعْدَهُ . اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَ سَلِّمْ عَلَى سَيّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى ءَالِهِ وَاَصْحَابِهِ وَالتَّابِعِيْنَ وَ تَابِعِ التَّابِعِيْنَ اِلَى يَوْمِ الْقِيَامَةِ . اَمَّا بَعْدُ اَ يُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوْا اللهَ فِيْمَا اَمَرَ وَ ا نْتَهُوْا عَمَّا نَهَى عَنْهُ وَ زَجَرَ . اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَ اْلأَمْوَاتِ اَللَّهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا الْغَلَاءَ وَ الْبَلَاءَ وَ الْوَبَاءَ وَالْفَحْشَاءَ وَالْمُنْكَرَ وَالسُّيُوْفَ الْمُخْتَلِفَةَ وَالشَّدَائِدَ وَالْمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَ مَا بَطَنَ مِنْ بَلَادِنَا هَاذَا خَاصَّةً وَ مِنْ بُلْدَانِ الْمُسْلِمِيْنَ عَامَّةً اِنَّكَ عَلَى كُلِّ شَيْئٍ قَدِيْرٌ . اَللَّهُمَّ ارْزُقْنَا الْفَهْمَ وَ ارْزُقْنَا الْعِلْمَ وَ الْحِكْمَةَ وَ الْعَقْلَ رَبَّنَا ءَاتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَّ فِى الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَّ قِنَا عَذَابَ النَارِ وَ اَدْخِلْنَا الْجَنَّةَ مَعَ الْأَبْرَارِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

KHUTBAH JUM'AH

NASAB HABIB BA ALAWI SEPERTI MALAM LIKURAN

Para habaib sering mengungkapkan narasi bahwa, nasab para habib Ba Alawi sudah terang benderang bagaikan matahari di sianghari. Jika di sian...