بِسْمِ اللَّهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْم
Setiap manusia pasti gaduh cita-cita hirup bahagia, bahagia
dunia bahagia akherat sakumaha gambaran Allah Surah Al-Baqarah ayat 201:
وَمِنْهُمْ مَّنْ يَّقُوْلُ رَبَّنَآ اٰتِنَا
فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَّفِى الْاٰخِرَةِ حَسَنَةً وَّقِنَا عَذَابَ النَّارِ
Tapi
dina kanyataannana nasib bagian jalma beda-beda aya anu bisa ngaraih anu di
pikahareup aya anu henteu bisa hasil naon anu di cita-cita dina kenyataannana
ukuran kebahagiaan teh kumaha sikap hate maka kunci utama ngaraih bahagia
terletak dina penataan hate aya 5 ciri atanapi sikap hate jalma anu bisa
manggihkeun kebahagiaan
٠١ غنى القلب
Nyaeta jalma anu memiliki rasa kaya dina hate sakumaha pidauh
rasul katampi ti abu hurairah.
ليس الغنى عن كفرة العرب ولكن الغنى غنى
النفس
Kabengharan teh lain ku loba harta tapi beunghar teh ku beunghar
hate.
٢.
ذكر الذنوب الماضيه
Hate
selalu ingeut kana dosa anu tiheula sehingga jadi pangerem pikeun ngalakonan
dosa anu kadua kalina sabab setiap ngalakonan dosa matak nimbulkeun karesahan
hate.
٣.
نسيان عمال خير على
الغير
Hate
selalu poho kana amal hate anu sok di bikeun ka batur nepika teu peduli kumaha
sikap batur ka diri
٤.
النظر فى مسئلة الاخيرة الى من فوقه
Hate
sok melong ningali dina masalah akherat ka jalma anu saluhureun dina amal
akheratna
٠٥ النظر فى مسئلة الدنيا على من اسفل منه
Paningal
hate dina masalah duniawi ka jalma anu sahandapeun dina dunyana sahingga
muncul rasa syukur.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar