Minggu, 26 Juni 2022

Definisi Salikin

 RIYADLOH MALAM KAMIS 17-02-2016

Saalik = jalma nu hatena hayang ngadeuheus ka Alloh dimana ngucapkeun kalimah لاإله ألا الله nekadkeun yen “teu aya Pangeran anging Alloh” Pangeran nu bisa dipuntangan, Pangeran nu kawasa, nu nyiptakeun alam dunya, nu nyiptakeun diri ieu awak sakujur, nepika karasa ku jiwana yen dirina teh tapak padamelan Alloh, tapak Qudrot Alloh, teu aya nu bisa jeung kawasa kana nyiptakeun diri kuring anging Alloh, maka hatena ikrar “abdi aya ayeuna didieu keur kieu wungkul tapak damel Alloh”, karasa diri teu bisa leupas tina Qodlo jeung Qodar Alloh, kuring mah wujud semu, ayana sementara, nu wujud hakeki mah wungkul Alloh, pok ikrar deui: “لا موجود إلاالله”.
Letah ngucapkeun “لاإله إلاالله” hatena nyanghareup ka Alloh, dumeuheus ka Mantena, nyanggakeun pangabakti, yen teu aya nu hak di ibadahan anging Alloh “لا معبود إلاالله”, maka dina waktu nu ieu hatena ikrar: “Dina damel Alloh nu ieu abdi ibadah ka Alloh”
Anteng hatena mayun ka Alloh bari mapay takdir nu keur karandapan, pangna ayeuna dzikir mayun ka Alloh sabab teu aya nu hak di ta’ati parentah jeung laranganana anging Alloh, pagawean nu keur dipigawe ieu di sejakeun ka Alloh, yen dipigawe kalakuan ieu teh seja tumut kana parentahna “لامطلوب إلا الله” , hatena ikrar: “Abdi migawe ieu pagawean pedah parentah Alloh” 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

KHUTBAH JUM'AH

NASAB HABIB BA ALAWI SEPERTI MALAM LIKURAN

Para habaib sering mengungkapkan narasi bahwa, nasab para habib Ba Alawi sudah terang benderang bagaikan matahari di sianghari. Jika di sian...